Wikipedia
suwiki
https://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
MediaWiki 1.47.0-wmf.18
first-letter
Média
Husus
Obrolan
Pamaké
Obrolan pamaké
Wikipedia
Obrolan Wikipedia
Gambar
Obrolan gambar
MédiaWiki
Obrolan MédiaWiki
Citakan
Obrolan citakan
Pitulung
Obrolan pitulung
Kategori
Obrolan kategori
Portal
Obrolan portal
TimedText
TimedText talk
Modul
Pembicaraan Modul
Acara
Pembicaraan Acara
Masjid Agung Cianjur
0
33027
712479
671388
2026-09-02T12:13:18Z
InternetArchiveBot
25926
Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5
712479
wikitext
text/x-wiki
[[Gambar:Masjid_agung_cianjur.jpg|thumb|400 px|Masjid Agung Cianjur kiwari]]
'''Masjid Agung Cianjur''' nyaéta [[masjid jami]] di Kabupatén [[Cianjur]] anu perenahna di Jl Siti Jenab 14,Pamoyanan,Cianjur Kode POS 43211.<ref name="YP">Yellow Pages.Masjid Agung Cianjur [internet]. diakses 10 Agustus 2011. bisa ditingali di: http://www.yellowpages.co.id/masjid-agung-cianjur/masjid/62433#main{{Dead link|date=April 2023 |bot=InternetArchiveBot |fix-attempted=yes }}</ref> Ieu masjid téh kaasup salah sahiji masjid pangkolotna jeung panggedéna di [[Jawa Kulon]].
==Sajarah==
[[File:COLLECTIE TROPENMUSEUM Alun-alun Tjiandjoer TMnr 60016719.jpg|thumb|500px|Alun-alun hareupeun Masjid Agung Cianjur taun [[1920-an]].]]
'''Masjid Agung Cianjur''' mimiti diwangung taun 1810 ku warga pangeusi Cianjur anu teu kungsi kacatet ngarana. Pangwangunan Masjid Agung Cianjur ditaratas ku Radén Bodédar binti Kangjeng Dalem Sabirudin, Bupati Cianjur nu kaopat kalawan nyangking gelar [[Radén Adipati Wiratanu Datar IV]] (Régent 1727-1761). Anjeunna ngawakafkeun taneuh di puseur dayeuh Cianjur pikeun ngadegkeun Masjid Agung Cianjur jeung [[alun-alun]] hareupeun masjid agung.<ref name="3c">Cianjur Cyber City . ''Masjid Agung Cianjur'' [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20110529062420/http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html |date=2011-05-29 }}</ref>
Mimitina mah ukuran Masjid Agung Cianjur téh leutik pisan, tuluy kira-kira taun 1820, mimiti diropéa jeung dilegaan, nu antukna ukuranana jadi 20x20 m² atawa 400 m². Éta pagawéan ngaropéa jeung ngalegaan Masjid Agung Cianjur téh dilakukeun ku panghulu gedé, Radén Muhammad Hoesin Bin Syékh Abdullah Rifai panghulu agung mimiti (I), R. Mojanagara binti Dalem Sabirudin. anjeunna nyaéta incu [[Dalem Sabirudin]]. Ana pon Syékh Abdullah Rifai, bapana Muhammad Hoessein teureuh [[Arab]] jeung [[Banten]] ti katurunan [[Bayu Suryaningratr]].<ref name="3c" />
Nepika kiwari, Masjid Agung Cianjur kungsi ngalaman 7 kali diropéa jeung dilegaan, anu awalna ngan 400 m² kiwari mah legana 2.500 m² <ref name="cianjurkab">Pemda Cianjur. ''Masjid Agung Cianjur'' [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: http://cianjurkab.go.id/Content_Nomor_Menu_50_6.html {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20110913211422/http://www.cianjurkab.go.id/Content_Nomor_Menu_50_6.html |date=2011-09-13 }}</ref>. Pangropéa total anu méakkeun waragad Rp 7,5 M kalawan bébas pajak<ref name="pajak">Dunia Pajak.com.diakses 10 Agustus 2011. bisa ditingali di: http://duniapajak.com/peraturan-pajak/pembebasan-ppn-untuk-proyek-pembangunan-masjid-agung-cianjur {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20250814052219/https://www.duniapajak.com/peraturan-pajak/pembebasan-ppn-untuk-proyek-pembangunan-masjid-agung-cianjur |date=2025-08-14 }}</ref> Dimimitian tanggal 2 Agustus 1993 nepika tanggal 1 Januari 1998, nyaéta dina mangsa bupati Cianjur [[Drs. H. Eddi Soekardi]]. Dituluykeun dina mangsa Bupati Cianjur, [[Drs. H. Harkat Handiamihardja]] jeung Bupati Cianjur, [[Ir. H. Wasidi Swastomo, MSi.]]<ref name="3c" />
[[Desain]] jeung ''stylasina''madukeun gaya jeung ciri has masjid ''témpo dulu'' kalawan gaya [[arsitéktur]] modérn anu bisa nampung kira-kira 4.000 urang jamaah.<ref name="cianjurkab"/>
Masjid Agung Cianjur anu ngadeg dina taneuh wakaf R. Siti Bodédar téh, kiwari mangrupa masjid tingkat kabupatén pangpunjulna sa-[[Jjawa Kulon]] boh dina ngokolakeunana boh dina kaagrénganana. Ogé kacatet yén réa pajabat jeung [[mentri]] nu kungsi nyimpang jeung [[sholat]] di ieu masjid téh, di antarana anu kungsi jadi [[khatib]] [[sholat Jum’at]] saméméh bulan [[Ramadhan]] di Masjid Agung Cianjur téh nyaéta [[Menegpora]] (Menteri Negara Pemuda dan Olahraga) Adyaksa Dault.<ref name="Pelita">Harian Umum Pelita dina Cianjur Cyber City. ''Mesjid Agung Cianjur''[[internet]]. Diaksés 8 Austus 2011. Bisa ditingali di: http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20110529062420/http://www.cianjurcybercity.com/2010/08/03/masjid-agung-cianjur.html |date=2011-05-29 }}</ref>
==Bituna Gunung Gedé==
[[Gambar:Masjid agung cianjur(1879).JPG|thumb|ruruntuk Masjid Agung Cianjur sabada katarajang ku kajadian bituna [[Gunung Gede]]]]
Nalika [[Gunung Gedé]] bitu taun 1879, Masjid Agung Cianjur ogé katarajang ku éta musibat, nu ngajadikeun wangunanna ancur. Dina éta kajadian téh aya saurang [[ulama]] anu tilar dunya nyaéta RH Idris Bin RH Muhyi (bapana KRH Muhammad Nuh, saurang ulama gedé Cianjur), anu harita dumuk di Kampung Kaum Kidul.<ref name="3c" />
Taun 1880, ieu masjid téh diwangun deui ku RH. Soelaeman, harita anjeunna minangka Panghulu Agung jeung RH. Ma’mun bin RH. Hoessein anu leuwih kawentar ku nénéh Juragan Guru Waas, anu dibantuan ku masarakat Cianjur.
Masjid Agung tuluy ngalaman parobahan wangun jeung wanguananna dilegaan deui nepi ka legana téh 1.032 m2. Taun 1912, nalika masjid umurna 32 taun, diropéa jeung dilegaan deui di antarana ku RH Moch Said Panghulu Agung Cianjur, Isa al-Cholid salah saurang guru thorékat, RH Tolhah Bin RH Ein al-Cholid jeung H Akiya Bin Darham, penduduk Cianjur katurunan [[Kudus]].
Anu kaopatkalina dina taun 1950(?) ieu masjid diropéa deui jeung dilegaan diluyukeun kana suasana alam merdéka anu méakkeun waragad Rp 500.000 (lima ratus rébu rupia). Éta waragad téh meunang tina bantuan Kementrian Agama RI anu gedéna Rp 8.000. Sésana mangrupa swadaya masarakat jeung kas hasil taneuh wakaf.
Ayana masjid agung harita, sok sanajan sababaraha kali ngalaman pangropéa sapanjang taun 1950 nepika taun 1974, wangun arsitékturna méh tetep sarua, nyaéta wangun [[suhunan]] pasagi. Di tengah bagian luhur suhunanna aya [[menara]] gedé tunggal atawa [[kubah]] anu dilapisan ku séng beusi dipulas bodas. Di luhur kubah aya lambang [[bulan sabit]].
==Kawentar ku Adzanna==
[[Gambar:Masjid agung cianjur 1982.png|thumb|300 px|Masjid Agung Cianjur 1982]]
Baheula, Masjid Agung Cianjur kawentar ku sora [[adzan]]na anu pohara halimpu di luhur menara anu digalindengkeun, di antarana ku [[muadzin]] R. Muslihat (suwargi) saurang [[merebot]] minangka muadzin maneuh Masjid Agung Cianjur, warga Jalan Bojongméron, Warujajar, jeung RH. Duduh (suwargi) Bagian Keuangan KUA Kabupatén Cianjur, warga Jalan [[Oto Iskandardinata]] I Bojonghérang, Buniwangi.
Sanajan harita can aya adzan wanda [[Surabaya]] atawa [[Yogyakarta]], komo deui [[Mekah]] di Masjid Agung Cianjur, geuning éta galindengna sora adzan ti muadzin nu mimiti téh nepika kiwari can aya nu bisa nandingan. Nepika aya urang Banten anu hayang mireng muadzin Masjid Agung Cianjur. Lamun manéhna rék ka [[Bandung]], teu weléh nyempetkeun pikeun milu sholat berjamaah di Masjid Agung Cianjur sabari hayang mireng sora adzan R. Muslihat.<ref name="Pelita" />
Harita nu kungsi jadi Imam di Masjid Agung di antarana KRH. Ma’sum, KRH Alamah Abdullah Bin Nuh, KRH Abdullah, KH Sholeh all Madani, KRH. Syafei Affandi ti Kaum nu kawentar ku sora murotal na, Al-ustadz RH Sabirudin, KRH Hidayat, RA Soleh. Ana pon méré botna, Pa Ita, Pa Owi, Pa Yusuf, Pa Husen. Dituluykeun ku Pa Jamhur, Pa Obe, RD Muhyidin, jeung Mas Yono Sugyanto.
==Aktifitas==
Masjid Agung Cianjur réa pisan aktifitas kaagamaanana, ieu hal téh iwal ti pikeun nanjeurkeun syiar [[Islam]] di wewengkon anu pangeusina mayoritas ngagem Islam.<ref name="radar2">Radar Sukabumi dina Cianjur Cyber City. ''Mesjid Agung Cianjur'' [internét]. Diaksés 8 Agustus 2011</ref>
Jauh tina mangsa kamerdékaan [[RI]] kira-kira taun 1947 di ieu masjid téh diayakeun pangajian umum rutinan unggal [[ahad]] isuk kalawan ku [[mubaligh]] jeung juru ceramah tunggal.<ref name="radar2" />
Kiwari rutin diayakeun pangajian [[imaroh]] di Masjid Agung Cianjur ti mimiti kuliah subuh, pangajian umum poé ahad jeung rebo kalawan mubaligh bagilir, pangajian pikeun barudak unggal peuting ba’da [[magrib]] ku paugas husus, pangajian husus [[rumaja]], pangajian poé jumaah saméméh jeung sabada [[sholat jum’at]] jeung pangajian kitab [[Ihya]] pikeun para kyai jeung umum unggal salasa isuk-isuk ku sesepuh KHR Abdul Kodir Rozi atawa u Ust Koko.<ref name="radar2" />
Unggal bulan suci [[Ramadhan]], di Masjid Agung Cianjur kagiatan kaagamaan téh beuki réa di antarana, kagaitan [[sholat tarawéh]], [[tadarus Al-Qur’an]], Kultum (Kuliah tujuh menit), unggal sabada [[sholat fardu]] lima waktu, kuliah subuh. Aya ogé pangjian ibu-ibu jeung bapa-bapa saminggu sakali rutin, sanlat ([[pasantrén]] kilat), anu dilaksanakeun ku [[Ikatan Remaja Masjid Agung Cianjur]]. Iwal ti éta, nyuguhkeun [[ta’jil]] ka jalma-jalma anu keur nyaba nalika mangsa buka puasa, jrrd.<ref name="radar">Radar Sukabumi. ‘’Mesjid Agung Cianjur’’ [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di http://radarsukabumi.com/?p=11329{{Dead link|date=April 2023 |bot=InternetArchiveBot |fix-attempted=yes }}</ref>
===Nu kungsi ngeusi ceramah saméméh mangsa kamerdékaan===
KH Syatibi Gentur Warungkondang, KHR Muhammad Nuh Kaum Kidul Cianjur, KRH Isa Al-Kholidi Gedong Asem Cianjur guru Thoreqat, KHR Marjuki Bojongherang, akina KHR Abdul Halim Ketua MUI Cianjur kiwari, KH Musthofa (Mama Kandang Sapi [[Karangtengah, Cianjur|Karangtengah]]) KHR Turo Sindanglaka Karangtengah.<ref name="radar2" />
===Ulama-ulama Cianjur sabada mangsa kamerdékaan===
KH Mustofa Maleber Karangtengah, KHR Sudja’i Ciharashas [[Cilaku, Cianjur|Cilaku]] KH Abdul Qodir Gentur [[Warungkondang, Cianjur|Warungkondang]] K Mualmi Z Irigasi [[Cibeber, Cianjur|Cibeber]] Ketua MUI Cianjur saméméh jeung sabada [[orde baru]], KH Zein Abdul Somad (Mama Gelar), KRH Soleh A Pasaréan Cianjur jrrd. .<ref name="radar2" />
==Tingali Oge==
* Perenahna Masjid Agung Cianjur : http://wikimapia.org/1585360/Masjid-Agung-Cianjur
==Réferénsi==
{{reflist}}
==Tumbu Luar==
*http://www.inilahjabar.com/read/detail/1761706/masjid-agung-cianjur-tak-pernah-sepi-jemaah{{Dead link|date=October 2023 |bot=InternetArchiveBot |fix-attempted=yes }}
*Penyedia karpet masjid di cianjur : https://jualkarpetmasjid.co.id/jual-karpet-masjid-cianjur/
{{pondok}}
[[Kategori:Arsitéktur]]
[[Kategori:Masjid di Jawa Kulon]]
qwkrm6zqtw71ud887ad5rwiqxpk7txh
William Chittick
0
73023
712482
706411
2026-09-02T20:28:44Z
InternetArchiveBot
25926
Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5
712482
wikitext
text/x-wiki
{{Infobox person
| name = William C. Chittick
| image =
| image_size =
| caption = William C. Chittick
| birth_date = 1943
| birth_place = [[Milford, Connecticut]]
| death_date =
| nationality =
| religion =
| alma_mater =
| occupation = Professor<br />Panulis
| spouse =
| parents =
| children =
| awards =
}}
'''William C. Chittick''' (lahir taun 1943) nyaéta hiji filuf, panulis, panarjamah jeung juru filsafat Islam klasik jeung kajian teks-teks mistisisme. Manéhna paling dipikawanoh pikeun karyana dina [[Rumi]] jeung [[Ibn 'Arabi]], nu geus ditulis sacara éksténsif dina sakola Ibn 'Arabi, filsafat Islam, jeung kosmologi Islam.
