Wikipabukon suwikisource https://su.wikisource.org/wiki/Tepas MediaWiki 1.47.0-wmf.4 first-letter Média Husus Obrolan Pamaké Obrolan pamaké Wikipabukon Obrolan Wikipabukon Gambar Obrolan gambar MédiaWiki Obrolan MédiaWiki Citakan Obrolan citakan Pitulung Obrolan pitulung Kategori Obrolan kategori Pangarang Obrolan Pangarang Kaca Obrolan kaca Indéks Obrolan indéks TimedText TimedText talk Modul Pembicaraan Modul Acara Pembicaraan Acara Wawacan Perbu Kean Santang 0 12869 47741 2026-05-28T23:42:54Z HenriPurwanto 1090 Nyieun kaca Wawacan Perbu Kean Santang 47741 wikitext text/x-wiki {{Header | title = Wawacan Perbu Kean Santang | author = Surlina Marzuki, H.R. Suryana, Siti Maria | editor = Rosyadi | section = | previous = | next = | notes = Naskah kuno Sunda abad ka-16-17, nyaritakeun perjalanan spiritual Perbu Kean Santang (Gagak Lumajang) ti Pajajaran dugi ka Mekah sareng janten wakil Nabi di tanah Jawa. }} == I. Pupuh Asmarandana == <poem> Bimillahirrahmannirrahim anu maca ieu babad enya eta babad Gadog kedah anu gaduh abdas anu sepuh nu nonoman atawa anu geus sepuh eta kudu gaduh abdas Bakuna mah kudu tartib ulah pake lalawora masing estu dina hate wantuning Susunan Rahmat wakil jeng Nabi Muhammad eta utusan yang agung nu kagungan burni alam Maca taud nu mimiti terus jeng maca bismillah jeung patihan deui ongkoh kullu nujeung palak bimas geus puguh maca salawat tobatna hunuhnuplihan maca istigfar sing loba </poem> == II. Pupuh Dangdanggula == <poem> Dangdanggula anu manis budi pamedirah wong sumada tegese yen sumada teh awit dunungan karuhun karuhun anu berbudi katampa ku ki bujangga ki bujangga luhung ari tegese bujangga anu sidik wawengkon karuhun suci kali hatera utama Anu matak aya kawi di sisi ti nampana bunangan pertande saweneh hanteu nangrodos sabeb anu matak kitu saupama ki maranggi padi bager ukur na euweuh nu teu kacau pinter teh rapig ngaranna pareksa na hasil maksud liwat sabrang rasa hiyana jeung kiriman Saenyana euyeuh amanah lamun tanyangeun ngamulangkun sabda hukumna nu bener kabeh ari anu geus tangtu bener tina loba kawi da ari kebatna mah eta keneh malum saperti mungguhing gajah sipat sato aya hulu buntut deui amung ngaranna mah gajah Hulu buntut sareng suku deui kabeh eta saperti bujangga pertanda lobaning kaul sumangga mana4 nu estu nya bujangga nya musinap antukna mah nya satunggal anu matak kitu reyaning kaul bujangga pertandana elmuning Pangeran sugih euweuh eukeur ngaumpama Raos gelap anu jadi manis dongeng pikeun purwaning carita wiwitan nu dicarios namung ampun nya paralun sarehing ieu sim kuring da lain maksa ku bisa weruh tampa guru atawa nyanyahowanan tobat pisan manawi sulaya kaur mugi agung dihampura Tina yaktos kaleresan surti hanteu salah ieu teh sajarah mugi diuwuhan bae mujijat kangjeng luluhur dipadangkeun nya birahi ti nu enggeus kenging rahmat agungnya panuhun ditarima kumaula mugi-mugi dijauhkeun nya balahi parek rizki lawan rahmat Mugi asih sanak kulawargi kitu deui mugi katetepan tekad anu leuwih saleh ka sakabeh dulur-dulur hamo pegat pancakaki ka dulur sakabehna teu pisah karuhun mana kuring nurut hibar ka sadaya kulawarga nu utami miwah ka para juragan Lahiriyah kaulaning gusti abdi seja nyalindungkeun awak saking ku rumaos bodo dunungan kuring nu agung hirup katungkul ku pati batin kaulaning Allah kitu deui nuhun ka gusti nu sipat rahman atawana ka gusti nu sipat rahim mugi Allah ngahampura Kakajengna ieu nu digurit nyarioskeun eta nu baheula aya sahiji karaton ngabawah ka pararatu nama Perbu Siliwangi di Pakuan nu kadua Pada jeneng ratu karaton nu kahijina Pajajaran Sewu teya nu ka warti kitu ungeling carita Nu katilu nagri Majapahit nu ngaranna Perbu Hariyangbanga Pajajaran wetan karaton damelna waktu perang pupuh sami merbu raka jeung rayi Hiji mangsa di Pakuan gaduh putra pamuk pangeran Gagaklumajang kagagahannana geus taya nu nanding lir pendak taji malela Enggeus mashur yen sapulo Jawi samalahna Pajajaran wetan Majapait enggeus kawon sanggeus jumeneng pamuk sakabeh taluk ajurit taya nu mangga puliya ka Gagaklumayung malah enggeus kenging nama wakil rama sanggeus jadi senopati nama Perbu Kean Santang Saumuma jadi Senapati hen teu terang ti getih sorangan jeg kumaha rupina teh pesena kaliwat langkung anu jadi kapigalih siang wengi manahna sakitu nya maksud hayang terang getih sorangan kitu manah nu antek kaliwat saking teu acan seubeuh ngalaga Lian tiny a kapigalih deui umur ngora hanteu gaduh garwa taya kapetolan kabeh tedakna agama Hindu mangsa harita di Jawi teu aya agama Islam nalangmang mulung mung pangeran Gagaklumajang kalangkung manahna takabur ati pesen getih sorangan Saumuma teu terang di getih enya-eta getih salirana nu matak teu uninga teh saking ku tina pamuk teu teurak ku pedang keris enggalna Gagaklumajang harita keur ngangluh payuneun perbu Pakuan Siliwangi mariksa alon jeung manis "eh Raden Gagaklumajang" "Pun mama teh rek nanya nu yakin pasemonan Raden kawas susah coba ama geura walon naon nu dianggo ngangluh bilih palay putri geulis da moal datang ka susah da Raden nu gaduh sumawon palay ngaraja apan eta ku ama dianggo wakil sanajan kabeh raraja" "Beunang Raden nu nalukeun ajurit anu matak Raden meunang nama Perbu Kean Santang kahot pangeran Gagaklumayung ngauban sapulo Jawi saking ku ama teh nyaah eta Raden kitu" tinya Raden cedak nyembah bari mando Gagaklumayung ka gusti Kinanti unjukan terang </poem> == III. Pupuh Kinanti (1) == <poem> Piunjuk Gagaklumayung "kaulanun rama gusti kang putra sanes ti eta lain hayang gaduh rabi lain hayang jadi raja dalalahna milik abdi" "Jadi senapati pamuk ayeuna eureun ngajurit jadi alang kumapalang tacan seubeuh maju jurit susah henteu mendak lawan inarengan jisim abdi" Saumur gumelar hirup pesen ku getih nya diri can terang getih sorangan cindekna piunjuk abdi ayeuna neda mupakat pikeun pimusuhan abdi Perbu Siliwangi nyaur ka Raden Arga papatih: "eh ayeuna patih Arga kumpulkeun pernujum sidik atawana pararaja pikeun neguh perejurit" "Ayeuna euweuh nu pamuk" matur mangga Raden Patih geus putus timbalan angkat enggalna lampah Den patih sakabeh nujum geus dongkap sakur nu aya di nagri Geus marek kabeh pamujum enggal Perbu Siliwangi lajeng mariksa harita ka sakabeh nujum sidik "iyeu kabeh para raja sakur para nujum sidik" "Ayeuna kudu piunjuk iyeu diwewengkon Jawi dikira saha jalmana nu ngelehkeun balad aing" Sadaya taya nu jawab pada