Wikipabukon suwikisource https://su.wikisource.org/wiki/Tepas MediaWiki 1.47.0-wmf.4 first-letter Média Husus Obrolan Pamaké Obrolan pamaké Wikipabukon Obrolan Wikipabukon Gambar Obrolan gambar MédiaWiki Obrolan MédiaWiki Citakan Obrolan citakan Pitulung Obrolan pitulung Kategori Obrolan kategori Pangarang Obrolan Pangarang Kaca Obrolan kaca Indéks Obrolan indéks TimedText TimedText talk Modul Pembicaraan Modul Acara Pembicaraan Acara Kaca:Bentang Atjeh.pdf/36 250 12870 47742 2026-05-30T06:15:35Z Rachmat04 64 /* Proofread */ 47742 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||34}}</noinclude>istri. Kapan anoe pangheulana ngatik pidjělěmaeun teh iboe, noevmawi iboe noe kědah tatas kaoeningana tina sagala pěrkawis pikeun kasalamětan djělěma. Abdi teu kintěn tjotjogna ka noe karagoengan manah, jen indoeng noe kědah mělak sagala roepi bibitna sipat kasampoernaanana manoesa di baroedak. Nanging lah, nja eta atoeh di Atjeh mah sěsah, tjeuk.” „Sěsah koemaha aji?” „Soemoehoen, tadi oge parantos disanggěmkeun oerang dieu těbih tinggaleunana koe noe sanes, koeno keneh pisan oerang dieu teh, teu njaah ka anak.” „Wah, aji mah pirakoe. Di oenggal bangsa oge njaah ka anak teh aja. Geuning oerang dieu anakna teu meunang leupas tina panonna. Sanes saking koe njaah kitoena teh?” „Tah eta sanggěm abdi „teu njaah ka anak.” Njaah kitoe pěta sanes njaah, nanging ngaroeksak anak, ngahalangan kana kamadjěngan. Njaah doelang seueur matakna, seueur awonna manan saena. Ieu noe ditjarioskeun teh parantos karandapan koe abdi pribados. Waktos abdi bade mios noeloejkeun sakola, poen bapa sarěng poen biang rame parěboet. Kahajang ama abdi kědah těras sakola, poen biang keukeuh oelah, pageuh měgatan. Ama maksa ngadjoeroeng abdi mios, iboe teu iasa madjar koemaha. Saparantos abdi mios iboe ngoejoeng, djadi aloem. Waktos pakantji rada lami abdi wangsoel, dongkap ka rorompok njampak iboe parantos salin roepi, djadi langsip sarěng měsoem. Barang djol abdi dongkap, ngarontok bari ngagěro nangis, abdi dirangkoelan digoegoeloeng, kawas ka noe dinjanaan moal dongkap deui. Salami abdi teu aja, tjariosna teu aja noe dipitjangtjam lian ti abdi, doegi ka goendam-goendam abdi noe disambat, dipisaoer. Bade seep pakantji abdi wangsoel deui ka sakola. Tjariosna poen biang těras ngalanglajoeng kaedanan koe abdi, pedah patěbih. Heuleut opat sasih nampi sěrat kawat, iboe doegi ka hanteuna. Ti sakola abdi pěrmios wangsoel ka lěmboer, kenging sasasih. Ti barang dongkap doegi ka mios deui, salami aja di rorompok teu aja towongna ngoeping noe měntog, wah roepi atoeh, anoe njeukseukan, noe ngananaha, noe moepoeas bae aja; pokna warna<sup>2</sup>, anoe poksang tjěplak pahang matak peurih kana ati, madjar teu njaah<noinclude></noinclude> 58l3pb6g72xcairzyyemxrvtpegshl4 Kaca:Bentang Atjeh.pdf/37 250 12871 47743 2026-05-30T06:18:45Z Rachmat04 64 /* Proofread */ 47743 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||35}}</noinclude>ka indoeng, tega ka indoeng sarěng djabi ti eta; anoe teu patos wantoen roepina, koe sindir sampir. Oepami ama kirang mah nahan kasabaran, doeka teuing, abdi oge manawi djadi djělěma kamandjon, Aja koedoea ngalilipoer, ngalělěmoe ka noe kapapatenan, ieu mah ngan sirikna teu noendjoek moepoeas. Baraja ti iboe loeloegoena noe kararitoe teh. Anoe moekproek koe piwoeroek teu aja