== Biografi ==
Lahir di [[Milford, Connecticut|Milford]], [[Connecticut]], Chittick ngaréngsékeun gelar BA na di [[College of Wooster]] di Ohio, sarta tuluy indit asup pikeun ngaréngsékeun gelar PhD-na di bidang sastra [[Basa Pérsia]] di [[Universitas Teheran]] dina pengawasan Seyyed [[Hossein Nasr]] di taun 1974. Manéhna diajar [[perbandingan agamen]] di Universitas Téhnis Aryamehr di Teheran, terus ninggalkeun [[Iran]] saméméh [[Revolusi Iran]]. Chittick ayeuna mangrupa Professor di bidang kajian Asia jeung Asia-Amerika di Universitas Stony Brook.<ref>[http://www.stonybrook.edu/commcms/asianamerican/facultystaff/WilliamChittick.html Stony brook edu]</ref><ref>[http://www.worldwisdom.com/public/authors/William-Chittick.aspx World wisdom]</ref><ref>[http://www.ibnarabisociety.org/articles/anthropology-of-compassion.html Ibnarabi society.org]</ref><ref>[https://www.wildriverreview.com/columns/the-mystic-pen/dr-william-chittick-remembers/ Wildriver review by Katherine Schimmel] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20180703075945/https://www.wildriverreview.com/columns/the-mystic-pen/dr-william-chittick-remembers/ |date=2018-07-03 }}</ref><ref>[https://www.huffingtonpost.com/author/william-c-chittick-phd Huffingron post]</ref><ref>(Basa Pérsia) [http://www.anjoman-erfan.com/Content/Detail/139/ Anjoman Erfan] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210627233024/http://www.anjoman-erfan.com/Content/Detail/139/ |date=2021-06-27 }}</ref><ref>[http://islam.uga.edu/ibnarab.html Islam Uga.edu] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20180304162611/http://islam.uga.edu/ibnarab.html |date=2018-03-04 }}</ref><ref>[http://www.payvand.com/news/08/jun/1111.html Iran news] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200207171854/http://www.payvand.com/news/08/jun/1111.html |date=2020-02-07 }}</ref><ref>[https://books.google.pl/books?id=-k5wf8JTM-cC&pg=PR11&lpg=PR11&dq=William+C.+Chittick+1943&source=bl&ots=7eWN11IvI_&sig=xS148bdTovQqRYRCmZdE1PX6IvA&hl=pl&sa=X&ei=ttY8Vc3dCYP2UoOcgdgG&ved=0CDUQ6AEwAw#v=onepage&q=William%20C.%20Chittick%201943&f=false ''In Search of the Lost Heart: Explorations in Islamic Thought'', William C. Chittick]</ref>
== Karya utama ==
=== Buku-buku ===
* ''The Sufi Doctrine of Rumi: An Introduction'' (Tehran: Aryamehr University Press, 1974). <small>Édisi anyar, ''The Sufi Doctrine of Rumi'', rilis taun 2005.</small>
* ''The Sufi Path of Love: The Spiritual Teachings of Rumi'' (Albany: State University of New York Press, 1983). <small>Bukuna tas ditarjamahkeun ka [[Basa Rusia]] (1995), [[Basa Indonésia]] (2000), [[Basa Pérsia]] (2004, 2005) jeung Basa Bosnia (2005).</small>
* ''The Sufi Path of Knowledge: Ibn al-'Arabi's Metaphysics of Imagination'' (Albany: State University of New York Press, 1989). <small>Sabagian bukuna tas ditarjamahkeun ka [[Basa Indonésia]] (2001) jeung ditarjamahkeun lengkap ka [[Basa Pérsia]] (2010).</small>
* ''Imaginal Worlds: Ibn al-'Arabi and the Problem of Religious Diversity'' (Albany: State University of New York Press, 1994). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ke [[Basa Turki]] (1999), [[Basa Indonésia]] (2001), [[Basa Spanyol]] (2004) jeung [[Basa Pérsia]] (2004, 2005, 2007).</small>
* With Sachiko Murata, ''The Vision of Islam'' (New York: Paragon, 1994). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Pérsia]] (1999), [[Basa Turki]] (2000), [[Basa Indonésia]] (2005), Albania (2008), Urdu (2008) jeung [[Basa Rusia]] (2014).</small>
* ''Varolmann Boyutlari (The Dimensions of Existence)'' Koleksi tina tujuh belas éséi nu diédit jeung ditarjamahkeun ku Turan Koç (Istanbul: Insan Yayınları, 1997).
* ''The Self-Disclosure of God: Principles of Ibn al-'Arabi's Cosmology'' (Albany: State University of New York Press, 1998).
* ''Sufism: A Short Introduction'' (Oxford: Oneworld, 2000). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Indonésia]] (2002), [[Basa Turki|Turkish]] (2003), [[Basa Pérsia|Persian]] (2004, 2007), Albanian (2007), [[Basa Italia]] (2009) jeung [[Basa Rusia]] (2012).</small>
* ''The Heart of Islamic Philosophy:The Quest for Self-Knowledge in the Teachings of Afdal al-Din Kashani'' (Oxford: Oxford University Press, 2001). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Pérsia]] (2011).</small>
* ''Ibn 'Arabi: Heir to the Prophets'' (Oxford: Oneworld, 2005). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Jérman]] (2012), Albania (2012), [[Basa Turki]] (2014), [[Basa Pérsia|Persian]] (2014) and [[Basa Arab|Arabic]] (2015).</small>
* ''The Sufi Doctrine of Rumi: Illustrated Edition'' (Bloomington, IN: World Wisdom, 2005). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Spanyol]] (2008) and Albanian (2009).</small>
* ''Science of the Cosmos, Science of the Soul: The Pertinence of Islamic Cosmology in the Modern World'' (Oxford: Oneworld, 2007). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Pérsia|Persian]] (2009), [[Basa Indonésia]] (2010), [[Basa Turki]] (2010) jeung Albania (2011).</small>
* With Sachiko Murata and Tu Weiming, ''The Sage Learning of Liu Zhi: Islamic Thought in Confucian Terms'' (Cambridge, MA: Harvard University Asia Centre, 2009).
* ''In Search of the Lost Heart: Explorations in Islamic Thought.'' An anthology of Chittick's writings (from 1975 to 2012) diédit ku Mohammed Rustom, Atif Khalil, jeung Kazuyo Murata (Albany: State University of New York Press, 2012). Buku ieu tas ditarjamahkeun ka Basa Pérsia. (2017)<ref>http://www.nashrefalat.com/auther/show/45 {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210624201845/http://www.nashrefalat.com/auther/show/45 |date=2021-06-24 }}</ref>
* ''Divine Love: Islamic Literature and the Path to God'' (New Haven: Yale University Press, 2013). <small>Buku ieu tas ditarjamahkeun ka [[Basa Pérsia]] (2016).</small>
=== Artikel-artikel ===
* "Il sufismo operativo in Rumi" (translated into Italian by Elémire Zolla), ''Conoscenza religiosa'', Vol. 3 (1975), pp. 272–288
* "[https://www.academia.edu/7379421/A_Shadhili_Presence_in_Shi_ite_Islam A Shadhili Presence in Shi'ite Islam]?", ''Sophia Perennis'', Vol. 1, No. 1 (1975), pp. 97–100
* "[https://www.academia.edu/7334609/Ibn_Arabi_s_Own_Summary_of_the_Fusus_The_Imprints_of_the_Bezels_of_Wisdom Ibn `Arabi's own Summary of the Fusûs: 'The Imprint of the Bezels of Wisdom]'", ''Sophia Perennis'', Vol. 1 No. 2 (1975), pp. 88–128
* ""Matâli`-i îmân" by Sadr al-Dîn Qûnawî [d. 1273], edition of the Persian text", ''Sophia Perennis'', Vol. 4, No. 1 (1978), pp. 57–80
* "[https://www.academia.edu/7334673/The_Last_Will_and_Testament_of_Ibn_Arabi_s_Foremost_Disciple_and_Some_Notes_on_its_Author The Last Will and Testament of Ibn ‘Arabi’s Foremost Disciple and Some Notes on its Author]", ''Sophia Perennis'', Vol. 4, No. 1 (1978), pp. 43–58
* "[https://www.academia.edu/7334677/The_Perfect_Man_as_the_Prototype_of_the_Self_in_the_Sufism_of_Jami The Perfect Man as the Prototype of the Self in the Sufism of Jāmī] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210628195514/https://www.academia.edu/7334677/The_Perfect_Man_as_the_Prototype_of_the_Self_in_the_Sufism_of_Jami |date=2021-06-28 }}", ''Studia Islamica'', No. 49 (1979), pp. 135–157
* ""Lama'at (Divine Flashes [of Fakhruddin 'Iraqi]), Selections Translated" (with P.L. Wilson)", ''Gnosis'', Vol. 7-8 (1979), pp. 23-46
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/hadith_commentary.html Commentary on a Hadith by Sadr al-Din Qunawi]", ''Alserat'', Vol. 4, No. 1, (1980), pp. 23-30. Translated by Grazia Marchianò, "Un commento esoterico di Sadr Al-Din Qunawi." ''Conoscenza religiosa'', 1983/1, pp. 10–17
* "[https://www.academia.edu/7334654/Sultan_Burhan_al-Din_s_Sufi_Correspondence Sultan Burhan al-Din's Sufi Correspondence]", ''Wiener Zeitschrift für die Kunde des Morgenlandes'', Vol. 73 (1981), pp. 33–45
* "[https://www.academia.edu/7330241/Sadr_al-Din_Qunawi_on_the_Oneness_of_Being Sadr al-Dīn Qūnawī on the Oneness of Being]", ''International Philosophical Quarterly'' 21 (2):171-184 (1981)
* "[https://www.academia.edu/7330237/Mysticism_Verses_Philosophy_in_Earlier_Islamic_History_The_al-Tusi_al-Qunawi_Correspondence Mysticism versus Philosophy in Earlier Islamic History: The Al-Ṭūsī, Al-Qūnawī Correspondence]", ''Religious Studies'', Vol. 17, No. 1 (Mar., 1981), pp. 87–104
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/jamiwine.html Jami on Divine Love and the image of wine]", ''Studies in Mystical Literature'', Vol. 1, No. 3 (1981), pp. 193–209
* "[https://www.academia.edu/7334594/The_Five_Divine_Presences_from_al-Qunawi_to_al-Qaysari The Five Divine Presences: From al-Qunawi to al-Qaysari]", ''Muslim World'', 72 (1982), pp. 107–28. Turkish translation by Turan Koç, "Bes Ilahî Hazret: el-Konevî'den el-Kayserî'ye," Uluslararasi Davud el-Kayserî Sempozyumu. Ankara: Kayserî Büyüksehir Belediyese Kültür Müdürlügü, 1998, pp. 347–63
* "[https://www.academia.edu/7404920/The_Words_of_the_All-Merciful%7CThe Words of the All-Merciful]", ''Parabola'', Vol. 8, No. 3 (1983), pp. 18–25
* "[https://www.academia.edu/7334661/The_Chapter_Headings_of_the_Fusus The chapter headings of the Fusus]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 2, 1984, pp. 41–94
* "[https://www.academia.edu/7404926/Beatific_Vision_and_Poetic_Imagery_in_Baha_Walad Beatific Vision and Poetic Imagery in Bahâ' Walad]", ''Studies in Mystical Literature'', Vol. 5, No. 2 (1985), pp. 21–32; also ''Sufi'', Vol. 7 (1990), pp. 5–9
* "Islam and the Loss of Equilibrium", ''Journal of Dharma'', Vol. 10, No. 1 (1985), pp. 42–59; also ''Islamic Quarterly'', Vol. 20 (1986), pp. 165–178