repeh bae sami Ka Raden Gagaklumayung geura unjukeun kakasih pemujum tungkul sadaya kabeh sami pada mikir sarusah arek unjukan ku sabab tacan kaeling Kocap aya hiji nujum milu campur nyiliwuri hanteu wawuh jeung nu rea tegesna malak Jibrail baris nanggalkeun lantaran seug unjukan aki-aki "Sumuhun dawuhan ratu ari emutan sim abdi ngorehan di pulo Jawa tangtu moal aya tanding nu unggul cumah ngan putra Perbu Kean Santang aji Ngan aya oge geus tangtu pilawaneun putra Gusti sanes jero pulo Jawa ayana di Mekah nagri ngaranna Alimurtada Baginda Ali bin Tolib Amung tebih liwat langkung ayana di puser bumi pulo Mekah nagri Arab malah ceuk sakaol deui geus kasebut masa Allah amung sareng putra gusti Itu ieu tacan puguh nu unggul ngalingga jurit duka mana anu kalah ngan geus tangtu mendak tanding sakitu abdi unjukan ka gusti di Siliwangi Ngadawuh deui ka nujum "terangkeun bae sakali tiap maneh bisa norah pilawaneun kitu deui tangtu kapanggih ayeuna coba pek sebutkeun deui" "Baris lawan anu unggul mana anu baris tanding" Ki nujum barang dipaksa teu kungsi unjukan deui ilang leungit tanpa musna ti payuBeung Siliwangi Pemujum pada piunjuk duka teuing teu tingali malah hanteu wawuh pisan eujeung eta aki-aki malah waktu cacampuran jol sorangan nyiliwuri Hanteu wawuh jeung nu kumpul nu aya payuneun gusti ari abdi kabeh rempag sareng batur-batur abdi nyanggakeun dikabodoan geus teu bisa norah deui Hookeun Gagaklumayung geus hanteu ngisukeun deui unjukeun bae harita "jisim abdi neda idin dek miyos ka nagri Mekah mendakan Bagenda-ali" "Ayeuna baris dijugjug panorah aki nu leungit Hyang terang nya hanteuna ngayonan Bagenda-ali" Perbu Siliwangi jawab "efa kuma karep pikir Ngan sambung salamet maksud" Enggaling nu mangun gurit sang Perebu Kean Santang teu wantun ngisukeun deui enggal bae dangdan-dangdan sanggeus dangdan lajeung indit Amung Siliwangi Perbu siang wengi pasang kuping kocapkeun Gagaklumajang kebat lampahna nu gasik ngaler ngulon lalampahna nyorang hiji tempat resik Pan tes dianggo menekung liren dina tempat buni nya-eta di Hujung-kulon lajeng heula muja calik tidinya muja ka dewa paneda na muja sari Ka dewa nu maha weruh ka jiwa sasanga deui "jisim kuring neda terang mun yaktos di puseur bumi aya pikeun tanding lawan nu ngaran Bagenda-ali" "Mugi diparinan tuduh Teu lami waktuna deui sowara hanteu katingal: "he Gagak Lumayung jurit atawa Garantang Setra ayeuna panglandih kami" Lain dewa Marawelu ieu kami nu ngalandi sora hanteu katingalan perkara maneh rek ngusir nya-eta ka tanah Mekah ngabujeng Bagenda Ali "Ayeuna aya diditu maneh geus tinangtos panggih sareng ngaran maneh pisan ku kami mana dilandi nya-eta Garantangsetra tegesna Setra beresih" "Tegesna Garantang maksud tangtu papanggih jeung suci helas maneh geura iyang kebatkeun saniat tadi" Korejat Gagaklumajang ti Hujung1mlon geus indit Geus sum ping ka sisi laut teu kaduga ningal cai tuluy bae tapak kancang najan ngapung nerus bumi jadi geus taya halangan istijabna kang dumadi Sigeugkeun Gagaklumayung eukeur ngambah di jaladri katunda lampah di jalan gentos anu kocap deui kangjeng gusti Rasullullah nalika di Mekah linggih </poem> == IV. Pupuh Sinom (1) == <poem> Kangjeng gusti Rasullullah dideuheusan para mumin sarawuh para sahabat Abubakar, Umar, Ali Usman sarawuh ratu jin para mumin pada kumpul anu eukeur berhimpunan kersana teh kangjeng Gusti dek ngadamel tambah tihang Masjidilharam Tujuh tihang nu ditambah harita ngan kurang hiji tatapi gusti geus mendak tihang kuning ti ratu jin pangaosna tacan jadi kamanahna mah geus puguh diparios pangaosna nya-eta ku kangjeng Nabi ratu jin teh teu acan wantun unjukan Kangjeng gusti seug mariksa ka para sahabat mumin unjukna para sahabat ngiring galih kangjeng gusti kangjeng Nabi seug ngalahir gentrana manis jeung arum nya eta Nabi ratuna kersana teh Kangjeng Nabi dek maparin uwang emas harga tihang Tapi eta tihang tea hargana teh tacan sidik ceuk sakaol saratus dinar sarebu rupia leuwih jadi opat rebu leuwih opat rebu lima ratus ratu jin seug unjukan ari piunjuk ratu jin najan gusti maparin uwangna salksa Mo al kasanggakeun pis an amung paneja sim abdi "lamun saabatna tihang seja ngiring jisim abdi sareng teu tangtu ku duit sarupa naon bae nun supaya kabobot tihang kadangu ku kangjeng Nabi enggal nyandak kertas sinareng mangsina Kangjeng Nabi enggal nyerat ungel lapad bismilahi nya eta buat nimbangan eta tihang ti ratu jin ku kersana kangjeng Nabi gerat tihangna di unggul nim bang ku lapad bismillah hampang tihang batan tulis tihang ti jin hantu kuwat ka mu'jijat Ratu jin sujud unjukan "seja nyanggakeun sim abdi eta teh perkawis tihang jisim abdi seja bakti" Geus narima kangjeng Nabi ka sahabatna ngadawuh "isukan kabeh sahabat Abukabar, Umar, Ali reujeung Usman isukan kudu kumpulan" Urang terus ngadegkeun tea sarengna deui ka Ali isuk kudu nyandak tungkat teteken ulah dek lali" Persahabat unjuk ta'dim sumangga dawuhan Rasul" Parantos kenging dawuhan bubar marulih pramumin kitu deui persahabat wangsul heula Enggaling iyeu carita reup peuting geus isuk deui Kocapkeun Gusti Baginda tabuh lima geus sayagi seug nyandak teteken Nabi barangna eta dek langsur jol sumping sahiji malak malaikat Jabarail seug megatan Baginda ke heulaan Ulah waka kenceng mangkat bener jangji kangjeng Nabi jam tujuh kudu geus aya kudu sadia di masjid kaula nanggel ka Ali bilih kabendon ku rasul kudu geus tabuh dalapan waktu tidieu nya indit anu matak antara tabuh dalapan Sabab bakal aya semah tatamu ngajugjug Ali tatamu ti Pulo Jawa geus kudu bae dianti wayahna antos ku Ali ngan upama enggeus tepung sakalian kudu candak ngadeuheus ka kanjeng Nabi saupama teu dongkap tabuh dalapan "Eta tamu hanteu dongkap Ali hade bae indit kencengkeun ngadegkeun tea" Sanggeus wuwuruk Jabarail musna harita teh leungit ku gusti Ali diturut ngantosan tamu nu dongkap jeung manah Bagenda Ali aya manah kaduhung teu neros heula Pikarepeun tamu tea Jabarail kaburu mulih parandene teu kumaha manahna Bagenda Ali beunang ku engke deui ditaros maksud tatamu tatamu sumping harita waktuna eta geus sumping enggeus manjing waktuna tabuh dalapan Harita tatamu dongkap lieuk deui lieuk deui nyeri beuheung sosonggetan manahna teh Gusti Ali gaduh timuru saeutik kanu maparin pituduh palangsiang rancana setan ngagoda ka aing Gusti Ali bari jengkar ti bumina Barang geus sumping kajalan dijalan perok bae panggih jeung Parebu