kadjabi ti ama, ngagědean hate abdi. Sabot aja di lěmboer siangwěngi ělah-ělih teh emoet ka iboe anoe sakitoe tjoemantelna ka abdi, kawoewoeh ngěněs asa diraheutan hate koe baraja. Lah, atjeuk, oepami ras emoet ka dinja, mani beh bae poen biang, poen bapa dina beungeut. Tah, atjeuk, ěngkang, abdi banting toelang ngabelaan bangsa sorangan teh, etang<sup>2</sup> sasieur sabeunjeur moelang tamba ka iboe ka ama, anoe wělas, anoe heman ka diri abdi, moal aja babandinganana. Ajeuna karasa, kaharti saparantos teu araja di kieuna.” Djoeragan Rachmat dina noengtoengkeun sasaoeran tjisotjana tjarindakdak, manahna kagagas. Djěp lami meueusan pada ngalangeu ngadjiwa měněng. Noe pangheulana sasaoeran deui istrina djoeragan Soelaeman, kieu saoerna: „Aji, sagala kaajaan noe awon, anoe měgatan kana kamadjengan, koe oerang kenging dikeureujeuh ditoengtoet saeutik-saeutik koe atikan sarěng pangadjaran, asal oerang oelah bosěnan. Koemaha pidjalaneunana anoe parantos diilěng-ilěng koe aji, sangkan panědja oerang tiasa enggal laksana?” „Doeka Atjeuk, lěběng abdi mah poěkeun. Nanging pikeun sadirieun abdi mah, taja sawios oesaha oerang ajeuna teu kaalaman boeahna, asal ěngke di ahir bangsa oerang bisa moelja.” „Tadi saoer aji, istri sarěng paměgět kědah paheujeuk-heujeuk leungeun, nja eta istri sarěngi paměgět kědah saoejoenan, sami pada ihtiar. Sapěrtos aji ajeuna njělěngtjěng njalira, tjek emoetan atjeuk mah sěsah pilaksanaeunana anoe dipikarěp teh.” „Euh soemoehoen, gadoeh abdi oge lalamoenan tea mah, nanging teu atjan wantoen ngědalkeun. Ajeuna abdi malik naros, koemaha emoetan atjeuk sarěng ěngkang. Abdi paparin bongbolongan.” „Tah nja eta noe mawi diadjak barěmpag oge,” saoer djoeragan Soelaeman, rěgot ngaleueut. Arek ngong sasaoeran deui kapěgat koe istrina. „Kieu aji, sagala pagawean koedoe make akal dilampahkeunana.<noinclude></noinclude> emd3gv62i3du1ygwf4g99mmrdhy6z08 Kaca:Bentang Atjeh.pdf/38 250 12872 47744 2026-05-30T06:22:56Z Rachmat04 64 /* Proofread */ 47744 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||36}}</noinclude>Ari akal tea pěpěk, sapěrtos oerang njiar artos pangěmatna artos deui, ngala titiran dipikatna koe titiran deui, ngala laoek noe ngoeseup sok make eupan, sanes?” „Aeh<sup>2</sup>, ari atjeuk bade angkat ka mana?” saoer djoeragan Rachmat bari imoet. Bade ngadjoegdjoeg anoe dimaksoed,” walonna. „Lah edas, atjeuk mah sasaoeran teh djarěro nakěr, matak teu kahartos.” „Sasaoeran henteu sae něgěl kěras, noe sae malapah-gědang. Geura dangoekeun.” „Mangga, roemaos bělět abdi mah, kirang loeang ongkoh.” „Aji parantos pangintěn ngadangoe atanapi maos riwajatna Kangdjěng Nabi s. a. w. Andjeunna ngaliarkeunana agama Islam ka para istri koe geureuhana sarěng para sahabatna.” „Lěrěs, paněda abdi oge, moegi2 para istri anoe barinangkit anoe aja komarana, kěrsa ngarodjong ieu pamaksadan oerang.” „Kantěnan ari ngarep-ngarěp mah teu aja lěpatna, ngan aja sěsahna satoengtoeng oerang goemantoeng kana sahajoena batoer, moal tjara boga batoer anoe sagoeloeng-sagalang, anoe sakarěp sarěng saoedagan.” „Soemoehoen kitoe saena mah.” „Djadi oerang teh parantos sapagodos, sanes?” „Soemoehoen.” „Noehoen ari kitoe mah. Nanging sěsah kadjadianana kenging batoer anoe soson ngabantoe kana sapamaksoedan oerang, oepami teu katalian. Kadoeana ari aji lalagasan bae mah, djělěma