Wikipabukon
suwikisource
https://su.wikisource.org/wiki/Tepas
MediaWiki 1.47.0-wmf.3
first-letter
Média
Husus
Obrolan
Pamaké
Obrolan pamaké
Wikipabukon
Obrolan Wikipabukon
Gambar
Obrolan gambar
MédiaWiki
Obrolan MédiaWiki
Citakan
Obrolan citakan
Pitulung
Obrolan pitulung
Kategori
Obrolan kategori
Pangarang
Obrolan Pangarang
Kaca
Obrolan kaca
Indéks
Obrolan indéks
TimedText
TimedText talk
Modul
Pembicaraan Modul
Acara
Pembicaraan Acara
Kaca:Paeh Kapaksa - Jilid III.pdf/27
250
12864
47734
47731
2026-05-25T01:19:42Z
Mirani Pramitasari
157
47734
proofread-page
text/x-wiki
<noinclude><pagequality level="4" user="Oceanmuse" /></noinclude>set ledeng teh nutup deui kawas aja nu muterkeun, atuh beg Rohendi reuwas panonna mani buntjelik, rej bulu punduk muringkak, sarta gantjang mundur deui panonna man molotot neuteup kana eta ledeng, nu bieu nutup sorangan .........
Keur djongdjon manehna melong kana ledeng anu saat, henteu kanjahoan deui gap leungeunna nu katuhu harita aja nu njagap, atuh gebeg teh ngegebeg sarta ngepretkeun leungeunna, ditjekel ku leungeun kentja bari haben luak lieuk neangan nu njagap leungeun.
Puh puh tjeulina Asep Rohendi aja ni niup, karasana mani tiis, atuh gebeg teh ngagebeg sarta terus tjulang tjileung, gantjang Rohendi kaluar bidjil ti kamar mandina, sadjaroning balik deui asa aja nu nuturkeun leumpang kedeprak kedepruk, ari reg manehna eureun ani leumpang oge eureun, ari terus leumpang deui djurig teh nuturkeun leumpang kadenge kakedeprukan.
Atuh rej sabulu bulu harita pating puringkak, ara leumpangna mah gantjang lantaran ngarasa sieun, malah eta djurig oge nuturkeun tukangeunana kawas anu ngilu gantjang, atuh deregdeg Asep Rohendi teh lumput ....... Pes listok pareum gebrug Asep Rohendi neunggar korsi di tengah imah sabab keur humpat ngadadak poek lantaran listrikna bet pareum teu puguh<sup>2</sup>, gero Asep Rohendi ngagero.
„Aduuuh!“ Tjenah, bari deregdeg humpat deui mani sagala didupak, gombrang baskom anu tadi dialungkeun<noinclude>{{rh|26}}</noinclude>
f5sw1lx1ilnr0w9s07hq3etqxalw7zc