Kean Santang ningali ka Baginda Ali tapi teu acan tingali disipatna tacan weruh celuk Perbu Kean Santang ka eta Bagenda Ali "huh ! kaula dagoan heula ku bapa" Reg Gusti Ali ngantosan bari nyandak teken kai ditancebkeun kana limah Perbu Kean Santang sumping caket jeung Bagenda Ali Pangeran Gagak Lumayung tumaros kieu sauma: "maap bae bapa kuring bade aya anu ditaros ka bapa" "Mugi bapa tuduh jalan pakuwon Bagenda Ali eta di mana tempatna mugi tuduhkeun sim kuring kakuping ku Baginda Ali kaget manahna kalangkung: "engke agus heulaanan pun bapa teh tampasari rangah reungeuh ditaros kitu ku ujang" "Karana ieu di Mekah sakabeh pada ningali pakuwon Alimurtada ngan ujang anyar pinanggih jeung bapa nembe ningali na timana ari agus banjar karang panglayungan nya bali geusan ngajadi" Pek Perbu Kean Santang ngawalonan </poem> == V. Pupuh Pangkur == <poem> Pangeran Gagak Lumajang sakalangkung gonjlengna kaliwat saking "he bapa lamun teu weruh kaula teh urang Jawa ngaran kaula ieu teh Gagak Lumayung nya eta Gagak Lumajang Perbu Kean Santang aji Nu gagah di Pulo Jawa Garantang Setra enya keneh ngaran kuring nu mawi jauh dijugjug anggang-anggang diteang anu ngaran Baginda Ali siga pamuk kaula hayang ngayonan kadigjayan Bagenda Ali" "Sabab kaula di Jawa enggeus garung eweuh pilawaneun jurit kitu margina dijugjug tah kitu bapa nya maksud niat kula" Baginda Ali ngarungu seug maca alhamdulillah lajeung hirabila lamin Sujud sukur ka yang sukma amung tekad Bagenda Ali nu lantip hanteu pisan-pisan kitu ngagungkeun yen kagagahan teu rumaos nu gagah amung yang agung raga nyawa gagaduhan titipan nu murba diri Bagenda Ali ngandika "atuh agus mangga pun bapa teh ngiring sumangga aya pituduh geus tinangtos agus tepang tatapina engke dipayuneun rasul sareng Bagenda Ali tea keur ngadegkeun ontob masjid Jung angkat Gagak Lumajang ingkeun bapa engke anu tuduh margi Gagak Lumajang ti pungkur antara geus sapapatah tebihna teh emut kana tungkat kantun Bagenda Ali ret katukang barina lajeng ngalahir "Masaallah agus hilap pun bapa teh tinggaleun tongkat pandeuri abong-abong enggeus pikun Raden pangnyandakeun heula krana Allah" Enggalna Gagak Lumayung wangsul deui nyandak tungkat geus sumping ka urut tadi Tungkat keur nanceb di tanah seug dicandak di jurang ku tengan kari barang jung eta dicabut tungkat pageuh hanteu beunang dodogeran pangeran Gagak Lumayung tapi weleh hanteu beunang Perbu Kean Santang pusing Jeung maca Astagaillah kurang ajar tukem ngawawanen teuing moal sabaraha teguh Raden nyingkilkeun raksukan duwanana rap tangan kenca katuhu dicabut pageuh teu beunang bedasna nu nyabut tarik Pageuhna tungkat ka lemah hanteu beunang kalah ambles eta sikil sampean Gagak Lumayung semet tuur duanana ka jro taneuh seep tanagana lesu geus seep kadigjayaan lalesu nya tulang sendi Karinget tina salira metu darah ting peletik bijil getih rumpuyuk Gagak Lumayung saumur kakara ningal rnetu darah lomokot sabulu-bulu ngaraos apes istijrad duh cilaka awak aing Angen sasambat ka dewa kitu pokna: "duh jiwa da sangamalih lan rnalih dewa merwolu hamba tulung kadigjayan Keyan Santang beunang sasambat kitu teunekan istijradna lalesu nya tulang sendi Kabujeng bae ku bapa "masa allah naha mana lami teuing" Ngajawab Gajah Lurnayung: "bapa kula hanteu kiat nyabut ieu tungkat pageuh teu kacabut" carek bapa: "na kumaha kapan agus jalm i sakti Kari-kari teu kajungkat "maka kalah naha bapa heran teuing" Pangeran Gagak Lumayung sakalangkung tampa wirang carek bapa: "cing ku bapa urang cabut" Barina maca kalimah kalawan salawat deui "Allohumma salli ala Muhamadi ala ali Muhamad deui laillaha - illellohu waashadu ana Muhammad, rasullah" Gusti Ali maca tutug maca kalimah sahadat seug dicabut tungkat kenging Sareng Keyan Santangjagjag langkung bengong ngupingkeun kalimah kalih Gagak Lumayung seug nyaur: "palakiah naon bapa anu bieu eta teh na matak nulung tungkat beunang kula jagjag Gusti Ali walon aris "Bisi agus teu uninga nu dibaea palakiah anu tadi paranti ngapeskeun musuh" eek Raden : "astagaillah kutan kitu kabuktian bapa estu engke kula arek nanya Pok deui ka Bagenda Ali "Tapi eta palakiah aya deui karepna salian jurit salian pangapes musuh j eung ungel bapa kumaha palakiah soteh basa kuring sebut enggal bapa teh ngandika eek bapa mah aya deui Eta teh pikukuh selam enya eta ngaranna kalimah kalih ari papakem nu luhur enya eta kitab kuran saha-saha anu teu make eta tangtu dihisab diarah mahsar teu diaku umat Nabi Aya didasar naraka Raden Gagak Lumajang prihatin nguping rumaos agama Hindu enggalna ieu carita saparantos Kean Santang naros kitu kebat angkatna jeung bapa ngadeuheus ka kangjeng Nabi Sumping ka Masjidilharam Kangjeng Nabi kasondong jeung para mu'min miwah sahabat sarawuh Abubakar, Umar, Usman engeus pada nyandak tihang anu tujuh ngan kantun sahiji tihang sabab ngantos Baginda Ali Kangjeng Nabi seug mariksa: "naha Ali mana kalamian teuing diantos ku batur-batur na aya naon halangan ? " Tungkul mando Bagenda Ali piunjuk sumuhun dawuh pariksa mendak halangan sim abdi" Kabujeng tamu di Jawa taya sanes anu dibujeng sim abdi maksudna anu geus tangtu tina geus garung di Jawa taya dua nu gagah unggul ti batur wasta Perbu Kean Santang Pangeran Gagak Lumiring "Atawa Gagak Lumayang pangkadieu hayang ngayonan sim kuring sareng agamana Hindu Kean Santang kaget pisan yen ngupingkeun Bagenda Ali miunjuk noel barina ngandika: "kutan bapa Bagenda Ali” Lamun tadi ngaku nama meureun kuring teh moal isin kangjeng Nabi nyaur arum eta aya tamu gagah maksudna teh engke bae urang catur kitu jeung Na bi ngandika ka eta Bagenda Ali Ayeuna perasahabat menta tulung ngajungjungkeun tihang masjid Perbu Kean Santang nyaur: "sumangga ngiring timbalan Kean Santang Pangeran Gagak Lumayung geus rek nyandak hiji tihang tihang pikeun tihang masjid Kitu deui persahabat Abubakar, Umar, Ali pada nyangking barang tihang rek dijungjung sakabeh maca kalimah geus jung ngadeg amung hiji tacan nangtung nya eta perbu Kean Santang dodogeran teu kaindit Kean Santang dodogeran eta tihang kuning anu ti ratu jin tibatan tihang kajungjung sampean amles ka lemah cikaringet barijil sabulu-bulu sarta cikaringet darah Perbu Kean Santang muni Tulung teu kabawa beurat Bagenda Ali gumejeng bari ngalahir "boro gagah teu kajungjung" Mesem galih persahabat Bagenda Ali geus kek nema tihang agung barina macam kalimah jeung kaluhur durma galih </poem> == VI. Pupuh Durma == <poem> Kabeh tihang geus ngadeg geus didangdosan ceuk sakaol hanteu sami loba nu ngabantun dalah darongkap sorangan dongkapna teh eta kai ngan geus sampurna geus parantos ontob masjid Kacaturkeun eta Perbu Kean San tang wirangna kaliwat saking mikir sajeroning manah wiwirang nu dibelaan "homo teuing engke aing geus prak ngayonan gagahna Bagenda Ali" "Ayeup a ge geus wirang ku istijradna komo teuing geus prak jurit aing geus taya untupan ngalawan dina ngalaga" Perbu Kean Santang singkil niat rek minggat eta seja kabar mulih Nepak bumi dek kabur ka awang-awang barang deuk ngapungna tarik teu kebat ka awang-awang kasiku ku Rasullullah geuwat deui kana bumi Den Santang ragrag biur deui ragrag deui Tujuh kali maburna teu bisa kebat kasiku ku kangjeng Nabi cambal kasaktenna geus rumasa Keyan Santang ngaluhuran kangjeng Nabi apes jayana tinya hayang nerus bumi Sang Lumajang rek nerus bumi kahandap barang dek bus kana bumi bumi hanteu suka susah Perbu Kean Santang datang lesu liwat saking taya tanaga leuleus kabeh tulang sendi Raraosan lir bentang gering pat bulan ukur bisa usik malik teu aya tanaga lamun seug aya tanaga meureun lumpat suku aing manahna Santang nyaur dina jero ati Tina sabab kasiku ku Rasullullah ti harita urang Jawi sihir-sihir kagagahan satiap dongkap ka Mekah kudu bae apes sihir Gagak Lumayang sumping pikiran birahi Kean San tang nyaur dina jero manah "ieu lalampahan aing kasiku ku Rasullaullah sanajan mulang ka Jawa enggeus tangtu awak aing cilaka cam bal diri wirang awak rujit "Ayeuna mah anggur aing rek tabeat agama Hindu teu hasil jaga geus komo cilaka cacak ayeuna ge wirang Perbu Kean Santang indit seug ngadeuheusan kapayuneun kangjeng Nabi Kangjeng Nabi mariksa ka Kean Santang gentrana arum jeung manis ma tak bingbang manah "He Perbu Kean -San tang naon maksud Raden galih pang ngadeuheusan" Kean Santang unjuk ta'dim "Kaulanun agung bebendu gamparan mugi idin kersa gusti nyanggakeun dikaireugan gusti nu langkung waspada seja ngiring agama suci sumeja tabeat sareng deui jisim abdi Paneja abdi mo mulang ka tanah Jawa seja ngiring dampal gusti Kangjeng Nabi narima lnsa Allah Kean Santang ari geus dongkap birahi sinareng ihias ulah sok tuturut munding" "Pikir ulah kabawa ku kaba-kaba" Kean Santang matur ta'dim: "tobat hanteu pisan jisim abdi enggeus pasrah" enggal bae Kangjeng Nabi dek minulangan sahadat kalimah kalih Kean Santang tumut kana piwurukna kawuwuh terap birahi Kangjeng Nabi ngadunga neda ka Yang Maha mulya dipadangkeun caang pikir manah Kean Santang putus panedana Nabi Cara koneng katetesan apu tea satekane kang dumadi diginuluran kersana siang wengi hanteu kendat wahyu ti yang maha suci sagala kersana ka Nabi Rasul kakasih Kean San tang sawuruk Nabi kamanah serta geus terap birahi geus padang manahna dibukak ku yang sukma Kangjeng Nabi geus ngalahir ka Abubakar He ki Abubakar Sidik "Singna terus ieu Raden Kean Santang wuruk kur'an sina ngaji" Abubakar anarima miwah sahabat sadaya ngiring satimbalan gusti Gagak Lumajang manahna kasmaran galih </poem> == VII. Pupuh Asmarandana (2) == <poem> Enggalna nu mangun jurit Siang wengi Kean Santang hanteu weleh-weleh ngaos dibanding para sahabat pada asih sadayana kawuwuhan ku jeng Rasul kakasihna Keang_Santang Carlos nu mangun gurit sanggeus tetep Kean Santang beurang peuting getol ngaos pitulung yang maha mulya katambahan ku mujijat tina kakasih nu luhur aosannana geus paham Lamina dicatur deui ngaosna di nagri Mekah gues sataun lamina teh sagala aosan paham taya kitab nu kaliwat wantuning ditempat makbul mustajab sapanejana Saparantos kitab deui seug ngaos tatakrama honnat tilawat sakabeh tiba teu kendat berjumah siang wengi ngadeuheusan satuluyna mah tabaruk satariyah nakasbandiah Guru tarekat ka Nabi kantun tetep ibadahna lima waktu langkung getol geus pugµh hujung puhuna sahadat jeung sajatina sakalangkung matak lucu asih sakabeh sahabat Sumawon Bagenda Ali asihna kabina-bina cara katurunan bae Abubakar, Umar, Usman siang wengi teu papisah kawuwuhan ku luluhur Gusti jeng Na bi Muhamad Siang wengi dipiasih hanteu beda ka sahabat samalah jenengana teh geus lain jenengan San tang atawa Gagak Lumajang sumawon Gagak Lumayung ari kakasihna dua Sunan Rahmat gentos kasih atawa Sunan Bidayah kocap mangsa harita teh jeung sadaya persahabat Ali, Abubakar, Usman ngaberes payuneun Rasul serawuh Umar bin Hatab Kangjeng Nabi seug ngalahir marios ka Sunan Rahmat "Cing ayeuna arek naros rehing geus salin agama wirasat kuma raosna menggahing agama Hindu sinareng agama Islam" "Ayeuna di tan ding pikir karana urang teu maksa seug coba mana nu enteng mana nu karasa senang upama maneh tibelat ka eta agama Hindu ku urang moal dipaksa Sunan Rahmat matur ta'dim : "sumuhun dawuh timbalan ayeuna jisim abdi teh sumawonna tineung tea ka agama Hindu Jawa kawasna saumur hirup moal emut-emut acan Sumawonna abdi eling sahingga ka tanah J awa sim abdi geus moal bae geus hanteu hayang nyoreang sumawonna nineung tea sanajan dumuk ka umur teu hayang nilarkeun Mekah Kangjeng Nabi nyaur manis: cing kieu ari ayeuna tanda teu dek nyoreang teh yen nilar ka pulo J awa cing coba maca kalimah serta bari mepet bayu peureum sahingga geus tamat Ku Raden beuntakeun deui kuma eta wirasatna raraosan anu yaktos Sunan Rahmat matur "mangga" sot tasbeh sareng sajadah simpen heulanan dipayun dek Raden maca kalimah Nya eta kalimah kalih ashad u allaillaha illellohu nu diaos waashaduana Muhamad-Rasullullah kitu macana barangna parantos putus mepet bayu geuwat beunta Kersa Allah geus pinasti geus ras eling Sunan Rahmat sakalangkung bengongna teh anjeunna aya di Jawa di tempat Karang Pakuan segruk nangis bari nyuuh dastarna dianggo pisan "Aduh gusti Kangjeng Nabi jisim abdina kumaha bet pertela ieu yaktos bet jadi aya di Jawa serta di Karang Pakuan bari nangis segrak-segruk kaserep ku Rasullullah Jisim abdi geus teu sudi aya deui di Pakuan teu nyanten abdi kabendon mugi gusti ngahampura nu asih ka umat tuan ti luhur sahibas rambut ti handap sahibas dampal Sunan Rahmat keur prihatin kareueung nineung nya rasa raos titingalan oge ningal ka Karang Pakuan hanteu sudi-sudi acan reup peuting asa ngalindur beurang asa gundam Ti peuting osok kaimpi ti beurang kantun waasna diupamakeun kabogoh istri geulis sarta lenjang atawa ku pamajikan papisah katinggal umur ditandingkeun reujeung eta Sajerena geus mo tepi