* "[[iarchive:RumisViewOfImamHusaynLibre|Rumi's View of Imam Husayn]]", ''Alserat'', Vol. 12, No. 1-2 (1986), pp. 3–12. Translated into Persian by Hasan Lâhûtî as "Imâm Husayn dar Nagâh-i Mawlawî", ''Mîrâth-i Jâwîdân'', Vol. 17 (1376/1997), pp. 92–95; also in ''Gulistân'', Vol. 2, No. 3 (1377/1998), pp. 107–18
* "[https://www.academia.edu/7404933/Belief_and_Transformation_The_Sufi_Teachings_of_Ibn_al-_Arabi Belief and Transformation: The Sufi Teachings of Ibn al-`Arabî]", The American Théosophist, Vol. 74, No. 5 (1986), pp. 181–192
* "[https://www.academia.edu/7404930/_God_Surrounds_all_Things_An_Islamic_Perspective_on_the_Environment 'God Surrounds all Things': An Islamic Perspective on the Environment]", ''The World and I'', Vol. 1, No. 6 (June 1986), pp. 671–678
* ""[https://www.academia.edu/7382987/Rumi_s_View_of_Death Rumi's View of Death]" ''Alserat'', Vol. 13, No. 2 (1987), pp. 30–51
* "[https://www.academia.edu/7404939/From_the_Meccan_Openings_The_Myth_of_the_Origin_of_Religion_and_the_Law From the Meccan Openings: The Myth of the Origin of Religion and the Law]", The World and I, Vol. 3, No. 1 (January 1988), pp. 655–665
* "[[iarchive:DeathAndTheWorldOfImaginationIbnAlArabisEschatologyByChittick|Death and the World of Imagination - Ibn al-Arabi's Eschatology]]", ''The Muslim World'', 78 (1988), pp. 51–82. Turkish translation by T. Koç. Yeldi Iklim 2, May 1992, pp. 41–46. Italian translation by Walter Librale, “La morte et il ‘mundo immaginale’: l’escatologia akbariana”, ''Perennia Verba'', Vol. 4 (2000), pp. 59–106
* "[https://www.academia.edu/7404950/The_World_of_Imagination_and_Poetic_Imagery_According_to_Ibn_al-_Arabi The World of Imagination and Poetic Imagery According to Ibn al-`Arabî]", ''Temenos'', Vol. 10 (1989), pp. 99–119
* "The Love Song of Ayatollah Khomeini" (with P. Clawson)", ''The New Republic'' (Sept. 4, 1989), p. 35
* ""Khwâja Khurd's Treatise on the Gnostic", ''Sufi'', Vol. 5 (1990), pp. 11–12. Persian as "Risâla-yi 'ârif-i Khwâja Khurd", ''Sûfî'', Vol. 4 (1368 [1989]), pp. 22–25
* "[https://www.academia.edu/7383091/The_Theological_Roots_of_War_and_Peace_According_to_Islam The Theological Roots of War and Peace in Islam]", ''Islamic Quarterly'', Vol. 34 (1990), pp. 145–163
* "[https://themathesontrust.org/library/islamic-human-perfection The Islamic Concept of Human Perfection]" ''The World and I'', Vol. 6, No. 2 (February 1991), pp. 498–513
* "Ebn al-`Arabi as Lover", ''Sufi'', Vol. 9 (1991), pp. 6–9. Persian translation by S. Hamza'î, ''Sûfî'', Vol. 13 (1370/1991), pp. 12–17.
* "[https://www.academia.edu/7383002/The_Bodily_Positions_of_the_Ritual_Prayer The Bodily Positions of the Ritual Prayer]", ''Sufi'', Vol. 12 (1991-92), pp. 16–18. French translation by E. de Longrée as "Les gestes de la priére en Islam", ''Initiations'', Vol. 7 (1991-92), pp. 15–19
* "[https://www.academia.edu/7383101/The_Way_of_the_Sufi The Way of the Sufi]", ''Sufi'', Vol. 14 (1992), pp. 5–10
* "[https://www.academia.edu/7334640/Notes_on_Ibn_al-_Arabi_s_Influence_in_the_Subcontinent Notes on Ibn al-'Arabî's Influence in India]", ''Muslim World'', Vol. 82 (1992), pp. 218–41
* "Khwâja Khurd wa risâla-yi Nûr-i wahdat-i way", ''Iran Nameh'', Vol. 11, No. 1 (1993), pp. 101–20
* "[https://www.academia.edu/7340861/The_Spiritual_Path_of_Love_in_Ibn_Arabi_and_Rumi The Spiritual Path of Love in Ibn al-'Arabi and Rumi]", ''Mystics Quarterly'', Vol. 19, No. 1 (March 1993), pp. 4–16
* "Meetings with Imaginal Men", ''Sufi'', Vol. 19 (1993), pp. 8–13.
* "[https://www.academia.edu/7405083/Ahmad_Sam_ani_on_Divine_Mercy Ahmad Sam`ânî on Divine Mercy]", ''Sufi'', Vol. 27 (1995), pp. 5–11
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/divinerootsoflove.html The Divine Roots of Human Love]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Volume 17, 1995
* "[https://www.academia.edu/7396026/The_Muhammadan_Inheritance The Muhammadan Inheritance]", ''Horizons Maghrébins'', Vol. 30 (Hiver 1995), pp. 55–61; reprinted in ''Iqbal Review'', Vol. 38, 1997, pp. 141–50
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/presence.html Presence with God]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 20, 1996, pp. 15–32
* "[http://www.irfi.org/articles2/articles_3851_3900/can%20the%20islamic%20intellectual%20heritage%20be%20recoveredhtml.htm Can the Islamic Intellectual Heritage be Recovered]?", ''Iqbal Review'', Vol. 40, No. 3 (1998), pp. 11–25
* "[https://www.academia.edu/7334681/The_Pertinence_of_Islamic_Cosmology_Reflections_on_the_Philosophy_of_Afdal_al-Din_Kashani The Pertinence of Islamic Cosmology: Reflections on the Philosophy of Afdal al-Din Kashani]", ''Journal of Religious Thought'' (Andîsha-yi dînî, Shiraz University), Vol. 1 (1999), pp. 3–20
* "Words to the Wise", ''Sufi'', Vol. 42 (1999), pp. 41–43
* "[https://www.academia.edu/7371359/Time_Space_and_the_Objectivity_of_Ethical_Norms_in_the_Teachings_of_Ibn_al-_Arabi Time, Space, and the Objectivity of Ethical Norms: The Teachings of Ibn al-'Arabī]", ''Islamic Studies'', Vol. 39, No. 4, Special Issue: Islam and Science (Winter 2000), pp. 581–596
* "[https://www.academia.edu/7382893/On_the_Teleology_of_Perception On the Teleology of Perception]", ''Transcendent Philosophy'', Vol. 1 (2000), pp. 1–18
* "[https://themathesontrust.org/library/goal-of-islamic-philosophy The Goal of Islamic Philosophy: Reflections on the Works of Afdal al-Din Kashani]", ''Sacred Web'', Vol. 5 (2000), pp. 17–29
* "[https://www.academia.edu/7334669/The_Disclosure_of_the_Intervening_Image_Ibn_Arabi_on_Death The Disclosure of the Intervening Image: Ibn 'Arabî on Death]", ''Discourse'', Vol. 24, No. 1, Mortals to Déath (Winter 2002), pp. 51–62
* "[https://www.academia.edu/7330247/The_Pluralistic_Vision_of_Persian_Sufi_Poetry The Pluralistic Vision of Persian Sufi Poetry]", ''Islam and Christian-Muslim Relations'', Vol. 14, No. 4 (October 2003), pp. 423–428
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/centralpoint.html The central point : Qunawi's role in the school of Ibn 'Arabi]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 35, 2004, pp. 25–45
* "[https://www.academia.edu/7405137/Slumber_Seizes_Him_Not Slumber Seizes Him Not - The remedy for forgetfulness]", ''Parabola'', Vol. 30, No. 1, 2005 : 32
* "[https://www.academia.edu/7405139/Spirit_Body_and_In-Between Spirit, body and in-between - ambiguity and the intermediate realm]", ''Parabola'', Vol. 30, No. 3, 2005 : 6
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/wisdom-of-animals.html The wisdom of animals]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 46, 2009, pp. 27–37
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/anthropology-of-compassion.html The anthropology of compassion]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 48, 2010, pp. 1–17
* "[http://www.ibnarabisociety.org/articles/religion-of-love-revisited.html The religion of love revisited]", ''Journal of the Muhyiddin Ibn 'Arabi Society'', Vol. 54, 2013, pp. 37–59
* "[https://www.academia.edu/7405369/Love_in_Islamic_Thought Love in Islamic Thought]", ''Religion Compass'', Vol. 8, No. 7 (2014), pp. 229–38
=== Jilid nu tas diédit ===
* With Seyyed Hossein Nasr (vols. 1-3) jeung Peter Zirnis (vols. 2-3), ''An Annotated Bibliography of Islamic Science'' (Tehran: Imperial Iranian Academy of Philosophy, 1975–78, vols. 1-2; Tehran: Cultural Studies and Reséarch Institute, 1991, vol. 3).
* 'Abd al-Rahmân Jâmî, ''Naqd al-nusûs fi sharh naqsh al-fusûs'', Teks Persia jeung Arab dina apparatus kritis, catetan, Padawuhan dina basa Inggris jeung Persia, indexes (Tehran: Imperial Iranian Academy of Philosophy, 1977).
* ''The Works of Seyyed Hossein Nasr Through His Fortieth Birthday.'' Èditan jeung padawuhan (Uppsala: University of Utah Press, 1977).
* ''The Inner Journey: Views from the Islamic Tradition.'' Èditan jeung padawuhan (Sandpoint, ID: White Thréad Press, 2007).
* ''The Essential Seyyed Hossein Nasr.'' Èditan jeung padawuhan (Bloomington, IN: World Wisdom, 2007).
=== Tarjamahan ===
* Muhammad Husayn Tabataba'i, ''A Shi'ite Anthology'' (Albany: State University of New York Press, 1981).
* Javad Nurbakhsh, ''Sufism [I] : Meaning, Knowledge, and Unity'' (New York: Khaniqahi-Nimatullahi, 1981).
* Fakhr al-Din 'Iraqi, ''Divine Flashes.'' Translated with P.L. Wilson (New York: Paulist Press, 1982).
* Javad Nurbakhsh, ''Sufism [II]: Fear and Hope, Contraction and Expansion, Gathering and Dispersion, Intoxication and Sobriety, Annihilation and Subsistence'' (New York: Khaniqahi-Nimatullahi, 1982).
* [[Ali bin Abi Tolib|Ali ibn Abi Talib]], ''Supplications (Du'â)'', (London: Muhammadi Trust, 1982).
* Zayn al-'Abidin, ''The Psalms of Islam.'' Translated and introduced (London: Muhammadi Trust, 1988). Reprinted as ''The Psalms of Islam: English Version'' (UK: al-Mahdi Institute, and Marsta, Sweden: Me'raj Educational Publishers, 2007).
* Javad Nurbakhsh, ''Sufism IV: Repentance, Abstinence, Renunciation, Wariness, Humility, Humbleness, Sincerity, Steadfastness, Courtesy'' (London: Khaniqahi-Nimatullahi, 1988).
* William Chittick (editor), ''Faith and Practice of Islam: Three Thirteenth Century Sufi Texts'' (Albany: State University of New York Press, 1992).
* 'Abd al-Rahman Jami, ''Gleams.'' Translated in Sachiko Murata, ''Chinese Gleams of Sufi Light: Wang Tai-yu's Great Learning of the Pure and Real and Liu Chih's Displaying the Concealment of the Real Realm'' (Albany: State University of New York Press, 2000).
* Mulla Sadra, ''The Elixir of the Gnostics.'' Translated, Edited, and Introduced (Provo: Brigham Young University Press, 2003).
