Kaulinan budak
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Jaman baheula samemeh urang Jepang nimukeun kaulinan komputer samacam sega atawa nintendo barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manehna sabada diajar atawa mantuan kolotna.
Beda jeung kaulina elektronis nu sipat nyorangan (soliter; B. Indonesia atawa solitaire; English/French), rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipilaku ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikan, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Ieu meureun aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna (artina masarakatna nu bakal kahareup) leuwih gede rasa soranganna (ego-na) jeung turun rasa barengna (sosial-na).
Dua sifat ieu aya goreng aya alusna, teu bisa dibedakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu independen, kompetitip, ngulik tapi teu egois alias boga 'rasa sosial' nu lemes.
Hiji deui ciren kaulan barudak lembur baheula teh, biasana mah tara leupas ti kakawihan sanajan kawih na ngan sukur kawih pondok tur leuwih deukeut ka hariring tibatan ngawih (tingali artikel kakawihan). Contona kawih kaulinan pelak cau, nu pancen "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula make kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.
[édit] Rupa-rupa Kaulinan Budak
[édit] Bekelen/Beklen/Bekles[1]
kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk hiji-hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, geus ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui. bagean ka batur mah lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana.
Minangka ujianana, istilahna "naspél". Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk nepi ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak-tangkarakkeun terus dirawu kabeh, geus kitu ditangkub2keun dirawu deui. geus kabeh karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka luhur bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun. Lamun dina dampal leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui. engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna. henteu mimiti ti 1. jadi langsung. kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 kumaha nu kasanggap tea. mun keur naspel lasut, nya kudu balikan deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum kuwuk tea).
[édit] Boy-boyan
Boy-boy-an teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur. Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.
[édit] Congklak[2]
Geus aya lombang2na 7 ngajajar dihareupeun lombang 7 ge aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna, lombang eta dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa bareto mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik. lombang dieusian masing2 7 siki.. ari lombang gede minangka lombang rajanamah ghenteu dieusian, dipaenkeun ku 2 urang teu bisa leuwih.. sanggeus kabeh lombang leutik dieusian, tuluy salahsahiji nu maen nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka beakna siki.. giliran ieu nu lombang gede (tabungan manehna, nu beulah kencaeun nu maen) ge dieusian sasiki, lasutna teh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "nembak", siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maen eta... nya geus kitu mah bagilir bagean pamaen lawanna da lasut tea..
[édit] Dingdingkiripik
[édit] Endog-endogan
Kaulinan budak anu make leungeun. Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu….”goleang goleang bapasatar buleneng” bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.
[édit] Galah
Kaulinan budak diantarana aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh. Saterusna tuluy gantian.
[édit] Galah asin
[édit] Galah samber
[édit] Gatrik
[édit] Hulahup
[édit] Kalima-lima Gobang
[édit] Luncat tali/maen tali/Sapintrong[3]
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.
[édit] Maen Karet
Kaulinan budak anu make karet gelang. Biasana diulinkeun minimal ku 2 urang. Carana ngan perlu karet 2 siki. Karet eta dialungkeun ku leungeun biasana posisina ngalungkeunana sajajar tihandap kaluhur sangkan karetna bisa papisah tapi teu jauh teuing. Terus salah sahiji karetna dialungkeun deui make jempol kana karet hijina deui. Mun geus nimpah biasana sok aya bolong ditengah terus we ku cingir tengahna kudu "titika" hartina meunang.
[édit] Ngadu Kaleci
Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan. Dibutuhkeun kaleci (pincian) jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu sejena jang mayar mun eleh.
Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraen pincian teh di pakarangan imah nu lega. Dina area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar. Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar...er..paling henteu 4 meter.
Cara maenkeunana kieu; 1. Pemain narangtung di garis nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep). Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut (gangsut?). 2. Pemaen nu kalecina lagragna pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana jarak ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan bisi kaleci urang rek diarah ku batur.
(aya sambunganana)
[édit] Oorayan
[édit] Paciwit-ciwit Lutung
[édit] Perepet Jengkol
Kaulinan budak lalaki bari dikawihkeun, nu maenna 3-5 urang, gerakanana engkle bari muter, biasana dipaenkeunna di buruan imah atawa di sakolaan. Ieu kaulinan bisa jadi lomba mun dipaenkeun ku sababaraha kelompok. Tiap-tiap kelompok kudu mertahankeun ulah nepi ka leupas si kakaitan suku teh. Nu meunang nyaeta nu bisa nahan/ lila teu leupas-leupas.