kakeueung kanineungan ageung keneh ka papagon euweuh eukeur ngaupama lamun ku Rasullullah mah komo mun katilar pupus cacak papisah ka J awa Sakieu wirasat diri beak umur kaedanan Sunan Rahmat bari mios angkat hanteu puguh losna taya jalma nu mendakan diayana ge nu wawuh sahingga urang Pakuwan Kawantu rupina haji marukanna lain Santang taya jalma anu nyaho kebat Sunan Rahmat angkat lalakon nu kaedanan enggaling nu mangun catur bijilna di ujung kulon </poem> == VIII. Pupuh Mijil == <poem> Sunan Rahmat barangna ras eling manahna tawalo jeung deui barang ngareret mendak tempat anu suni tinya liren calik minangka tapakur Siang wengi hanteu kendat muji saking ti rumaos kaireugan katalingeuhan bae teu jadi manah nu suci mantep ka yang widi sidakep tumungkul Amateni kang patang perkawis kang pinendeng urang pengucap lan talingane paningal karana malih sawiji tan kenang pati pek matiya nagung Angilone paesan satunggil kasmaran rupi kang yaktos ya iku tan kenang paten manjing metu ing apesi Sunan Rahmat anglilir kaya mentas turu Kuwung-kuwung melengkung meg langit teja mayang katon lain sejane kang tingale Sunan Bidyah ras eling raos ka babawa impi jeung deui dicatur Lamina teh didinyana ngancrik kira sataon nya raos hanteu tuang hanteu sare sarena pada tingali ku antek nya ati hayang deui tepung Sareng pangkon kangjeng gusti nabi Rasullullah angot kocapkeun siji mangsa teh barangna reup deui peuting peuting geus beurang deui kira wanci subuh Eukeur maca muji ka yang widi pitulung yang manon tina kamurahanana teh sumawon nu laku becik hingga ala deui murahna yang agung aya sowara tan katingali unggeling sorane He Sunan Bidayah maneh lamun hayang tepung deui jeung Nabi kang sinepi Kangjeng Nabi rasul Reujeung deui mun maneh teu ngarti pertandana yaktos mujijatna kangjeng Nabi teh ngungkulan ti para Nabi panguluna para Nabi sirahing para Rasul Makutana ambiya sakalir kakasih yang manon cing ayeuna coba maneh teh geura maca kalimah kalih sing estu jero ati serta masing suhud Nya eta maca kalimah kalih sanggeus beunta panon kumaha wirasat maneh tangtu ku maneh kapikir reujeung kasmaran galih tambah mendak makbul Ngan sakitu soara les gaib tuduhna nu yaktos ras eling Sunan Rahmat teh muji sukur ka yang widi alhamdullillahi robil a'lamin mimitina maca taud Sunan Rahmat enggal maca gasik meungpeung tacan poho nya-eta maca kalimah kalih teh ashadu allaillaha illellohi waashadu ana deui Muhamad Rasullullahu Metu napas bari ret ningali kersaning yang manon Sunan Rahmat rurat reret bae barengna enggeus ningali enggeus dipayuneun Nabi kangjeng gusti Rasul Persahabat ngaberes digigir urut bieu yaktos katingali sajadah tasbe teh da puguh ge urut tadi geus kasmaran galih Raden lajeng sujud Kasampeyan jeng gusti sinelir kanjeng Nabi naros kuma raraosan maneh ayeuna sinareng tadi mana anu gampil Islam sareng Hindu Sunan Rahmat unjuk bari ta'dim sumuhun patios sumawonten ras jisim abdi teh ditetelakeun ka gusti wirasat di abdi najan teu piunjuk Kangjeng gusti nu langkung tingali ratuning waspaos sumawonten umat kabeh pitung bumi pitung langit sawarga aras jeung korsi naraka pon kitu Amung gusti nu langkung tingali ngan abdi teh helok seja tumaros abdi teh pisah ti gusti ka Jawi dicatet ku abdi lamina satahun Nya teu tepang sareng pangkon gusti amung abdi helok kari-kari ditingal tasbeh teh sajadah nya kitu deui kawas urut tadi jeng Nabi ngadawuh Eta bae sahabat ku rayi coba seug parios engkang mah sakieu bae bade ngawalon ka rayi poe ieu naon rayi tanggal bulan taun Nu sakieu ieu abdi-abdi geura pek marios tuh ka paman nya marios teh Abubakar imut manis seug ngawejang deui ka Gagak Lumayung He Sunan Rahmat anaking maneh masing ngartos eta apan tasbe saksina teh tacan ganti beurang peuting bulan kitu deui sumawonna tahun Sareng dei manah masing lantip ulah salah raos ulah jadi helok jro manah teh manahan masing ka surti talek masing sidik ngelmuna sing timu Sunan Rahmat tungkul bari mikir teu lami po� walon geus kahartos sauma teh kabeh saur Abubakar Sidik manawi kairing mujijat luluhur Persahabat ger gumujeung manis ngiringan geus cocog Sunan Rahmat langkung sukana teh keleresan ku permumin cari ta birahi kinantinya kalbu </poem> == IX. Pupuh Kinanti (2) == <poem> Kangjeng gusti Nabi Rasul enggalna mariksa deui nya-eta ka Sunan Rahmat: "engkang teh dek nanya deui kumaha di tanah Jawa menakna jeung abdi-abdi Agamana masih Hindu atawa campur agami Hindu jeung agama Islam loba mana mun ditanding coba engkang menta terang" Sunan Rahmat matur ta'dim "Sumuhun timbalan Rasul yaktosna di tanah Jawi Hindu pisan sadayana agama Hindu dipuhit sumambatna ngan ka Dewa jeung seweng cegahan Nabi Taya murat taya makeruh batal haram kitu deui tina saking ku teu aya hadis pangandika Nabi dalil pangadilan Allah agama Islam teu manggih Kadangu ku kangjeng Rasul sakalangkung welas galih hawatos ka para umat umat nu aya di Jawi "cing Raden ari ayeuna ku engkang didamel wakil Sumawonna rayi purun ngambah deui tanah Jawi teu purun diteda suka kudu bae angkat deui nya-eta ka tanah Jawa ku engkang didamel wakil Saupama Raden purun didamel wakil ka Jawi nyelamkeun di pulo Jawa sing maca kalimah kalih kieu perjangjian engkang sumawonna diri rayi Saha-saha anu nurut barangkali engkang rayi kana kaluputanana jaga ditanggung di Batin dijauhkeun kanaraka pinanjing janatun naim Geura seug sing deukeut dangu ku rayi manah sing lantip dalil pangandika Allah salirana ieu pulih jeung deuina anu nyerat hatur paneda sim kuring Satu muni salah nyebut pajahati mugi-mugi perulama sadaya atawa kapala santri kema Allah didangdosan kieu pangandika Nabi Abin sani mu'minun ala insani mumin2 walharama ati Islam apallahu linnasi walmuslimina walmuslimat ilia ipwa mu'minin Wajibuli yapalu ayuhal mina ami kobla almaot badal maota gaeru illal munapikin munapikin ilia insan jahilin illa P.inarin Ari paeh moal burung taya gede taya leutik taya kolot taya ngora taya menak taya kuring taya gagah taya kurang taya cageur taya gering Ka agama masing suhud ulah bosen beurang peuting jeung masing gumati pisan ka agama kangjeng Nabi lamun geten ka agama pasti eta mulya diri Sunan bidayah seug tungkul ngupingkeun piwuruk Nabi ngeunah jeung gen tra tetela isin pabaur jeung ngerik matak ngabingbangkeun susah teu kandeg ngupingkeun gusti Jadi sungsuam jeung balung surup kulit kana dagmg sumarambah kana bayah terus kana sanubari Sunan