moal wěleh neundeun tjoeriga.” „Soemoehoen kědah koemaha atoeh?” „Na teu kahartos aji, maksad atjeukna?” saoer djoeragan Soelaeman. „Noe mawi poëkeun.” „Ari kirang terang mah, mangga koe atjeuk bade diterangkeun. Singgětna maksad atjeuk sarěng engkangna, soepados kang rai enggal kagoengan geureuha.” Djoeragan Rachmat goemoedjěng: Abdi teh kědah enggal kawin?” „Soemoehoen,” walonna noe doeaan. „Soemoehoen, pěrkawis kawin atanapi gadoeh bodjo teh {{hws|kawa|kawadjiban}}<noinclude></noinclude> ph2be04yu8fqf3scryb03x7m881bc7v 47746 47744 2026-05-30T06:26:51Z Rachmat04 64 47746 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||36}}</noinclude>Ari akal tea pěpěk, sapěrtos oerang njiar artos pangěmatna artos deui, ngala titiran dipikatna koe titiran deui, ngala laoek noe ngoeseup sok make eupan, sanes?” „Aeh<sup>2</sup>, ari atjeuk bade angkat ka mana?” saoer djoeragan Rachmat bari imoet. Bade ngadjoegdjoeg anoe dimaksoed,” walonna. „Lah edas, atjeuk mah sasaoeran teh djarěro nakěr, matak teu kahartos.” „Sasaoeran henteu sae něgěl kěras, noe sae malapah-gědang. Geura dangoekeun.” „Mangga, roemaos bělět abdi mah, kirang loeang ongkoh.” „Aji parantos pangintěn ngadangoe atanapi maos riwajatna Kangdjěng Nabi s. a. w. Andjeunna ngaliarkeunana agama Islam ka para istri koe geureuhana sarěng para sahabatna.” „Lěrěs, paněda abdi oge, moegi<sup>2</sup> para istri anoe barinangkit anoe aja komarana, kěrsa ngarodjong ieu pamaksadan oerang.” „Kantěnan ari ngarep-ngarěp mah teu aja lěpatna, ngan aja sěsahna satoengtoeng oerang goemantoeng kana sahajoena batoer, moal tjara boga batoer anoe sagoeloeng-sagalang, anoe sakarěp sarěng saoedagan.” „Soemoehoen kitoe saena mah.” „Djadi oerang teh parantos sapagodos, sanes?” „Soemoehoen.” „Noehoen ari kitoe mah. Nanging sěsah kadjadianana kenging batoer anoe soson ngabantoe kana sapamaksoedan oerang, oepami teu katalian. Kadoeana ari aji lalagasan bae mah, djělěma moal wěleh neundeun tjoeriga.” „Soemoehoen kědah koemaha atoeh?” „Na teu kahartos aji, maksad atjeukna?” saoer djoeragan Soelaeman. „Noe mawi poëkeun.” „Ari kirang terang mah, mangga koe atjeuk bade diterangkeun. Singgětna maksad atjeuk sarěng engkangna, soepados kang rai enggal kagoengan geureuha.” Djoeragan Rachmat goemoedjěng: Abdi teh kědah enggal kawin?” „Soemoehoen,” walonna noe doeaan. „Soemoehoen, pěrkawis kawin atanapi gadoeh bodjo teh {{hws|kawa|kawadjiban}}<noinclude></noinclude> d4sprpk06z0sd1s656762egopxjayfv Kaca:Bentang Atjeh.pdf/39 250 12873 47745 2026-05-30T06:26:22Z Rachmat04 64 /* Proofread */ 47745 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||37}}</noinclude>{{hwe|djiban|kawadjiban}} lalaki, teu disěbat wadjib oge atoeh galibna, nanging iraha-irahana koe oerang teu kenging dipaksa. Koe margi eta moegi hěnteu běndoe, sadangět ieu teu atjan gadoeh emoetan kana gadoeh bodjo. Djadi moal tiasa ngiringan kana kěrsa atjeuk sarěng ĕngkang.” „Teu oemoem aji, kědah enggal nikah.” „Atjeuk, moegi oelah běndoe, tina pěrkawis rarabi abdi parantos gilig pikir moal noeroet koe diadoe-adoe, soemawontěn dipaksa mah. Kawin teh kědah soeka pada soeka, oelah koe paksa-piroesa. Adat sěpoeh papaksa nikahkeun poetra koe oerang wadjib dipěrangan. Adat awon kědah digěmpoer doegi ka toempoer ka akar-akarna. „Oelah lěpat paham aji, atjeuk sareng engkangna teu pisan² bade