Wikipabukon suwikisource https://su.wikisource.org/wiki/Tepas MediaWiki 1.47.0-wmf.4 first-letter Média Husus Obrolan Pamaké Obrolan pamaké Wikipabukon Obrolan Wikipabukon Gambar Obrolan gambar MédiaWiki Obrolan MédiaWiki Citakan Obrolan citakan Pitulung Obrolan pitulung Kategori Obrolan kategori Pangarang Obrolan Pangarang Kaca Obrolan kaca Indéks Obrolan indéks TimedText TimedText talk Modul Pembicaraan Modul Acara Pembicaraan Acara Kaca:Bentang Atjeh.pdf/55 250 12854 47748 47710 2026-05-30T11:59:03Z Hasanplusb 1106 /* Kariksa */ 47748 proofread-page text/x-wiki <noinclude><pagequality level="3" user="Hasanplusb" /></noinclude>53 „Oooh soemoehoen, nanging moegi oelah didamël teu raos manah." ,,Ih, teu pisan , malah disoehoen dina ëmboen-ëmboenan omong ëma teh, koe tina bënër-bënërna katarima pisan." ,,Noehoen ari katoeang mah." Ma Limah hatoeranana sëmoe boengah. Koe menak geus kasoerti, ma Limah geus kadjirët, moal bisa ngëdjat deui, tangtoe bakal noeroet kana sagala parentahna. „Eukeur mah eukeur ti bareto oge geus aja niat, hajang boga pamadjikan, tapi tatjan manggih noe tjotjog djeung hate. Barang ngadenge omong ëma tea, bët asa kasoeat, toeloej koering di dieu di Kotaradja pasang mata, pasang tjeuli. Meunang' bedja di Meureudoeati aja poetri ti Mantili. Dewi Sinta teh moal teu kitoe ëma, barang koe koering dilingling dideuleu maling, hoejoengkoeng bae ëma koeringi gëring. Ëma tah noe boga dosa teh." „Iiih naha bët noeding ka nini asa teu mais teu meuleum." „Tah, rek nampik, ari noe mapanas, ngangsonan koering koedoe boga toenangan, lain ëma?" „Ari parantos kieu koemaha?" „Koedoe beunang bae itoe koe ëma. Moal tjageur koering teh, lamoen hënteu ditambaan koe eta mah." „Ëngke heulaan, Aom, oelah sok leumpeuh joeni. Saha tea, ëma mah poëkeun." „Alah make mamandaloeanan, api , padahal ngakoe njaho ka soeklakna ka sikloekna di sadjëro Kotaradja. Disëboet gënteng kadek, lëgok tapak ge moal, teu soerti kitoe atjan mah. Moal ënja ëma teh aja kasëboetna pangengkenan nëpoengkeun rëpok, lamoen tatjan aja tapakna, euweuh këtakna." „Da kitoe ari noe anom mah, ana aja kapalaj teh, koedoe pok beh, hajang kop." „Laaah ëma, teu beunang eta mah, koeringi ka laoet ngoentjloengkeun maneh, kadjeun djadi tjadoek laoek." „Sanes, Aom teh palaj ka saha tea?" „Alah, tatanja keneh bae, pirakoe teu katëgoeh." „Hih, Aom, teu batan naros, da ëma mah sanes sangkalabolong." „Naha di Meureudoeati teh aja malati doea? Naha di Kotaradja teh doea bentangna?" „Adoeh-adoeh, ari menak koe tëlik, iasa milih."<noinclude></noinclude> fmh3kvt38w7eftoq0jvwyub25fu3eb5