* Shams al-Din Tabrizi, ''Me and Rumi: The Autobiography of Shams-i Tabrizi.'' Annotated and Translated (Louisville, KY: Fons Vitae, 2004).<ref>{{Cite news|url=http://www.thehindu.com/opinion/the-book-in-my-hand/article8145529.ece|title=The book in my hand|date=2016-01-24|work=The Hindu|newspaper=The Hindu|language=en-IN|issn=0971-751X|access-date=2016-04-01}}</ref>
* Ibn 'Arabi, select translations from ''The Meccan Revelations.'' Translated in Michel Chodkiewicz (ed.), ''The Meccan Revelations'' (New York: Pir Press, 2004).
* Sadr al-Din al-Qunawi, ''The Texts.'' Translated in Seyyed Hossein Nasr and Mehdi Aminrazavi (eds.), ''An Anthology of Philosophy in Persia,'' vol. 4 (London: I.B. Tauris in association with The Institute of Ismaili Studies, 2012). Note: The translation of this text in this volume is slightly abridged. For the complete translation, see https://www.academia.edu/8101330/Sadr_al-Din_Qunawi_The_Texts_al-Nusus_
* Aqa Muhammad Rida Qumsha'i, [https://www.academia.edu/18066172/Aqa_Muhammad_Rida_Qumshai_Two_Arabic_Treatises ''On the Oneness of Existence, or Rather, the Existent'' and ''Addendum to the Ringstone on Seth from 'The Ringstones of Wisdom': On the Topics of Friendship.''] Translated in Seyyed Hossein Nasr and Mehdi Aminrazavi (eds.), ''An Anthology of Philosophy in Persia,'' vol. 5 (London: I.B. Tauris in association with The Institute of Ismaili Studies, 2015).
* [https://www.academia.edu/7542492/Rashid_al-Din_Maybudi_The_Unveiling_of_the_Mysteries_and_the_Provision_of_the_Pious_Kashf_al-asrar_wa_uddat_al-abrar_ Rashid al-Din Maybudi, select translations from ''The Unveiling of the Mysteries and the Provision of the Pious''] (Louisville: Fons Vitae, 2015). Also available online at [http://www.altafsir.com/Books/kashf.pdf Altafsir.com].
== Tempo ogé ==
* [[Sufism]]e
* [[Rumi]]
* [[Sufi studies|Kajian Sufisme]]
* [[Allameh Tabatabaei]]
* [[Hossein Nasr]]
== Sumber ==
{{reflist}}
* [https://sunysb.academia.edu/WilliamCChittick Sakabéh artikel Chittick, kitu ogé sajumlah tarjamahan jeung wawancara jeung manéhna (nu bisa diundeur haratis)]
* [http://meti.byu.edu/mysticism_chittick.html "Mistik dina Islam" - kuliah nu dikirimkeun di Pusat Kajian International, Universitas Brigham Young, Méi 2003] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20080518081802/http://meti.byu.edu/mysticism_chittick.html |date=2008-05-18 }}
* [http://www.seriousseekers.com/Audio%20and%20Video/Audio_pathstoheart/audio_chittick_cosmologydhikr.htm Rékaman bébas di taun 2001 ''Paths to the Hearts Conference'' – Konferensi kuliah jeung bagian Q&A] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20160705024213/http://www.seriousseekers.com/Audio%20and%20Video/Audio_pathstoheart/audio_chittick_cosmologydhikr.htm |date=2016-07-05 }}
* [http://www.islamfrominside.com/Pages/Podcasts/Fall%20of%20Adam%20podcast.html Kuliah audio tentang Mitos Ragragna Adam dina ''Refreshment of Spirits'' karya Ahmad Sam'ani] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20210211184409/http://www.islamfrominside.com/Pages/Podcasts/Fall%20of%20Adam%20podcast.html |date=2021-02-11 }}.
* [http://www.mohammedrustom.com/wp-content/uploads/2013/05/Equilibrium-and-Realization-AJISS-25.3-2008.pdf Hiji artikel pamahaman Chittick tentang diri jeung kosmos].
[[Kategori:Nu babar taun 1943]]
ixfsw0zalu03hosbfsymapyge12877q
Puyuh
0
98129
712480
711505
2026-09-02T15:17:56Z
InternetArchiveBot
25926
Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5
712480
wikitext
text/x-wiki
{{Taxobox|color=orange|name=Puyuh / Turnicidae|image=Barred_Buttonquail_Turnix_suscitator_male_by_Dr._Raju_Kasambe_DSCN8040_(8).jpg|image_width=250px|image_caption=Puyuh Tegal|image2=|image2_width=250px|image2_caption=|regnum=[[Sato|Animalia]]|phylum=[[Chordata]]|classis=[[manuk|Aves]]|ordo=[[Charadriiformes]]|familia='''Turnicidae''' (GR Gray,1840)|subdivision_ranks=Genera|subdivision=''Turnix'' (Bonnaterre, 1791) <br />''Ortyxelos'' (Vieillot, 1825)| range_map = Turnicidae rangmap.PNG | range_map_caption = Panyebaran manuk puyuh}}
Manuk '''Puyuh''' téh nyaéta sarupaning manuk leutik ti kulawarga '''Turnicidae''', cirina nu paling kaciri, tina bulu tonggongna nu ngabogaan pola siga batik, warna utamana ti mimiti warna célé, coklat péang, coklat, konéng, oranye tur semu beureum ditambahan ku polét atawa totol-totol bodas, beureum, hideung, nyampur dina pola nu jadi ciri spésiésna masing-masing. Ciri séjénna sukuna pondok, beuheung méh teu kaciri, ramona ngan tilu kabéh nyanghareup, warna suku konéng, hideung atawa konéng-hideung atawa hawuk, kitu ogé jeung warna pamatukna. Buntutna parondok.
Puyuh kaasup [[manuk]] leutik, ukuran puyuh ''plover'', hiji-hijina spésiés ti génera ''[[Ortyxelos]]'', ngan 10 cm jeung beuratna 20 gram. Sedeng ti génera '''''Turnix''''' panjangna rupa-rupa antara 12 cm semet ka 23 cm, beuratna 20g semet ka 130g. Katempona sarimbag pisan jeung naon nu disebut puyuh ti génera ''Coturnix'', kajaba ku teu boga telih jeung ramo tukang. Ogé puyuh bikangna ti Turnicidae mibanda organ vokal nu khas nu asalna tina trachéa nu ngagedéan sarta ruang hawa dina ésophagusna, nu bisa ngaluarkeun sora handaruan.<ref name=":3" />
Salian ciri di luhur, numutkeun Erich Tenius, puyuh ogé mibanda sipat-sipat hayam-hayam ternak, nyaéta:
* Liang irung katutup ku bulu laleutik.
* Téréh ngaréaan, wanci subur tiap 4-5 bulan.
* Pola bulu nu siga kaén ngagantung sarimbag jeung hahayaman.
* Bulu jangjang leutik téréh pisan megar wanci ciak kéneh.
* Buluna malegar wanci rumaja.
* Resep kokoréh.
Tapi puyuh ogé mibanda sifat-sifat bango atawa manuk-manuk ranca, nyaéta:
* Teu boga telih.
* Garis jero dina dua sisi satukangeun ''sternum'' (tulang sahandapeun beuteung).
* Endogna totol-totol.
* Cara ngahuapan anak-anakna.
Sajaba ti dua sifat-sifat di luhur, puyuh ogé boga sifat nu mandiri:
* Wanci baranahan nu téréh pisan, 12-13 poé.
* Fakta yén jaluna nu nyileungleum jeung ngasuh anak-anakna.<ref>Thenius, Erich (1969) dina [http://battlequail.org/BattleQuail/taxonomy.html/ Taxonomy of Buttonquail] {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20201030222411/http://battlequail.org/BattleQuail/taxonomy.html |date=2020-10-30 }}, ''VECHTKWARTEL'', diakses tanggal 07/10/2019.</ref>
== Terminologi jeung Taksonomi ==
[[Gambar:Japanese Quail.jpg|jmpl|220x220px|Puyuh Jepang]]
Dina basa Inggris puyuh pituin Indonésia jeung sabangsana disebut ''buttonquail'' (puyuh kancing). Kecap puyuh sorangan dipaké ngahartikeun kecap ''quail''<ref>ilikan di Google Translate</ref> tina basa Inggris nu ngacu kana sajenis sasatoan ti kulawarga [[Phasianidae]]<ref name=":0">[https://www.britannica.com/animal/quail "Quail"] ''Encyclopedia Britannica'', diakses tanggal 7/10/2019.</ref> (hahayaman). ''Buttonquail'' gé mun nulisna dipisahkeun jadi ''button quail'' hartina bisa jadi béda, jadi ngacu kana hiji spésiés nu disebut puyuh batu ti kulawarga Phasianidae tadi.<ref>{{Cite web|url=http://cyberquail.com/homepage.html|title=Welcome to Button Quail Home Page|last=|first=|website=Cyberquail|publisher=|accessdate=07/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20190724081512/http://www.cyberquail.com/homepage.html |date=2019-07-24 }}</ref>
[[Gambar:Barred Buttonquail Rajkot.jpg|jmpl|Manuk puyuh]]
Di [[Indonésia]] ku alatan ''homoplasy'', aya sababaraha jenis manuk nu disebut maké kecap puyuh, nyaéta ti kulawarga Turnicidae contona puyuh tegal, sarta ti kulawarga Phasianidae, contona [[puyuh jepang]] ti génera ''[[Coturnix]]'' jeung [[puyuh gonggong]] ti génera ''[[Arborophila]]''. Ku lantaran puyuh jepang loba diternakkeun di Indonésia,<ref name=":1">{{Cite journal|last=Adimika|first=N., et al.|date=2019|title=Keragaman genetik puyuh Jepang (Coturnix japonica) berdasarkan analisis sekuen DNA mitokondria gen Cytochrome-b|url=|department=Universitas Sebelas Maret|journal=Jurnal Ilmu-Ilmu Peternakan|publisher=Universitas Sebelas Maret, Surakarta, Indonésia|volume=29(2)|page=144|doi=10.21776/ub.jiip.2019.029.02.05.|issn=2443-0765|pmid=|access-date=}}</ref> mangka puyuh jepang jadi leuwih populér batan puyuh pituin Indonésia. ku kituna loba author jeung blogger-blogger ngora nu nganggap nu dimaksud ku puyuh téh nyaéta puyuh jepang. Buktina lamun urang nyaliksik dina Google maké kecap ‘puyuh’ mangka nu kaluar pangluhurna téh situs-situs ngeunaan puyuh Jepang. Malahan mah bisa semet ka sababaraha laman karak kaluar nu ngaranna puyuh ti kulawarga Turnicidae.<ref>Hasil nyaliksik ti Google maké kecap konci “puyuh”, tanggal 29 Séptémber 2019.</ref> Puyuh Jepang karak asup ka Indonésia dina taun 1979,<ref name=":1" /> sedeng kecap puyuh geus aya ti baheula mula. Asa pamohalan lamun karuhun urang [[Sunda]] / Indonésia ngamaksudkeun kecap puyuh (tanpa dikantetkeun jeung kecap séjénna) kana puyuh jepang. Ku kituna, sangkan teu kena ku paribasa jati ka silih ku junti, dina artikel ieu nu dimaksud ku puyuh téh nyaéta puyuh pituin Indonésia (Turnicidae atawa ''buttonquail'' ceuk urang barat).