maksa, tadi oge kapan parantos disěbatkeun něrangkeun maksad, nja aji diadjak barěmpag, hajang ngoeping koemaha mamanahan aji.” „Noehoen ari kitoe mah. Abdi teh moal waka gadoeh bodjo, samemeh mendak anoe tjotjog sareng lělěmboetan. Noe mawi moal roesoeh gadoch bodjo, koe atjeuk oge tangtos kamanah, margi ĕngke saparantos abdi bodjoan teu moestahil lalamoenan noe ajeuna teh leungit samasakali atanapi woewoeh tarik. Djadi pilampaheun abdi goemantoeng ka pibodjoëun tea. Oepami kalěrěsan kenging noe sahate, bagdja tiasa loeloes, saoejoenan ngalampahkeun anoe dipiangen-angěn koe oerang. Kasieun teh kenging noe sabalikna eta, pangintěn abdi tikělěběk deui.” „Tah, nja eta pangna atjeuk doeaan sarěng engkangna ngiring ngadoedoe'a, ngiring ihtiar, hajang ngadjoengdjoeng maksad aji.” „Bade doegi ka mana atjeuk ngabantoe teh?” „Doegi ka sampoernana noe disědja, lantaran atjeuk gadoeh titingalan. Tjek rarasaan atjeuk mah sageuj teu kamanah teh koe aji.” „Saha tea, tjeuk?” saoer djoeragan Rachmat bari njerengeh. „Boedak atjeuk, djaba ti wawarahan atjeuk, teh bekas sakola deui, moal matak era ngasongkeun ka hareup.” „Saha, tjeuk? Di mana? Aja di dieu?” „Oerang dieu, sok ka dieu, ka aji parantos těrangeun.” „Saha, tara ningal boedak awewe ka dieu. Teu atjan ningal aja semah parawan ka dieu.” {{nop}}<noinclude></noinclude> 3p3fzm94bupzj45uh4sy5o8tepx9wd6 Kaca:Bentang Atjeh.pdf/40 250 12874 47747 2026-05-30T08:12:24Z Rachmat04 64 /* Proofread */ 47747 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Rachmat04" />{{rh||38}}</noinclude>„Toeh, nampik ari něpi ka emprona mah.” „Ha-ha-hah,” djoeragan Soelaeman goemoedjěng. ..Mana oge ka istri mah kědah atos aji. Koemaha eta atjeukna ngadalak?” „Ah, teu poegoeh atjeuk mah ngalilieur. Wargi atjeuk atanapi wargi ěngkang eta teh?” „Disěbat baraja kenging, disěbat sanes baraja kenging.” „His, djamakna adat awewe etah, aji,” saoer djoeragan Soelaeman. „Sebatkeun bae ngaranna?” saoer istrina djoeragan Soelaeman. „Bade disčbatkeun mangga, bade moal mangga.” „Lěrěs aji, teu njana iasa meupeuh,” saoer djoeragan Soelaeman. „Atoeh atjeuk bade ngeledan. Koemaha aji, aja tjop manah ka Sébatkeun bae, kang, ngaranna?” saoerna bari ngareret ka tjaroge. „Enja, pok wae kainjah.” „Siti Saniah, aji ngaranna mah.” Siak raraj djoeragan Rachmat, toeloej olohok sakědapan, angěnna dagdigdoeg, pok ngawalon sěmoe noe hese:„Siti ............... Saniah ................?” Anoe pada imoet, ngartos kana pětana noe anom barobah sakědep netra koe ngadangoe djěněngan anoe lěndjang didjeplakkeun. „Jaktos eta, aji.” „Aja halangan roepina ka dinja mah.” „Naon halanganana?” „Sajaktosna — soemoehoen bade waktja wae, da parantos kaoeninga ieuh — abdi teh ti barang těpang dina kareta api, waktos pindah ka dieu, dongkap ka ajeuna hate ngait ka manehna. Nanging teu aja pangintěn kasorang, margi ngoeping tjarios ti babatoeran, wah matak hoream ............” „Koemaha tjariosna noe kadangoe ti rerentjangan?” „Sěpoehna angkoeh, loehoer, sanes karajapaneun abdi. Parantos seueur noe dongkap, sadajana ditampik sapadjodogan, kětjapna, pětana teu aja pisan ngaragapna angěn batoer.” „Na koemaha loehoerna teh?” „Oepami aja noe dongkap sědja ngalamar, oeninga pokna? Moal dikawinkeun ka djělěma sambarangan Saniah mah, hajang ka noe<noinclude></noinclude> p7hdi4700qwwa8p4lf1fqtj28m6wx3q