Rahmat unjuk sembah nuhun satimbalan gusti Pirang-pirang abdi untung diasih ku dampal gusti kasuhun ka lingga murda kacangcang ku duwa kuping kacangreud ku tungtung rema nuhun salaksa lumiring Siang wengi seja tumut kana satimbalan gusti sumeja ngemban timbalan angjeng Nabi nyaur deui sukur Raden Sunan RC}hmat sambung dunga siang wengi Jeung deuilla bisi ripuh engke teh di pulo J awi nu enteng bae pilihan jeung saha di pulo J awi anu jadi gegedena nu mangku di pulo Jawi Piunjuk Gagak Lumayung nuhun timbalan jeng gusti ngan nagara Pajajaran nama Perbu Siliwangi Dawuh kangjeng Rasullullah tah eta heulakeun rayi Lamun enggeus puguh tumut abdi tangtunage gampil kumpulkeun ku rajana geus kantenan ngariring kana satimbalan tah kitu entengna rayi Sunan Rahmat pek piunjuk ngiring sadawuhan gusti tegas timbalan jeng tu wan bade mios jisim abdi abdi gusti neda jiyad nyuhunkeun mujijat gusti Sunan Rahmat enggal sujud ka dampal sampean gusti ku Nabi seug diladonan hurmatna silaturahmi lajeng bae Sunan Rahmat geus munjung ka kangjeng Nabi Ngalirik deui ka pungkur munjung ka Bagenda Ali ka Umar sareng ka Usman jeung ka Abubakar Sidik Sunan Rahmat seug ngadunga jeung maca kalimah kalih Laillaha illallohu Muhamad Rasullullahi socana peureum teu ningal tekadna nu lantip budi maca kalimah tabeat minangka mujijat gusti Kersaning Allah nu agung Sunan Rahmat keur diasih karamat Rahmat mujijat barang bray beunta ningali Sunan Rahmat geus di Jawa manjur karamat kakasih Barang ngalirik ka payun Sunan Rahmat seug ningali beh karaton Pajajaran malah Perbu Siliwangi harita keur magelaran ponggawa Mantri Bopati Di paseban pepek pinuh harita Sang Siliwangi taya sanes nu diwejang naha kalamian teuing lam pah Perbu Kean San tang rada sumelang nya diri Barang keur guneman catur Perbu Kean Santang sumping geus dongkap payun ramana kaget sadaya ningali sakedap bengong teu awas ku sabab panganggo haji Geus lami sadaya emut ka eta Gagak Lumiring sakabeh nyebut haturan kocap Perbu Siliwangi naha Raden Kean Santang mana kalamian teuing Sampe meunang dua taun ama hayang pisan nguping ama anu sayaktosna kumaha Bagenda Ali eta diay onananana ? nu kocap kapungkur jurit </poem> == X. Pupuh Pangkur (2) == <poem> Sunan Rahmat seug haturan piunjukna ka Perbu Siliwangi kang putra hatur piunjuk perkawis putra ngajonan enggeus niat jeung Bagenda Ali pamuk eta beja kayaktosan perkawis Bagenda Ali Eta teh bangsa karamat kawuwuhan ku mujijat kangjeng Nabi nu kakasih maha luhur perkawis putera tea sumawonna nepi kana perang pupuh cacakan ku karamatna putra teh geus apes diri Cindekna putra teu kiat moat aya nu mental Bagenda Ali ka kasih kangjeng luluhur tina putra geus teu kiat manjing selam teu guna agama Hindu hanteu nineung hanteu melang matak disiksa di batin Karana mungguhing urang paeh tea tara dua tilu kali ngan sakali enggeus tangtu saupama diri urang lamun wafat teu mawa iman geus tangtu dikubuma ge disiksa ku Munkar jeung Wanakir Suinawon diarah Mahasar enggeus tangtu lamun teu nurut ka nabi kana agama luluhur menggah kangjeng nabi tea geus kasebut makutana para Rasul nu kagungan alam dunya pitung bumi pitung langit Sawarga sareng naraka sumawonna sakabeh eusina deui jin, setan sakabeh makhluk sakabeh asal tidinya mana putra ayeuna nu mawi cunduk yaktosna ngemban timbalan ka J awa wakil jeng nabi Ngislamkeun ieu di Jawa mugi-mugi kangjeng rama Siliwangi ayeuna teh kudu taluk miceun Hindu manjing Islam parmanahna ulah bareurit sing nurut ayeuna teh tuang putra hukum mula tambah suci Jeung kabeh kaula warga kawuwuhan dikersakeun jadi wakil wawakil kangjeng luluhur coba putra seug walonan saupama putra ayeuna teh kudu kuma kersa purunna maha kang putra seja dek ngiring Cindekna mah ka sadaya saha-saha anu teu nurut ka kami nu kitu beunang disebut jadi satru kabuyutan Siliwangi hookeun reuwas kalangkung naha ieu Kean Santang kawas jalma nu teu eling Datang ti Mekah teh edan atawana ieu jalma selang-seling ku Sunan Rahmat kadangu lamun kieu petana Pajajaran ayeuna tangtu diamuk dijieun lemah irengan rajana tangtu dibasmi Atina teuas siluman lain aya pikiran kadua lantip pituduh nu matak makbul kalah ngangaranan edan Siliwangi geuwat ngawalonan arum hekang putra Kean Santang engke ulah waka pusing Perkawis nalukeun Se lam ama nanya pertanda nu jadi wakil mana piagem ti ditu coba ama ningalan Sunan Rahmat ngajawab ka sang Perebu henteu nganggo piagemna karana hanteu maparin Tina kalangkung percaya Siliwangi ka Santang ngajawab deui cindekna iau teu puguh mama teh kirang percaya mun geus ningal piagemna ti luluhur ama teh tangtu didinya kari arek mikir-mikir Pangandika Sunan Rahma t mun kitu mah puguh pikiraneun deui ulah ngangaranan burung pasaling piagem gampang Kian Santang bari neneda ka Rasul ayeuna dek nyokot heula ka Mekah dek balik deui Kebat lampah Sunan Rahmat enggeus mundur ti payuneun Siliwangi �i jalan hanteu dicatur Ji,lgan kocap bae geus dongkap S.unan Rahmat harita enggeus dipayun Y�gjeng Nabi seug mariksa kumana bejana rayi Sunan Rahmat unjuk sembah nuq sumuhun perkawis dawuhan gusti sim ,a; bdi can hasil maksud abdi kalah cacarita ku kang rama di Siliwangi Perebu abdU�h dipenta tanda piagem wakil ti gusti Kangjeng nabi ngadawuhan miwarangan nyandak kertas jeung mangsi piwarangan enggeus cunduk kangjeng nabi enggal nyerat hanteu lami nyerat piagem geus tutup dipasihkeun ka Seh Rahmat ku Seh Rahmat geus ditampi Serta guligah manahna Sunan Rahmat tidinya teh lajeng amit ti payuneun kangjeng ratu kangjeng nabi seug mariksa Insa Allah rai Sunan Rahmat agus sing canduk ka tanah J awa Sunan Rahmat tungkul ta'dim Ngupingkeun eta pidunga suka ati Sunan Rahmat seug ngalirik kersa Allah enggeus cunduk sakiceup dibawa mulang enggeus aya di negeri Pakuwan datun dina lebah kaca-kaca nya-eta di sirah negeri Sunan Rahmat barang ningal kana batu lempar alus liwat saking patlot mangsina dicampur tulisan aksara J awa Sunan Rahmat ngadamel bari ngadekul eta batu dingaranan nelah ngaran batu tulis Anu matak Sunan Rahmat eta nyerat kersana di batu tulis supaya pada weruh menak di Pajajaran yen anjeunna jadi wawakil luluhur mangsana eta keur nyerat nuju jalma wara wiri Nya eta nu rek kumpulan para mantri panggawa para bupati aya hiji Mantri weruh mariksa ka nu keur nyerat eukeur naon eta nulls dina batu dijawab ku Sunan Rahmat syukur nanya maneh Mantri lyeu kami mana nyerat eukeur nyieun tanda