Pikeun urang barat, puyuh (''buttonquail'') ogé dikenal ku sebutan ''[[hemipode]]'' (''hemipod''), tina basa [[Yunani]] nu hartina satengah suku. Kecap éta asalna tina ramo suku puyuh nu ngan tilu siki nu kabéh nyanghareup téa, mangkana disebut satengah suku.<ref name=":0" />
Sacara taksonomi, puyuh mangrupa sato ti kelas [[Aves]], asalna kaasup kana ordo [[Gruiformes]] méméh jadi ordo mandiri [[Turniciformes]] numutkeun taksonomi Sibley-Ahlquist.<ref>{{Cite web|url=http://www.birding.in/orders/turniciformes.htm|title=Turniciformes - Buttonquails|last=|first=|website=Turniciformes - Buttonquails|publisher=Birds and birding in India.|accessdate=07/10/2019}}</ref> Kiwari puyuh diasupkeun kana ordo [[Charadriiformes]].<ref>{{Cite journal|last=Fain|first=Mathew G.|last2=Houde|first2=Peter|date=08 Maret 2007|title=Multilocus perspectives on the monophyly and phylogeny of the order Charadriiformes (Aves)|url=https://bmcevolbiol.biomedcentral.com/articles/10.1186/1471-2148-7-35|journal=BMC Evolutionary Biology|series=35|publisher=BioMed Central Ltd unless otherwise stated. Part of Springer Nature.|volume=7|doi=|pmid=|access-date=07/10/2019}}</ref> Dina Turnicidae aya dua génera, 18 spésiés jeung 59 taxa.<ref name=":2">Clements Checklist v2019(2012) [https://www.birds.cornell.edu/clementschecklist/ Universitas CornellCornell Lab of Ornithology] New York. <br /></ref>
== Cara Hirup ==
Puyuh mangrupa sato poliandri, kajaba [[Puyuh plover|puyuh ''plover'']] ti génera ''Ortyxelos''. Bikang biasana leuwih sugih ku warna sarta nu tiheula ngajak kawin. Jalu bikang babarengan nyieun sayang dina luhuren taneuh, tapi biasana nu jaluna nu nyileungleuman endog sarta tuluy ngasuh anak-anakna. Sanggeus endogan nu bikang tuluy miang nyiar deui jalu séjén. Endogna megar sanggeus disileungleuman kana 12-13 poéna. Umur dua minggu anakna geus bisa haliber.<ref>{{Cite web|url=https://fatbirder.com/ornithology/turnicidae-buttonquails/|title=Turnicidae – Buttonquails|last=|first=|website=Fat Birder|publisher=Fat Birder|accessdate=07/10/2019}}</ref> Anak puyuh kaasup jenis ''precocial'', hartina geus aya dina fase nu leuwih déwasa (bisa dahar sorangan, teu kudu dihuapan), geus buluan sarta bisa leumpang, nunutur bapana nu mere parab ku [[rinyuh]] jeung sisikian.<ref>{{Cite web|url=https://animals.jrank.org/pages/597/Buttonquails-Turnicidae-BEHAVIOR-REPRODUCTION.html|title=Buttonquails: Turnicidae
Behavior And Reproduction|last=|first=|website=animals.jrank.org|publisher=NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS|accessdate=07/10/2019}}</ref>
Puyuh hirup dina daratan 2.500m saluhureun beungeut cai.<ref name=":3">Debus, S. & Bonan, A. (2019). Buttonquails (''Turnicidae''). In: del Hoyo, J., Elliott, A., Sargatal, J., Christie, D.A. & de Juana, E. (eds.). ''Handbook of the Birds of the World Alive''. Lynx Edicions, Barcelona. (retrieved from https://www.hbw.com/node/52225 on 29 September 2019).</ref> Habitat hirup puyuh nyaéta di tegal jukut, rungkun saliara sarta aya ogé nu di [[leuweung]]. Najan bisa ngapung, puyuh tara ngapung. Sapopoé méakkeun hirupna di darat. Karesepna cicing na [[jukut]], [[eurih]] atawa di [[huma]].<ref>{{Cite web|url=https://animals.jrank.org/pages/601/Buttonquails-Turnicidae.html|title=Buttonquails: Turnicidae|last=|first=|website=animals.jrank.org|publisher=NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS|accessdate=07/10/2019}}</ref>
Puyuh utamana mah tukang ngahakanan sisikian. Najan kitu, kadang-kadang puyuh ngahakanan material tutuwuhan, [[geugeumetan]] jeung [[kéong]]. Pikeun ngalancarkeun peujitna, puyuh ogé sok neureuyan keusik saeutik. Puyuh nyiar hakaneun dina taneuh, dina tumpukan kalakay sarta dina tatangkalan pendék. Loba spésiés puyuh nu boga cara khusus dina nyiar hakaneun, kokoréh ku suku nu hiji, bari nangtung dina suku nu hijina nu tuluy nieun gerakan muter saeutik-saeutik.<ref>{{Cite web|url=https://animals.jrank.org/pages/596/Buttonquails-Turnicidae-DIET.html|title=Buttonquails: Turnicidae
Diet|last=|first=|website=animals.jrank.org|publisher=NET INDUSTRIES AND ITS LICENSORS|accessdate=07/10/2019}}</ref>
== Ambahan ==
Puyuh kaasup asalna sato ti dunya heubeul, ngan, katambahan aya ogé di [[Australia|Australi]].<ref>{{Cite web|url=https://www.birdquest-tours.com/world-bird-families-with-birdquest-birding-tours/|title=Bird Families Guide|last=|first=|website=The Ultimate In Birding Tours|publisher=Bird Quest|accessdate=07/10/2019}}</ref> Ti beulah kulon baheulana mah puyuh bisa kapanggih di Spanyol, nyaéta ''andalusian hemipode''. Taun ‘81 ''hemipode'' kabejakeun geus ludes di [[Spanyol]], tapi harirup di [[Maroko]], [[Afrika Kalér]], peuntanseunana.<ref>{{Cite web|url=http://www.magornitho.org/2018/11/andalusian-buttonquail-declared-extinct-spain/|title=Andalusian Buttonquail in Spain declared extinct|last=MaghrebOrnitho|first=|website=Birding and Ornithology in Morocco and the Maghreb|publisher=MaghrebOrnitho|page=|publication-date=09/11/2018|accessdate=07/10/2019}}</ref> Puyuh ogé aya di daérah séjén di [[Afrika]] nyaéta di [[Sénégal|Sinégal]], [[Uganda]], [[Kamérun]] jeung [[Madagaskar|Kapuloan Madagaskar]]. Di Asia puyuh liar aya di [[Yaman]], [[Pakistan]], [[India]], [[Sri Langka|Srilanka]], [[Cina]], [[Taiwan]] tuluy mapay ka nagara-nagara [[Asia Tenggara]] semet ka [[Papua Kulon]]. Kadituna puyuh aya di [[Kapuloan Solomon]] jeung di [[Buana Ustrali]].<ref name=":2" />
== Rupa-Rupa Puyuh ==
=== Numutkeun Taxonomi ===
Numutkeun taxonomy puyuh aya 18 spésiés tina dua génera. Nyaéta génera ''Turnix'' (Bonnaterre, 1791) jeung ''Ortyxelos'' (Vieillot, 1825).<ref name=":2" /><ref>{{Cite web|url=https://www.itis.gov/servlet/SingleRpt/SingleRpt?search_topic=TSN&search_value=176151#null|title=Turnicidae|last=|first=|website=ITIS Report|publisher=Integrated Taxonomic Information System|accessdate=07/10/2019}}</ref>
==== Ti Génera ''Turnix'' ====
===== ''[[Turnix Sylvaticus]]'' (Desfontaines, 1787) / puyuh biasa / ''common buttonquail'' / ''small buttonquail'' / ''andalusian hemipode'' =====
Kaasup kana salah sahiji puyuh leutik, panjangna 11 cm semet ka 17 cm. Beuratna rata-rata 60 gram, béda-béda antara subspésiés. Nu bikang leuwih gedé batan nu jalu. Bikang miboga warna burik hideung jeung abu-abu sarta beureum kacoklatan di bagéan luhur. Sirahna totol-totol hideung, beutengna warna bodas. Nu jalu méh sarua warnana jeung nu bikang, tapi leuwih burem. Hirupna dina taneuh garing nu keusikan, rungkun jeung jujukutan nu parendék atawa di kebon. Dapuran awi karesepna, cadu hirup di leuweung gonggong, keusik atawa ranca.<ref>Johnsgard, P. 1991. ''Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places''. Oxford: Oxford University Press (dina [https://animaldiversity.org/accounts/Turnix_sylvaticus/ Turnix sylvaticuscommon buttonquail], ''Animal Diversity Web (ADW)'', University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 07/10/2019)</ref> Ambahanna nerekab ti Afrika, [[Asia Kidul]], [[Indocina]], Asia Tenggara semet ka [[Pulo Lombok]] di Indonésia<ref name=":4">BirdLife International 2016. ''Turnix sylvaticus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species''2016: e.T22680500A90008182. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680500A90008182.en. Diakses tanggak 08/10/2019.</ref> Aya salapan subspésiés,<ref name=":2" /> nyaéta:
[[Gambar:Small Buttonquail Turnix sylvaticus Amravati (3). Maharashtra, India.jpg|jmpl|''Turnix sylvaticus'']]
''Turnix sylvaticus sylvaticus'': [[Bobojong Ibéria]] Kidul, Maroko Kalér, Aljazair jeung [[Tunisia]]
''Turnix sylvaticus lepurana'': [[Gurun Sahara]] Afrika Kidul jeung [[Arabian Peninsula|Bobojong Arab]]
''Turnix sylvaticus dussumier'': béh wétan [[Iran]] semet ka India jeung [[Myanmar]]
''Turnix sylvaticus davidi'': Bobojong Thailand semet ka kidul Cina, Indocina jeung Taiwan
''Turnix sylvaticus bartelsorum'': [[Jawa]] jeung [[Bali]]
''Turnix sylvaticus whiteheadi'': [[Pulo Luzon]] ([[Pilipina|Philipina]])
''Turnix sylvaticus nigrorum'': Pulo Negros (Philipina)
''Turnix sylvaticus céléstinoi'': Philipina kidul (Bohol jeung [[Mindano]])
''Turnix sylvaticus suluensis'': [[Kapuloan Sulu]].
Status konsérvasina LC<ref name=":4" /> (teu pati hariwang).
===== ''[[Turnix maculosus]]'' (Temminck, 1815) / ''Red-backed buttonquail'' / puyuh tonggong beureum / puyuh jaya wijaya =====
Puyuh leutik nu resep nyumput. Biasana nyicingan habitat tegal jukut nu semu baseuh. Spésiés ieu éraan pisan sarta remen katempo ngaburisat tina panyumputanna jeung tuluy ngapung gagancangan – ngébréhkeun pola jangjang nu pias kontras jeung tonggong jeung tungtung jangjang nu leuwih poék. Mibanda warna beuheung nu coklat semu beureum, pamatuk konéng, sarta aya warna totol hideung nu manjang tina handapeun panon semet ka jangjang.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/rebbut2/|title=Red-backed Buttonquail
Turnix maculosus|last=|first=|website=eBird|publisher=eBird|accessdate=08/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191008192500/https://ebird.org/species/rebbut2/ |date=2019-10-08 }}</ref> Tonggongna warna beureum paselang jeung hideung. Sumebar di [[Sulawesi]], [[Kapuloan Sunda Leutik]], [[Papua Nugini]], Kapuloan Solomon jeung Buana Australi.<ref>{{Cite web|url=http://datazone.birdlife.org/species/factsheet/red-backed-buttonquail-turnix-maculosus|title=Red-backed Buttonquail Turnix maculosus|last=|first=|website=Data Zone|publisher=BirdLife International (2019)|accessdate=08/10/2019}}</ref> Subspésiésna nyaéta:
''Turnix maculosus maculosus'': Sunda Leutik ([[Roté]], [[Semau]], [[Timor]], [[Wetar]], [[Moa]] jeung [[Kisar]])
''Turnix maculosus beccarii'': Sulawesi, Muna jeung PuloTomia (Pulo Tukang Besi )
''Turnix maculosus kinneari'': [[Pulo Peleng]] ([[Pulo Banggai]] wétaneun Sulawesi)
''Turnix maculosus obiensis'': Pulo Obi, Pulo Kai Kecil jeung Pulo Babar.
''Turnix maculosus sumbanus'': [[Pulo Sumba]] (Sunda Leutik)
''Turnix maculosus floresianus:'' Sunda Leutik ([[Sumbawa]], [[Pulo komodo|Komodo]], Padar, [[Flores]] jeung [[Alor]])
''Turnix maculosus savuensis'': Pulo Sawu (Sunda Leutik)
[[Gambar:Red-backed Button-quail.jpg|jmpl|''Turnix maculosus'']]
''Turnix maculosus saturatus'': Archipelago Bismarck (Britania Anyar jeung Duke of York)
''Turnix maculosus furvus'': Bobojong Huon (kalér wétan Nugini)
''Turnix maculosus giluwensis'': wétan tengah Nugini
''Turnix maculosus horsbrughi'': kidul Nugini
''Turnix maculosus mayri'': Archipelago Louisiade
''Turnix maculosus salomonis'': Pulo Guadalcanal (Kapuloan Solomon)
''Turnix maculosus melanotus'': kalér jeung wétan Australi.<ref name=":2" />
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix maculosus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680512A92864941. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680512A92864941.en. Diakses tanggal 08/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix tanki]]'' (Blyth, 1843) / ''yellow-legged buttonquail'' / puyuh suku konéng =====
Cirina nu mandiri nyaéta surup kana ngaranna, sukuna warna konéng, kitu ogé pamatukna, tapi béh luhur aya polét beureuman. Ukuranna ngan leuwih gedé saeutik ti manuk goléjra. Kocéak bikangna nu dengér bisa jadi hiji cara nu panggampangna pikeun manggihan manuk nu resep hirup dina tegalan jukut ieu. Nu bikang boga warna nu leuwih nyata batan nu jalu, katempo dina punduk jeung beuteung nu warnana oranyeu caang. Nu jalu méh sarua corak warnana ngan leuwih bureum. Hirup di daérah Asia Kidul, Cina Kidul, sabudeureun Myanmar jeung Indocina.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/yelbut1/|title=Yellow-legged Buttonquail Turnix tanki|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=08/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191008184655/https://ebird.org/species/yelbut1/ |date=2019-10-08 }}</ref> Aya dua taxa,<ref name=":2" /> nyaéta:
''Turnix ocellatus ocellatus'': kidul jeung tengan Pulo Luzon (Philipina)
''Turnix ocellatus benguetensis'': Pagunungan kaléreun Pulo Luzon (Philipina).