Maenna, tiap-tiap budak milih kelompokna, tuluy patukang-tukang bari pacekel-cekel leungeun, salajengna suku kenca atawa suku katuhu eta budak dikaitkeun kana leungeun nu keur pacekel-cekel tea, disusul deui ku suku budak nu sejen, budak nu pamungkasngaitkeun suku kudu bari ngonci suku-suku nu sejen, meh teu gancang leupas. Sanggeus dikonci, tuluy leungeun barudak nu pacekel-cekel dileupaskeun. satuluyna engkle bari muter, salian ti muter bari emprak jeung ngawih. Ngawihna kieu: "Perepet jengkol jajahean,kadempet kohkol jejeretean". Mun diantara budak, sukuna aya nu leupas, nya lasut, sedengkeun nu masih kuat mah nya dituluykeun. Mun kabeneran aya keneh sababaha kelompok nu kuat, kelompok-kelompok eta patubruk-tubruk; sing saha nu teu bisa nahan tuluy labuh, eta nu eleh.
Kieu kawihna: Perepet Jengkol Laras: Salendro, Surupan 1 = Barang
2 1 5 1 2 1 5 1 1 2 1 5 1 2 2 1 5 1 1 pe re pet jeng kol ja ja he an ka dem pet koh kol je je re te an
5-na 5 nu titikna dihandap.. (ES, 2000: 510)
[édit] Pelak Cau[4]
Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang imah. Ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu meureun asal ngaran kaulinan teh runtuyan budak diibaratkeun rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun pelak cau tea.
Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto tuluy nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi balad 'patani' tea, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna nu masih keneh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun cau tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu mangjam-jam.
[édit] Rerebonan
[édit] Sasalimpetan
[édit] Sondah
Dipaenkeun ku sababaraha urang 2-10 urang ge kaci. biasana dina taneuh diguratan heula, rek ku kapur atawa ku naon wae asal aya tapak guratna. Tempat sondahna naha rek gambar imah, atawa jelema, lamun gambar jelema, minangkana sukuna teh aya sababaraha petak wangunna pasagi, 3 atawa 5 kotak. Tuluy anderok atawa calana mun anderok samodel trapesium dibagi dua, mun calana samodel pasagi panjang sarua dibagi dua, minangka awakna paragi engkle deui, wangunna pasagi. tuluy sirah mangrupa buleud minangka istirahat.
Aya nu disebut "kojo" biasana tina potongan kenteng. Milih kojo kudu nu hampang tapi tambleg, kentengna ulah nu kandel teuing. Jadi mun dialungkeun kana kotak-kotak paragi sondah tea, teu kaluar tina garis. Mun kaluar tina garis, nya lasut. Cara maenna, ngalungkeun heula "kojo", mimiti mah kana kotak nu kahiji, mun kotak nu aya kojoan ulah ditincak, kudu diajlengan. budak engkle-engklean (kaci ku suku kenca atawa suku katuhu) dina suku gambar. Dina lebah anderok/calana kaci istirahat. tuluy na bagean awak gambar engkle deui, nepi ka sirah gambar istirahat. tuluy balik deui engkle ti sirah ka awak, tuluy ka anderok/calana gambar, tuluy engkle deui, pas lebah aya kojo tea nu tadi dialungkeun, dibawa heula kojona, tuluy engkle deui. mun geus beres, kojona dialungkeun deui kana kotak nu kadua, tuluy we kitu
puncakna si kojo dialungkeun kana sirah gambar. Mun kojo keur dina sirah, sirah gambar teu meunang dijejek, sabab aya kojoan. Mun kojo geus dina sirah, tuluy balik deui kana awak, jeung tuluy deui ka handap. Nepi ka suku gambar nu panghandapna.
[édit] Sapintrong
Kaulinan budak anu maenna minimal 3 urang. Anu 2 urang pahareup-hareup nyepengan karet anu geus meunang diuntun/dintuy panjang. Terus anu hiji urang deui aya di tengah nungguan karet diputer kunu 2 urang tadi. Sabada karetna diputer ti handap terus kaluhur kudu siap ngaloncat teterusan. Mun karetna katinjek berarti eleh diganti ku salah sahiji anu nyepengan.
[édit] Sasamunian[5]
Kaulinan ieu (petak umpet; Bahasa Indonesia) kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa pingsut.
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon (daerah- Bahasa Indonesia; area-English) nyaeta wates2 panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna mun manehna kapanggih pangpandeurina.
[édit] Serok
[édit] Sorodot gaplok
[édit] Tokle
[édit] Ucing jibeh
[édit] Ucing Kaleng
[édit] Ucing sumput
Ieu mah ampir sarua jeung sasamunian
[édit] Ucing-ucingan
Ucing-ucingan teh salah sahiji kaulinan budak. biasana dipaenkeun ku leuwih ti 2 urang. paraturananan dimimitian ku undian/hompimpah pikeun nangtukaeun saha ucingna. budak anu kabagen jadi ucing kudu ngudag babaturanana sangkan beunang katoel/katepak. aya dua paraturan nyaeta mun geus beunang katoel ku ucing, otomatis jadi ucing jeung budak nu jadi ucing samemehna bisa bebas tina tugs jadi ucing. paraturan sejenna, mun pareng beunang katepak ku ucing, nu katepak eta otomatis jadi babaturan ucing, jeung nu ucing memehna tetap jadi ucing tepi ka kabeh anu miluan ucing-ucingan bisa katewak. mun geus katewak, biasana balikan deui tina hompimpah.