wawakilna nabi nya kami wakil luluhur ngislamkeun di Pajajran enya eta nyalinan agama Hindu gen tos ku agama Islam saha-saha bae jalmi Anu teu turut ka urang enggeus tinantos napsuna ka anu mungkir diayonan moal mundur kakuping ku mantri tea jeung ditinggal bet Raden Gagak Lumayung Mantri geugeuwatan angkat nguninga ka Siliwangi Teu lila mantri geus dongkap Sang Perbu kasondong jeung Perbopati mangsana eukeur berhim pun taya sanes nu diwejang rehna eta anu dek nalukeun Hindu mupakat jeung para raj a purun teu purun nya galih Rehna kitu Kean Santang Perbupati tungkul teu jawab sahiji barang keur ngadawuh kitu torojol Mantri unjukan piunjukna Mantri dipayuneun ratu sim abdi unjuk uninga mendak putra eukeur nulis Pangeran Gagak Lumajang ngadamel nyerat dina batu tulis sarta bari nuduh-nuduh supayana pada terang kudu Islam nyalinan agama Hindu jeung aya anu dicandak ku anom piagem wakil </poem> == XI. Pupuh Sinom (2) == <poem> Kakuping ku Sang Pakuan piunjukna eta mantri kaget Ratu Pajajaran ngadawuh ka perbopati barina jeung nguncung pikir cing kumaha para ratu rempagna teh ieu urang karana geus datang deui Kean San tang eta si Gagak Lumajang Perbopati piunjukna ari menggah jisim abdi asup kana paribasa taya sanes nu diiring siang wengi kangjeng Gusti nu diwereg lampah ratu sumawonna abdi tea kamana-mana ge abdi hanteu niat nyalinan deui agama Lamun ku dawuhan tuan menggah abdi seja ngiring seug Siliwangi ngandika he ayeuna para mantri ari pikiran kami temen kula-para ratu papada oge mupakat pikir mah kalangkung mungkir ngadenge ge najis ka omongannana Kula hanteu seja pisan leuwih sangeuk liwat saking make nyebut ditakonan ku Munkar eujeung Wanakir anut ka agama Nabi jeung ngomong-ngomong dikubur baroraah niat tea anggur cua liwat saking majar gada sereg di langit gedena Nyebut paeh ditakonan omo)lgna bangsa teu harti jeung menggah nu mati tea dikubur di jero bumi kubur teh dangan saeutik sapira lega di kubur katurug make tamela di jero teh beuki heurin kari2 make nyebut ditakonan Najis teh jeung mawa-mawa siga titiran hanjeli barina ngomong sorangan haruwas-harewos leutik jeung nyambut ka Kangjeng Nabi beleke bae nu burung lamun seug taya haianean ngan ku geus beunang jurit mani pikir hayang nalipak sing modar Cindekna ayeuna urang saha teu anut agami nya eta ka nabi tea ponggawa atawa Mantri atawa Jaksa jeung Patih ka raden Gagak Lumayung montong sieun montong reuwas ari nurut mah ka kami ayeuna mah bisi kaburu ku Santang Kaburu datang ka urang tiningal anut agami kajeun ninggalkeun nagara urang kabur bae nyingkir balik ka asal tadi muru Pajajaran hayu ari kula sorangan arek jalan nerus bumi ieu kraton urang cipta jieun alas Ari sakabeh para raja jeung ieu punggawa Mantri kabeh kudu mindah rupa jadi macan warna wami Piunjuk ponggawa Mantri kabeh kudu ngiring ratu enggalna ratu Pakuan nyandak tukem ki lagondi diguratkeun kana tanah padaleman Istijadna tinekanan karaton geus salin rupi jadi leweung jujumplukan kitu deui Perbupati diteunggeul ku kilagoni sakabeh geus jadi maung ari nu jadi ratuna ratu Batulajang aji enggeus budal kabeh maruru Sancang Ari geus dongkap ka Sancang seug salin jenengan deui ratu Patek salin nama Kocap Raden Arga Patih teu milu jeung Perbupati jajatena hanteu campur Perebu Taji Malela anu diangkat Papatih mindo rupa jadi manjangan Kancana Tapi sejeroning angkat manahna kadua leutik tibelat ka Sunan Rahmat ngan mugi kapayun deui ditepungkeun diri aing jeung R�den Gagak Lumayung mugi saputra putrana eta Perbu Siliwangi sing sapikir reujeung Perbu Kean Santang Oge turunan timana naha paman beda pikir kocap bae Patih Arga ka Pajajaran geus sumping tepung jeung celeng sareuri enya eta jaden Galuh Pajajaran sewu tea tetep eta Raden Patih leungit mencek tanggal deui patih arga Kocap deui Sang Pakuan atawana Siliwangi nerus bumi ti Pakuan kocap Sunan Rahma t deui barang sumping ka jero puri hookeun kaliwat langkung karaton bet jadi alas naha rama Siliwangi antukna mah dongkap ka kieu-kieuna Hanjakal teu tepang heula leu Perbu Siliwangi batan daek ka agama kalah minggat ti nagari jadi rutuning silemin dilari lacakna Perbu urut nerapkeun istijrad Sunan Rahmat pantes galih panasaran daek teu daek agama Geus kacipta ku wirasat jalanna nerus ka bumi coba ku aing dipegat panasaran tacan panggih sing teh sakali deui ari geus tangtu mah puguh daek teu daek agama geus jongok mah kajeun teuing Sunan Rahmat lajeng muntang ka karamat Ditelik lampah nu minggat enggeus tinangtu bakal bijil dina lebah Tegalluwar Sunan Rahmat tungkul muji jeung maca kalimah kalih sahingga eta geus tutup Sunan Rahmat beray beunta sat�kanan kang dumadi ngan sakiceup geus aya di Tegalluwar Kocapkeun ratu Pakuan samemeh anjeunna bijil istijadna nu tiheula lemah nyungkur munjul bumi teu lila anjeunna bijil jeung Sunan Rahmat gok tepung cing ayeuna enggeus tepung jeung piagem ieu bukti ayeuna mah putra ngupingkeun sakersa Dek taluk atawa moal menta jawab anu yakin Siliwangi hanteu jawab lep deui anems bumi tina saking ku teu sudi Sunan Rahmat imut kantun enya teuas ati rama tinya mah Gagak Lumiring lajeung angkat lampahna sawenang-wenang Kocap Perbu Pajajaran kebat lampah nems bumi manahna anu di seja rek mum Cikaso nagri rek nyampeurkeun wana tadi aya di Ratu manaun Sang Perbu Pajajaran munjul deui lemah miring dinya munjulnya eta Munjul-suriyan Barang bijil Sang Pakuan ngagebeg basa gok panggih reujeung Perbu kean Santang ngadegdeg kaliwat saking raosna Sang Siliwangi eta teh Gagak Lumayung dipayuneunnana pisan tur ta hanteu aya sepi ngan ku bakat karamatna Sunan Rahmat Eta Perbu Pajajaran lep deui anems bumi arek mum ka putraita langkung Pakuan diusir nu aya di Sunan Sandi di nagara dayeuh Manggung geus bijil Ratu Pakuwon munjul deui tina bumi sawetaneun padarek eta munjulna Barang elol Sang Pakuan ngagebeg deui Siliwangi geus singsieuneun ku Santang Iep deui anerus bumi tidinya ma� kebat indit bijilna di Duren-sewu gok tepung jeung Patih Arga Siliwangi suka ati langkung manis geus tetep di Pajajaran </poem> == XII. Pupuh Dangdanggula (2) == <poem> Kasigeugkeun Perbu Siliwangi nu geus tetep sareng garwa putra di Pajajaran Sewu teh gentos deui nu dicatur kocap Sunan Rahmat deui ngubek di Pakuan turut-turut lembur nyelamkeunnana teh senang henteu cara menak Pajajaran brewit lajeng kana pigunungan Sakapendak di tegalan jalmi anu nyawah sareng nu ngahuma eta