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix ocellatus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species''2016: e.T22680542A92865445. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680542A92865445.en. Diakses tanggal 08/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix hottentottus]]'' (Temminck, 1815) jeung ''[[Turnix nanus]]'' (Sundevall, 1851) / ''Black rumped buttonquail'' =====
Harirup di buana Afrika wungkul, di Afirka Tengah semet ka Kidul.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/hotbut3/|title=Black-rumped Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=08/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20190809232200/https://ebird.org/species/hotbut3 |date=2019-08-09 }}</ref> Karesepna hirup dina sabana, tegal jukut jeung rurungkunan, bisa ogé di ranca atawa ka kebon-kebon. Cirina nyaéta pupuhu buntutna warna hideung sarta loba totol coklat kahideungan dina dada jeung sisi awakna. Panjang nu bikang 15 centi sedeng nu jalu 14 centi. Beuratna 40 – 60 gr. Nu bikang huluna hideung totol-totol oranyeu. Nu bikang leuwih gedé batan nu jalu.<ref>Johnsgard, P. 1991. ''Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places''. Oxford: Oxford University Press (dina [https://animaldiversity.org/accounts/Turnix_hottentottus/ Turnix hottentottus black-rumped buttonquail], Animal Diversity Web (ADW), University of Micihigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019)</ref> Masing-masing teu boga subspésiés.
''Turnix nanus'': Ghana nepi ka Kénya, Uganda jeung kidul wétan Tanjung Harapan
''Turnix hottentottus'': tengah-tengah semet ka kiduleun Afika Kidul (kidul kulon Tanjung Harapan semet ka Port Elizabeth).<ref name=":2" />
Status konsérvasina ''Turnix hottentottus'' dina bahaya / EN.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix hottentottus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22725519A94894783. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22725519A94894783.en. Diakses tanggal 08/10/2019.</ref> ''Turnix nanus'' LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix nanus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22725531A94895080. <nowiki>http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22725531A94895080.en</nowiki>. Diakses tanggal 08/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix ocellatus]]'' (Scopoli, 1786) / ''Spotted buttonquail'' / puyuh tutul =====
[[Gambar:TurnixOcellataSmit.jpg|jmpl|''Turnix ocellatus'']]
Hirup éndemik di Philipina wungkul. Karesepna sarua jeung nu séjén hirup di tegal jukut jeung rungkun saliara, tapi kadang sok ngulampreng mipir-mipir sisi jurang. ogé aya digugunungan jeung leuweung. Panjangna bisa nepi 17,8 centi-an. Beuratna bisa 110 gr. Nu bikang leuwih gedé jeung leuwih sugih ku warna. Béh luhurna coklat abu-abu bari jeung tutul-tutul coklat atawa hideung, dadana oranyeu kolot, suku tur pamatukna konéng.<ref>Madge, S., P. McGowan. 2002. ''Pheasants, Partridges and Grouse: A Guide to the Pheasants, Partridges, Quails, Grouse, Guineafowl, Buttonquails and Sandgrouse of the World''. London: Christopher Helm. (Dina [https://animaldiversity.org/accounts/Turnix_ocellatus/ Turnix ocellatus spotted buttonquail], ''Animal Diversity Web (ADW)'', University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019).</ref> Aya dua taxa, nyaéta:
''Turnix ocellatus ocellatus'': kidul jeung tengan Pulo Luzon (Philipina)
''Turnix ocellatus benguetensis'': Pagunungan kaléreun Pulo Luzon (Philipina).<ref name=":2" />
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix ocellatus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680542A92865445. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680542A92865445.en. Download 8/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix suscitator]]'' (Gmelin, JF, 1789) / b''arred buttonquail'' / puyuh tegal loréng / gemak (Jawa) =====
Béh luhur warna coklat ditambah ku bulu-bulu nu ngajalur semu siga sisit. Bikangna, lebah beuheung nepi ka dada aya garis hideung léstréng, beuteng oranyeu, pamatuk jeung sukuna bisa warna hawuk atawa warna célé atawa campuran duanana. Rada hésé disiar, resep seselendepan di antara rungkun saliara di tegal, tungtung leuweung jeung di huma. Lagu hiber ngaluarkeun sora nyiriwik. Bikang nu begér ngaluarkeun sora handaruan ti jero rungkun nu gomplok. Hirup di Asia Selatan, Indocina, Asia Tenggara, kaasup Jawa, Sulawesi jeung Kapuloan Sunda Leutik.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/barbut1/|title=Barred Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=08/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009155834/https://ebird.org/species/barbut1/ |date=2019-10-09 }}</ref> Aya 17 taxa,<ref name=":2" /> nyaéta:
''Turnix suscitator taigoor'': India
''Turnix suscitator leggei'': Sri Lanka
''Turnix suscitator plumbipes'': Nepal, Sikkim jeung Bangladesh semet ka Myanmar.
[[Gambar:Barred Buttonquail Turnix suscitator Pair Amravati.jpg|jmpl|''Turnix suscitator'']]
''Turnix suscitator bengalensis'': kalér wétan India (sahandapeun kulon Bengal)
''Turnix suscitator okinavensis'': kiduleun P. Kyushu jeung Makenoshima kidulen P. Ryukyu
''Turnix suscitator rostratus'': Taiwan
''Turnix suscitator blakistoni'': Myanmar nepi ka Cina kidul, kalér Indocina jeung P. Hainan
''Turnix suscitator pallescens'': kidul-tengah Myanmar
''Turnix suscitator thai'': Thailand tengah
''Turnix suscitator atrogularis'': Bobojong Thailand – Malaysia
''Turnix suscitator suscitator'': [[Sumatra]], [[Kapuloan Bangka Belitung|P. Belitung jeung P. Bangka,]] Jawa jeung Bali
''Turnix suscitator baweanus'': P. Bawéan di Jawa
''Turnix suscitator fasciatus'': Philipna kalér (Luzon semet Mindoro, Sibuyan jeung Masbate)
''Turnix suscitator haynaldi'': kidul wétan Philipina (Palawan jeung Kapuloan Calamian)
[[Gambar:Madagascar Buttonquail SMTC.jpg|jmpl|''Turnix nigricollis'']]
''Turnix suscitator nigrescens'': Philipina (Negros, Cebu jeung Panay)
''Turnix suscitator rufilatus'': Sulawesi
''Turnix suscitator powelli'': Kapuloan Sunda Leutik.
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix suscitator''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680549A92865610. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680549A92865610.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix nigricollis]]'' (Gmelin, JF, 1789) / puyuh madagaskar =====
Hirup éndemik di Madagaskar wungkul. Tempat hirup sarua jeung rata-rata puyuh séjén, tegal jukut, rungkun jeug sajabana. Pola bulu méh sarua jeung Turnix suscitator, kajaba warna beuteungna teu oranyeu. Warna oranyeu justru aya di sahareupen jangjang. Beurat antara 67 sampe 84 gr.<ref>Johnsgard, P. 1991. ''Bustards, Hemipodes, and Sandgrouse: Birds of Dry Places''. Oxford: Oxford University Press. (Dina [https://animaldiversity.org/accounts/Turnix_nigricollis/ Turnix nigricollis Madagascan buttonquail(Also: Madagascar buttonquail)], ''Animal Diversity Web (ADW)'', University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 08/10/2019).</ref> Teu boga sub spésiés.
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix nigricollis''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680552A92865904. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680552A92865904.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
[[Gambar:Turnix varius - Castlereigh nature reserve.jpg|jmpl|''Turnix varius'']]
===== ''[[Turnix varius]]'' (Latham, 1801) (monotipik) / ''painted buttonquail'', jeung ''[[Turnix varius novaecaledoniae]]'' (Ogilvie-Grant, 1889) (politipik) / puyuh kaledonia baru (calon dipisahkeun)<ref>{{Cite web|url=https://avibase.bsc-eoc.org/species.jsp?lang=EN&avibaseid=ABB5B3B0245CEF92|title=Painted Buttonquail (New Caledonian)
Turnix varius novaecaledoniae Ogilvie-Grant, 1889|last=|first=|website=Avibase - The World Bird Database|publisher=Denis Lepage|accessdate=09/10/2019}}</ref> =====
Puyuh ieu ngabogaan iris panon beureum, buluna lebah dada , beuteung jeung sisi katempo pias. Sukuna konéng tapi pamatukna hawuk.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/paibut/|title=Painted Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}}{{Dead link|date=August 2026 |bot=InternetArchiveBot |fix-attempted=yes }}</ref> Hirup di Australia kapuloan béh wétan kulon Australi jeung aya ogé di [[Kaledonia Anyar]]. Aya tilu subspésiés:<ref name=":2" />
''Turnix varius novaecaledoniae'': Kalédonia Anyar
''Turnix varius scintillans'': Kapuloan Houtman Abrolhos (kidul kuloneun Australi)
''Turnix varius varius'': kidul kulon, wétan jeung kidul wétan Australi jeung Tasmania.
Status konservasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix varius''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T62288672A95193778. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T62288672A95193778.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref> Kajaba ''T.v. novaecaledoniae,'' kritis / CR.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix novaecaledoniae''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22734789A95096865. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22734789A95096865.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
[[Gambar:Black-breasted Button-quail male inskip (cropped).JPG|jmpl|''Turnix melanogaster'']]
===== ''[[Turnix melanogaster]]'' / ''black-breasted buttonquail'' / puyuh harigu hideung =====
Hirup éndemik di Australi wétan, dina leuweung gerot nu dadasarna pinuh ku lapisan daun paéh. Bikang mibanda sirah jeung bulu bagéan handap nu warnana hideung, panonna bodas. Jalu bulu beungeutna pias jeung teu loba tanda hideung dina bagéan handapna. Nalika nyiar dahareun puyuh ieu nyieun logak nu bunder jeung jero dina lapisan dangdaunan paéh dina taneuh; nu bisa jadi tanda pikeun kahadiranna.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/blbbut2/|title=Black-breasted Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009173751/https://ebird.org/species/blbbut2/ |date=2019-10-09 }}</ref>
Status konsérvasina rada kaancam / NT.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix melanogaster''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680556A92866106. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680556A92866106.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix castanotus]]'' (Gould, 1840) / ''chestnut backed buttonquail'' / puyuh tonggong coklat =====
Warna pamatukna abu-abu pias, ari suku konéng. Tonggong coklat dihias ku garis-garis bodas jeung hideung. Mun kaganggu leuwih condong lumpat batan nyerang. Hirup di Australi bagéan kalér.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/chbbut2/|title=Chestnut-backed Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009173748/https://ebird.org/species/chbbut2/ |date=2019-10-09 }}</ref>
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix castanotus''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680560A92866466. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680560A92866466.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix olivii]]'' (Robinson, 1900) / ''buff-breasted buttonquail'' / puyuh harigu oranyeu =====
Puyuh nu resep pisan ngiles jeung nyumput. Boga pamatuk nu leutik tapi kuat. Hirupna kawengku di leuweung ékaliptus di kalér wétan Queensland Ustrali. Ukuran awakna nu leuwih gedé jadi pangbéda ti puyuh tonggong beureum jeung puyuh dada beureum.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/bubbut1/|title=Buff-breasted Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009160012/https://ebird.org/species/bubbut1/ |date=2019-10-09 }}</ref> Ku sawatara author dianggap minangka subspésiés ti turnix varius.<ref>{{Cite web|url=https://avibase.bsc-eoc.org/species.jsp?avibaseid=0D9258BFE1F265BE|title=Buff-breasted Buttonquail|last=|first=|website=Avibase - The World Bird Database|publisher=Denis Lepage|accessdate=09/10/2019}}</ref>
Status konsérvasina EN.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix olivii''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680572A92866714. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680572A92866714.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
===== ''[[Turnix worcesteri]]'' (McGregor, 1904) / puyuh luzon / ''luzon buttonquail'' / ''pugo'' (bahasa Philipina) =====
Hirup éndemik di kapuloan Luzon Philipina. Kaceluk ku resep nyicingan sawah, atawa rurungkunan deukeut huma ku alatan réa nyadiaan sisikian jeung geugeumetan. Manuk ieu ditandaan ku sirahna nu hideung tutul-tutul bodas, awakna coklat atawa coklat semu oranyeu, sarta nu jalu sukuna konéng, sedeng nu bikang sukuna coklat tutul-tutul bodas atawa hideung. Manuk ieu téh resep pisan nyumput, ukur milih hiji jalan nu maneuh ka sérang atawa kebon nu hanyakalna téh matak mawa bala ka manéhna sorangan alatan ku barudak sok diboro di jajalaneunna.<ref>{{Cite web|url=https://thewebsiteofeverything.com/animals/birds/Gruiformes/Turnicidae/Turnix-worcesteri|title=Luzon Buttonquail|last=|first=|website=Birds|publisher=The Website of Everything|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009173750/https://thewebsiteofeverything.com/animals/birds/Gruiformes/Turnicidae/Turnix-worcesteri |date=2019-10-09 }}</ref>
Status konsérvasina kurang data / DD.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix worcesteri''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680588A92866987. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680588A92866987.en<nowiki/>.Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
[[Gambar:Sumba Buttonquail.jpg|jmpl|''Turnix everetti'']]
===== ''[[Turnix everetti]]'' (Hartert, E, 1898) / puyuh sumba =====
Manuk ieu éndemik Pulo Sumba. Hirup siga nu séjén dina tegal jukut, ngan tara ka huma. Osok ogé mapay kana pasir batu kapur. Cirina nu ngabédakeun tina puyuh séjén nyaéta tina morfologi pamatukna nu leuwih gedé, hasil adaptasi tina barang daharna nu sok ngahakanan sisikian garedé. Najan kaasup manuk nu tara iincahan, sakapeung sok pipindahan tempat pikeun nyiar hakaneun.<ref name=":5">BirdLife International 2017. ''Turnix everetti'' (amended version of 2016 assessment). ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2017: e.T22680592A110139877. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2017-1.RLTS.T22680592A110139877.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref><br />Status konsérvasina rawan / VU.<ref name=":5" /> Di Indonésia kaasup sato nu aya dina panyalindungan.<ref>Permen NOMOR P.106/MENLHK/SETJEN/KUM.1/12/2018.</ref>
[[Gambar:Turnix pyrrhothorax.jpg|jmpl|''Turnix pyrrhothorax'']]
===== ''[[Turnix pyrrhothorax]]'' (Gould, 1841) / ''red-chested buttonquail'' / puyuh harigu beureum =====
Najan disebut harigu beureum, tapi warna harigu nu sabenerna mah oranyeu. Hirup éndemik di Ustrali Wétan ti béh kalér semet ka kidul. Bikangna nu dewasa ngabogaan warna gado jeung harigu oranyeu karahaan, sedeng jaluna mah warna hariguna leuwih pias sarta gadona bodas.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/recbut1/|title=Red-chested Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009173749/https://ebird.org/species/recbut1/ |date=2019-10-09 }}</ref>
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix pyrrhothorax''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680595A92867439. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680595A92867439.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
[[Gambar:Turnix velox - 1820-1863 - Print - Iconographia Zoologica - Special Collections University of Amsterdam - UBA01 IZ17100171 Cropped.jpg|jmpl|''Turnix velox'']]
===== ''[[Turnix velox]]'' (Gould, 1841) / ''Little buttonquail'' / puyuh lemét =====
Manuk leutik, mangrupa puyuh nu pias, panonna pias, pamatukna kandel. Hirup di daratan Australi. Nu jalu buluna ngabogaan pola burik poék dina dada jeung kénca katuhuna, nu bikang boga warna bubuluan nu leuwih béngras.<ref>{{Cite web|url=https://ebird.org/species/litbut1/|title=Little Buttonquail|last=|first=|website=eBirds|publisher=eBirds|accessdate=09/10/2019}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20191009173746/https://ebird.org/species/litbut1/ |date=2019-10-09 }}</ref>
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Turnix velox''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680599A92867607. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680599A92867607.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
==== Hiji-hijina ti génera ''Ortyxelos'' ====
[[Gambar:Quail Plover, Poli, Cameroon (5891141663).jpg|jmpl|''Ortyxelos meiffrenii'']]
===== ''[[Ortyxelos meiffrenii]]'' (Vieillot, 1819) / ''quail-plover'' / ''lark quail'' =====
Hirup di Buana Afrika, nyebar ti mimiti wétan Sinegal, tengah-tengah [[Sudan]] semet ka kaléreun [[Kénya]]. Kadang kapanggih di daérah [[basisir]]. Hirupna di tegal jukut, sabana jeung gurun ogé gunung keusik. Sirah, punduk jeung tonggongna warna coklat kabeureuman bari tungtung bulu-buluna warna hideung tuluy warna krim. Beungeutna warna krim jeung bercak kaemasan. Awak handapna didominasi ku warna krim. Pamatukna kakonéngan semet ka héjo pias. Suku jeung ramona bodas seger semet ka warna krim kakonéngan. Bikang leuwih gedé awakna. Bulu dadana sarua jeung jalu tapi leuwih poék sarta tungtung buntutna warna coklat jeung warna bodas dina tungtung bulu-buluna leuwih rubak. Panjang nu jalu 30 centian sedeng nu bikang 34 centian. Beuratna antara 15,7 semet ka 19,5 gr.<ref>Johnsgard, P. 1991. ''Bustards, Hemipodes and Sandgrouse: Birds of Dry Places''. Oxford: Oxford University Press. (Dina [https://animaldiversity.org/accounts/Ortyxelos_meiffrenii/ Ortyxelos meiffrenii lark buttonquail(Also: quail-plover]), ''Animal Diversity Web (ADW)'', University of Michigan Museum of Zoology. Diakses tanggal 09/10/2019).</ref>
Status konsérvasina LC.<ref>BirdLife International 2016. ''Ortyxelos meiffrenii''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22680603A92867780. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22680603A92867780.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
=== NUMUTKEUN BAHASA ===
==== [[Puyuh Jepang]] / ''[[Coturnix japonica]]'' ====
Luyu jeung ngaranna, asalna ti nagri Jepang. Manuk ieu kaasup manuk nu sok migrasi, najan sawatara populasi netep tumetep di Jepang.<ref name=":6">BirdLife International 2016. ''Coturnix japonica''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22678949A95209097. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22678949A95209097.en. Diakses tanggal 9/10/2019.</ref> Puyuh jepang kiwari loba diternakkeun di Indonésia, diarah endog jeung dagingna.<ref>{{Cite journal|last=Damayanti, F., Nur, H., jeung Anggraeni|first=|date=2018|title=Pemberian Tepung Bawang Putih dan Tepung Jintan pada Pakan Komersial terhadap Performa Puyuh (Coturnix Japonica) Periode Awal Produksi|url=|journal=Jurnal Peternakan Nusantara|volume=4(1)|pages=1-12|doi=|issn=2442-2541|pmid=|access-date=}}</ref> Puyuh jepang asup kana génus ''Coturnix'' ti kulawarga Phasianidae. Tekstur buluna sarimbag jeung puyuh biasa, ngan sukuna boga opat ramo. Puyuh jepang leuwih subur batan puyuh biasa, endogan sapoé hiji, nalika mangsa endogan bisa 7-14 endog.<ref>Hoffmann, E. 1988. ''Coturnix Quail''. Taipei: Yi Hisien Publishing Co.. (Dina [https://animaldiversity.org/accounts/Coturnix_japonica/ Coturnix japonica Japanese quail], ''Animal Diversity Web (ADW)'', Universitiy of Michigan Museum Zoology. Diakses tanggal 09/10/2019).</ref> Najan loba diternak di sakuliah dunia, status konsérvasi di habitat aslina rada kaancam / NT.<ref name=":6" />
[[Gambar:Arborophila javanica 0zz.jpg|jmpl|Puyuh gonggong]]
==== [[Puyuh Gonggong]] / ''Patridge'' / ''[[Arborophila]]'' ====
Kasasup kana kulawarga Phasianidae ti ordo Galliformes.<ref name=":2" /> Tagogan puyuh gonggong méh sarua jeung puyuh biasa, ngan warnana nu béda. Warna bulu tonggongna biru jeung hawuk atawa hawuk semu nila. Corakna sarua burik ku polét-polét hideung. Puyuh gonggong leuwih gedé batan puyuh biasa.
Di Indonésa aya genep spésiés manuk nu disebut puyuh gongong nyaéta:<ref name=":2" />
Puyuh gonggong kalimantan : ''[[Arborophila hyperythra]]''
Puyuh gonggong sumatra :
''[[Arborophila charltonii]]'', ''[[Arborophila rolli]]'' jeung ''[[Arborophila sumatrana]]''.
Puyuh gonggong jawa:
''Arborophila orientalis'' jeung ''[[Arborophila javanica]]''.
[[Gambar:CRESTED WOOD-PARTRIDGE (7181284331).jpg|jmpl|Puyuh makuta jalu bikang]]
==== [[Puyuh Makuta]] / ''Crested Partridge'' / ''[[Rollullus roulroul]]'' ====
Puyuh Makuta atawa ''Rollullus roulroul'' kasup ogé kana Phasianidae ti ordo Galliformes. Dibanding puyuh séjénna warna buluna paling éndah. Nu jaluna aya jambulan nu siga makuta dina sirahna. ku kituna manuk ieu remen dipaké minangka manuk hias. Di Indonésa habitat aslina di [[Kalimantan]] jeung di [[Sumatra]].<ref name=":7">{{Cite web|url=http://burung-puyuh.blogspot.com/2012/12/puyuh-mahkota-rollulus-roulroul.html|title=Puyuh Mahkota|last=|first=|website=Puyuh Blitar
Blitar Sentral Peternakan Puyuh Petelur di Indonesia|publisher=Puyuh Blitar|accessdate=09/10/2019}}</ref>
Cirina nu jalu ngabogaan makuta dina sirahna warnana beureum sarta puhuna bodas. Panonna beureum dikurilingan ku warna beureum caang. Dina puhu pamatukna –dina sawatara spésiés – aya bulu nu siga kumis nu jagreg ka luhur. Pamatukna pondok jeung kuat, warnana beureum jeung lebah congona hideung. Warna bulu awakna héjo sarta warna semu biru dina tonggong, buntut, dada jeung beuteungna. Beuheungna warna biru kolot, jangjangna warna coklat campur jeung coklat kahideungan. Sukuna warna beureum kolot. Puyuh makuta nu bikang teu bogaeun jambul.<ref name=":7" />
Status konsérvasi manuk ieu NT.<ref>BirdLife International 2016. ''Rollulus rouloul''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22679106A92802856. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22679106A92802856.en. Diakses tanggal 09/10/2019.</ref>
==== [[Puyuh Batu]] / ''Asian Blue Quai''l / ''[[Synoicus chinensis]]'' ====
[[Gambar:Asian Blue or Chinese Painted Quail (Coturnix chinensis) captive - Flickr - S. Rae.jpg|jmpl|Puyuh batu sajodo]]
Puyuh batu, ''Synoicus chinensis'' baheulana ''[[Coturnix chinensis]]'' kaasup kana kulawarga Phasianidae ti ordo Galliformes.<ref name=":8">BirdLife International 2016. ''Synoicus chinensis''. ''The IUCN Red List of Threatened Species'' 2016: e.T22678979A92797212. http://dx.doi.org/10.2305/IUCN.UK.2016-3.RLTS.T22678979A92797212.en. Diaksese tanggal 09/10/2019.</ref> Warna nu bikangna siga manuk puyuh pituin, tapi warna nu jaluna jajauheun pisan. Warna nu jalu bagéan tonggong tengah beureum dihapit ku hawuk semu nila, lebah tonggong aya ogé pola warna siga manuk puyuh umumna, bagéan tengah jeung jangjang luhur biru, sedeng bagéan handap jeung tungtung jangjang beureum. Gado jeung beuheung warna bodas hideung. Lemét-lemetna mah sarua jeung umumna puyuh. Sukuna oranyeu kolot. Ramona sukuna aya opat. Pamatukna hideung.