diselamkeun bae amung harita nu tangtu ngan maca kalimah kalih hanteu acan disunatan sabab tacan weruh pilemburan pigunungan nu diambah nu heula anut agami para menakna diliwat Sabab lingas enggeus meunang warti unggal nagri diayaan serat serat ti Siliwangi teh nu mawi loba nu nyumput para Mantri geus muringis amung abdi-abdina nu taretep lalungguh hanteu gedag kalinduan geus bagjana pinanggih reujeung agami sarta pikir taillbah senang Kabungahan ku kalimah kalih hanteu ridu dibawa-bawana nu nyawah di kebon jongjon Pangeran Gagak Lumayung top nandakna buku alit ditungkut jeung ditulisan sakur nu geus anut nu unggel dina catetan nummer satu ngaranna teh eta jalmi ka dua ngaran lembuma Kitu deui umuma ditaksir kolot budak anu geus mistina tegesna anu geus baleg geus ditulis dina buku kitu deui nu ditulis eta teh sadayana dijumlah diitung enggeus puguh di Pakuan ngalih deui lajeng ka sanes nagari tanapi ka pigunungan Mapay2 ti gunung ka nagri saayana kabeh anut Islam nyeta di Batulayang teh tidinya ka lebak agung atawa ka lebak wangi nyeta curug Dogdog tea sareng curug sempur satu nagri opat ngaran wantu-wantu eukeur jaman anu tadi aya anu jadi raja Dinya aya putra Siliwangi nama raden Santang Pertama putra ti Batulayang teh jeung Sunan Rahmat geus tepung skalangkung suka ati sarta geus masup islam SOF1ona hanteu dicatur wantu panjang keneh maksad Sunan Rahmat saderekna suka galih bagjana Santang pertala Sunan Rahmat seug netepkeun rayi jadi pangkat rehna seweng raja jadi ratu curug Dogdog jumeneng Dipati Ukur Sunan Rahmat hanteu lami ti curug Dogdog geus jengkar geus ngalih ngajugjug turut lamping nyorang tegal enggeus nyorang lebak gunung Malasari wates ka Timbangantenan Tuluy nyorang ka pinggir nagarai enya eta dayeuh Pangadegan ngajeujeuh ka lembur bae nu aya sadaya anut amung menakna sarepi geus putus di Pangadegan sor deui ka payun nyorang dayeuh Tambakbaja kitu deui abdina dipinggir nagri nu aya geus manjing selam Menak didinya hanteu kawarti Sunan Rahmat nyorang Korobokan rawuh bae anjeunna teh [... bagian tengah naskah kusabab panjang, teras dugi ka bait 397 ...] </poem> == XVIII. Pupuh Kinanti (3) == <poem> Wakilna eta luluhur nya eta ka ratuning jin naha teu dikadalian ratu jin emut ngalahir najan teu dikadalian moal burung nyaho margi Apan kadali mah matuh karama t lian kadali najan nepi ka akherat batan pegat kalah ngunci nya kitu deui sumangga nya-eta sara kadli Seug dikadalian putus kadali kalangkung leutik mani ngan sagede kawat pangandika ra tuning jin bapa jangji kana kuda lamun kuda enggeus leungit Tantu kadalina kantun lamun teu make kadali ieu kuda milu betah ka Raden di tanah J awa nuhun saur Sunan Rahmat putus pangasih ratu jin Kangjeng Nabi seug ngadawuh gentrana arum jeung manis maneh sing tetep di Jawa eta engkena ku kami mo diantep salawasna najan seuweu putu kami Jaganing pageto cunduk tangtuna aya di Jawi sok maneh bisi teu genah ka kuping ku wakil gusti teu kira-kira sukana sukana teu aya tanding Bungangang manah kalangkung seug naros deui ka gusti jisim abdi gaduh anak dipasantrenkeun ku abdi ayeuna di nagri Mekah Syeh Abdulpatah panglandi Ngaosna Syeh Baya Nuhun mugi aya wangsit gusti eta sing mulang ka Jawa" Pangandika kanjeng Nabi: "montong melang kumaonam tangtu dijurung ka Jawi Najan putra Baya Nuhun diahirna mugi-mugi siang aya niat ka Jawa Los Raden dijurung indit wakil luluhur geus mando jiad Gusti abdi amit Colodok munjung ka Rasul geus munjung ti Kangjeng Nabi tuluy ka para sahabat Abubakar, Umar, Ali ka Usman ka ratu Ajrak persahabat pada ngasih Bagenda Ali keur kantun nangis barina ngalahir mugi anak incu bapa clipareng jarah ka Jawi los Raden disambung dunga sing lulus aya di Jawi Wakil luluhur geus putus kenging jiad ti jeng Nabi sarawuh para sahat lepas lamahna nu miris geus kaluar ti nagara seug dititih samparani Barang kaclak sempung mabur sakilat lampahing angin tumurun di pulo Selan petina gojlog sakali kuda masih keneh aya pucuk gunungjati masih Ti Sumatra deui mabur sakilat lampahing angin tumurun di Hujungkulon petina gojlog sakali kuda masih keneh aya pucuk gunungjati masih Ti Hujungkulon seug mabur sakilat lampahing angin jol tumurun di Jaketra petina gujlog sakali kuda masih keneh aya pucuk gunungjadi masih Ti Jaketra deui mabur sakilat lampahing angin jut di Bageda 5elam petina gojlog sakali kuda masih keneh aya pucuk gunung jati masih Ti Bageda Selam mabur sakilat lampahing angin turun ti gunung amparan petina gojlog sakali pucuk Gunung jati ragrag nepi tempating perwali Jaganing page to tangtu bakal aya parawali nya-eta di nagri Cempa akhir nelah Gunung Jati amung kuda masih aya ti amparan deui nyirig Langkung seput kuda mabur sakilat lampahing angin seug turun eta di Karang petina gojlog sakali kuda masih keneh aya di Karang teh henteu lami Tidinya seug deui mabur sakilat lampahing angin tumurun di Guwah Rahmat petina gojlog sakali kuda masih keneh aya di Guwah Rahmat teu lami Ti Guwah deui seug mabur sakilat lampahing angin kuda teh beuki kacida hohowang pun sambarani petina gojlog jeung tumurun di Gunung Suci Sawetaneun Dayeuh-manggung peti gojlog kuda leungit sambarani ilang musna anu kantun ngan kadali sarawuh jeung parabotna petina engab sakali Sumerep kangjeng luluhur seug dibuka eta peti eusina teh tanah mekah sareng hiji buli-buli eusina eta er jamjam jeung beh surat dina peti Ungelna surat ka malum kieu unina teh tulis ieu taneuh nu dibawa bisi hidep teu tingali tapel kubur hidep tea didieu di Gunung Suci Ieu er jamjam disebut nu dijero buli-buli pcrta.ndana I-Iidu tea tina tumurun ka ka Nabi sumerah agama Islam tegesna murid mukamil Palinggih hidep disebut Godog asal gojlog peti ari harti gojlog tea lalampahan anu linggih tina geus asrah nya manah ngimankeun papakon nabi Geus kasebut wali luhur sababna wawakil nabi sakitu ungelna surat geus tutur didinya linggih mangsa harita matapan ngancik pirang-pirang sasi Sumangga geus kenging tahun kakara yen kenging warti pada sum ping menembahan ti Lebak Jaya nu ngungsi pada dongkap sadayana sembah kuwu Kandang Sakti Sembah Dora nu katilu pada ngedeuheusan sami wakil luluhur ningalan disembah diasih-asih he sakabeh panembahan kang putu geus dumuk linggih Urang bakal seueur tamu geus kitu tidinya deui kabeh para panembahan seug marunjung pada tadim ngaberes hunnat ngajajar caralik sami ngabaris. </poem> dup8jji5oj9yy0j2s0cpseyxt6w7jie