Status konsérvasi manuk ieu LC.<ref name=":8" />
== Catetan Suku ==
<references />
[[Kategori:Aves]]
0sxxvy1aw6wdtykp6q2p8ys30rgb0dq
Wae Rebo
0
99935
712481
697976
2026-09-02T20:12:06Z
InternetArchiveBot
25926
Rescuing 1 sources and tagging 0 as dead.) #IABot (v2.0.9.5
712481
wikitext
text/x-wiki
{{keur dikeureuyeuh}}
[[Gambar:Wae Rebo village, Flores, Nusa Tengara Timur, Indonesia, 2018.jpg|jmpl|Wae Rebo, Flores, Nusa Tengara Timur, Indonesia, 2018]]
'''Waé Rébo''' mangrupa salah sahiji désa tradisional anu aya di Pulo Florés, Nusatenggara Timur, anu geus narima pangajén minangka anu boga kaonjoyan pagalusna ti UNESCO dina kagiatan UNESCO Asia Pacific Heritage Awards 2012, kalayan dibéwarakeun di Bangkok, dina tanggal 27 Agustus 2012, ngéléheun 42 nagara séjénna.<ref name=":0">{{Cite web|url=https://www.indonesia.travel/gb/en/destinations/bali-nusa-tenggara/flores/wae-rebo-village|title=The Traditional Village of Wae Rebo on the Island of Flores - Indonesia Travel|website=www.indonesia.travel|language=en|accessdate=2020-06-27}}</ref> <ref name=":1">{{Cite web|url=https://www.indonesiakaya.com/jelajah-indonesia/detail/wae-rebo-kisah-sebuah-kampung-di-atas-awan|title=Wae Rebo, Kisah Sebuah Kampung Di Atas Awan : Pariwisata - Situs Budaya Indonesia|last=Kaya|first=Indonesia|website=IndonesiaKaya|language=Indonesia|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200629234426/https://www.indonesiakaya.com/jelajah-indonesia/detail/wae-rebo-kisah-sebuah-kampung-di-atas-awan |date=2020-06-29 }}</ref>Waé Rébo, mangrupa Désa leutik sarta nyingkur ieu téh kawentar ku ayana pangwangunan tradisional Mbaru Niang anu diwangun dumasar kana sumanget babarengan masarkat pikeun ngahontal tradisi anu manjang, sarta dina waktu anu sarua ogé masarakat ngaronjatkeun karaharjaan désana.<ref name=":0" /> Waé Rébo désa leutik nu kacida nyingkurna téh ayana kira-kira 1.100 méter luhureun beungeut laut, sarta kira-kira 3-4 jam lalampahan leumpang ti Désa Déngé.<ref name=":0" /> Alam Waé Rébo bener-bener dikurilingan ku pagunungan anu éndah sarta leuweung Todo anu rembet, anu di jerona loba kacida rupa-rupa tutuwuhan tropis sabangsanaing angkrék, pakis jeung sajabana.<ref name=":0" /> Ku kituna, di dieu mah taya jaringan internét. Kitu deui listrik, ukur aya ti jam genep nepi ka jam sapuluh peuting.<ref name=":0" /> Hawa di Waé Rébo kaitung tiris, utamana nalika usum halodo, jadi lamun hayang datang ka Waé Rébo kudu mawa jékét.<ref name=":0" />
== Asal-usul Kampung Waé Rébo ==
Anu ngadegkeun déa Waé Rébo téh ngaranna Empu Maro, inyana ngawangin éta désa kira-kira 100 taun ka tukang, anu kiwari nyicingan téh turunan ka-18 na.<ref name=":1" /> Ari Empu Maro alias Empo Maro téh asalna ti Minangkabau. Inyana balayar ti Pulo Sumatra ka Labuan Bajo. Ari mimitina mah Empu Maro téh teu boga tempat cicing, tapi ahirna mah tumetep di Waé Rébo anu nepi ka kiwari masih aya.
Aya ogé pérsi tradisi lisanna, yén Waé Rébo anu geus dicicingan ku dalapan welas generasi, dipingin ku saurang panatatua anu ngabogaan visi.<ref name=":5">{{Cite web|url=https://discoveryourindonesia.com/wae-rebo/|title=Wae Rebo: Exploring the Highlands of Flores - Discover Your Indonesia|last=adventure|first=About the Author Firsta A. proud Indonesian who loves|last2=nature|language=en-US|accessdate=2020-06-28|last3=places|first3=everything fluffy in between She likes to explore|last4=People|first4=Meet New|last5=Pinterest|first5=improve her photography skills Google+ Twitter Facebook Google}}</ref> Inyana mingpin dataran luhur Florés dina kaayaan alam anu pikabetaheun.<ref name=":5" /> Ddina taun 1997, pamaréntah daérah munggaran nyieun sikep pikeun ngarojong pangwangunan Waé Rébo, salaku salah sahiji tujuan wisata. Maranéhna ngarojong dina wangun invéstasi dina ngawangun dua imah Mbaru Niang. Dina taun 2008 aya sakelompok arsiték anu dumuk di Jakarta, kalayan rojongan ti pamaréntah daérah jeung masarakat, maranéhna ngarénopasi sésa-sésa imah Mbaru Niang.<ref name=":5" /><ref>{{Cite web|url=https://www.idntimes.com/travel/destination/febri-1/fakta-desa-wae-rebo-c1c2|title=Jelajahi Wae Rebo, Desa Terpencil di Tanah Flores yang Menakjubkan|last=Times|first=I. D. N.|last2=Febri|website=IDN Times|language=id|accessdate=2020-06-28}}</ref>
== Pakampungan di Méga Malang & Mbaru Niang ==
[[Gambar:Wae rebo village, Ruteng, NTT, Indonesia.jpg|jmpl|Waé Rébo]]
Waé Rébo, aya dina dataran luhur kurang lleuwih 1200 mdpl anu dikurilingan ku pasir-pasir anu masih kénéh ngémploh héjo.<ref name=":2">{{Cite web|url=https://lifestyle.kontan.co.id/news/kampung-adat-wae-rebo-salah-satu-surga-di-bumi-flores|title=Kampung adat Wae Rebo, salah satu surga di Bumi Flores|last=Mediatama|first=Grahanusa|website=PT. Kontan Grahanusa Mediatama|language=id|accessdate=2020-06-28}}</ref> Teu anéh lamun hawana tiis jeung sok kaluar haseup bodas nu nyimbutan, nepi ka disebut ''"Perkampungan di atas awan."'' <ref>{{Cite web|url=https://travelspromo.com/htm-wisata/desa-wae-rebo-manggarai-ntt/|title=WAE REBO Info Wisata Lengkap|last=Ratih|website=TravelsPromo|language=id-ID|accessdate=2020-06-28}}</ref> Sok sanajan lokasina jauh pisan, sarta hésé pikeun dijangkow, tapi Waé Rébo kacida narik ati wisatawan, kitu deui wisatawan asing, ti nagara-nagara Éropa sabab maranéhna kataji ku disain jeung arsitéktur anu matak narik ati. Salah sahijina nyaéta wangunan imah adatna anu wangunna siga haseupan, disebutna Mbaru Niang.<ref name=":3">{{Cite web|url=https://www.indonesia-tourism.com/east-nusa-tenggara/wae_rebo.html|title=Wae Rebo Village|website=www.indonesia-tourism.com|accessdate=2020-06-28}}</ref> <ref>{{Cite web|url=https://travelingyuk.com/wae-rebo-2/193391|title=Wae Rebo, a Mysteriously Charming Village in Flores|website=Traveling Yuk|language=en|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200629222736/https://travelingyuk.com/wae-rebo-2/193391 |date=2020-06-29 }}</ref> Ukuranna kira-kira 12-15 méter, jangkungna kira-kira 8-10 méter.<ref name=":3" /> Hateupna dijieun tina daun lontar, anu dilapisan ku injuk sangkan weweg, sarta hateupna éta ngangsar nepi ka bagian handap wangunan.<ref name=":3" /> Di jero Mbaru Niang, umumna aya lima nepi ka geep kamar.<ref name=":2" /> Tapi imah pupuhu adat mah nepi ka dalapan kamar.<ref name=":2" /> Sok sanajan katingalina ngan saumpak, tapi wangunan Mbaru Niang téh di jerona mah ngabogaan lima umpak kalayang pungsi anu béda. Anu utamana, umpak dasarna, digunakeun pikeun kamer saré jeung ruang tamu.<ref name=":2" /> Geura urang tataan hiji-hijina.
=== Umpakan ka-1 ===
Umpakan ieu digunakeun pikeun rohangan kulawarga atawa tempat ngumpul.<ref name=":4">{{Cite web|url=https://genpi.id/rumah-adat-mbaru-niang-di-wae-rebo-manggarai/|title=8 Keunikan Rumah Adat Mbaru Niang di Wae Rebo Manggarai|last=Jhe|first=Mbak|website=Genpi|language=en-US|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200628122535/https://genpi.id/rumah-adat-mbaru-niang-di-wae-rebo-manggarai/ |date=2020-06-28 }}</ref>
=== Umpakan ka-2 ===
Satuluyna, umakan ka dua digunakeun pikeun tempat nyimpen barang-barang sapopoé sarta bahan-bahan kadaharan,<ref name=":4" />
=== Umpakan ka-3 ===
Dina umpakan ka tilu, umumna digunakeun pikeun nyimpen binih-binih tutuwuhan, umpakan ieu disebutna lentar.<ref name=":4" />
=== Umpakan ka-4 ===
Umpakan ka opat aya nu disebut lempa rae, nyaéta hiji rohang tepat nyimpen stok kadaharan pikeun persiapan saupama aya paila. Jadi kadaharan ieu salaku sasadiaan lamun usum halodo atawa usum susah kadaharan.<ref name=":4" />
=== Umpakan ka-5 ===
Umpakan ka lima dina imah adat Mbaru Niang disebut hekang kede, Nyaéta salah sahiji rohangan anu digunakeun salaku tempat sasajén pikeun para karuhun.<ref name=":4" />
Unggal wangunan biasana dieusian ku genep nepi ka dalapan kulawarga. Lamun urang hayang meuting di Waé Rébo, urang bisa ngéndong di salah sahiji wangunana, kalayan pasilitasna ngan ukur meunang simbut jeung bantal basajan.<ref name=":2" />
Sajaba ti éta loba ogé kamonésan-kamonésan séjénna, upamana karajinan leungeun, hasil kopi, vanili jeung kayu manis anu dijadikeun oléh-oléh has ti Waé Rébo.<ref name=":1" /> Wanoja-wanojana biasa nyieun karajinan tina hasil tani atawa nyieun kaén tinun.<ref name=":2" /> <ref>{{Cite web|url=http://www.arahdesa.com/desasiana/read/142/mengintip_pesona_desa_wae_rebo__desa_di_atas_awan_yang_unik_dan_eksotis|title=Pesona Desa Wae Rebo, Desa di Atas Awan yang Unik dan Eksotis|last=Arahkita.Com|website=Arahkita.com|language=id|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200630105815/http://www.arahdesa.com/desasiana/read/142/mengintip_pesona_desa_wae_rebo__desa_di_atas_awan_yang_unik_dan_eksotis |date=2020-06-30 }}</ref>Anu leuwih narik ati séjénna nyaéta, wisatawan bisa milu ngarasakeun kaunikan budaya, adat istiadat jeung kasoméahan masarakatna, ku cara ngéndong di pakampungan.<ref name=":1" /> Pamandangan alam anu mangrupa gunung-gunung diadumaniskeun jeung tujuh wangunan imah adat jadi suasana anu mandiri pikeun wisatawan, sarta jadi kaéndahan anu hésé digambarkeun ku kekecapan.<ref name=":2" />
== Lalampahan ka Waé Rébo ==
Lokasi désa Waé Rébo ayana di Kabupatén Manggarai, kacamatan Sétarmésé Barat, NTT.<ref>{{Cite web|url=https://www.dakatour.com/lokasi-dan-rute-menuju-desa-wae-rebo-destinasi-desa-tradisional-yang-sangat-mempesona-dari-ntt.html|title=Lokasi dan Rute Menuju Desa Wae Rebo, Destinasi Desa Tradisional Yang Sangat Mempesona dari NTT|last=Daka|website=Daka Tour|language=en-US|accessdate=2020-06-28}}</ref> Lamun hayang wisata ka Waé Rébo bisa diaksés ku cara datang heula ka Labuan Bajo.<ref>{{Cite web|url=http://www.panorama-destination.com/destination-news/wae-rebo/|title=WAE REBO|website=Panorama Destination|language=en|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200630093628/http://www.panorama-destination.com/destination-news/wae-rebo/ |date=2020-06-30 }}</ref> Lalampahan ti Labuan Bajo mapay jalan sempit bari luak-léok sarta bakal méakeun waktu lima nepi ka genep jam ngagunakeun mobil.<ref>{{Cite web|url=http://topwisatakomodo.com/package/paket-wisata-wae-rebo/|title=PAKET WISATA WAE REBO - JELAJAH NEGERI DI ATAS AWAN (2H-1M)|website=Top Wisata Komodo {{!}} Paket Wisata Komodo Populer|language=id-ID|accessdate=2020-06-28}} {{Webarchive|url=https://web.archive.org/web/20200630024810/http://topwisatakomodo.com/package/paket-wisata-wae-rebo/ |date=2020-06-30 }}</ref> Satuluyna pikeun nepi ka nu di tuju, nyaéta pakampungan adat Waé Rébo, wisatawan kudu nempuh lalampahan kurang leuwih 6 KM ti Désa Dintor ka Désa Déngé kalayan bisa ngagunakeun motor.<ref>{{Cite web|url=https://indonews.id/artikel/25298/Menikmati-Wae-Rebo-Kampung-Indah-di-Atas-Awan-yang-Menawan/|title=Menikmati Wae Rebo, Kampung Indah di Atas Awan yang Menawan|website=indonews|accessdate=2020-06-28}}</ref> Lalampahan ti Déngé ka Waé Rébo téh kira-kira méakeun waktu kurang leuwih 3 jam mapay daérah-daérah anu nyingkur, leuweung geledengan, meuntas walungan sarta mapayan biwir jungkrang.<ref name=":1" />
== Référénsi ==
<references />
[[Kategori:Wisata]]
33rocs2y5zx8pm3nbvtup0s3fii9a9v