Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Propinsi dina periode Kamakura nepi ka taun
1868
Samemeh sistim perfektur modern aya, Jepang dibagi kana sapuluh kuni (国, nagara), nu ilahar dina Basa Inggris propinsi. Unggal propinsi dibagi kana gun (郡, wilayah; samemehna disebut kōri).
Propinsi dipake keur satuan administrasi jeung wewengkon geografi. Dina ahir Periode Muromachi, fungsi efektif jeung laun-laun digantikeun ku kakawasansengoku-daimyo. Dumasar kana aturan Toyotomi Hideyoshi, propinsi sacara administrasi digantikeun ku daimyos fief. Dina periode Edo, fief jadi han. Propinsi nyesakeun entitas geografi jeung urang Jepang nyebut tempat ku ngaran propinsi ditambahan ku ngaran han.
Dina restorasi Meiji, han diaku sacara hukum salaku satuan adminitrasi tapi gancang digantikeun ku perfektur (perfektur urban disebut fu jeung perfektur rural disebut ken). Propinsi salaku bagean tina sistim alamat teu dileungitkeun tapi, malah nambahan. Dina taun 1871, jumlah perfektur aya 304, sedengkeun jumlah propinsi aya 68, teu kaasup Propinsi Hokkaido jeung Ryukyu. Wates antara perfektur loba nu teu lengkeup, malah kadangkala teu sarua jeung water propinsi. Perfektur laun-laun dihijikeun jeung jumlahna ngurangan jadi 37 dina taun 1881; saterusna dibagi deui jadi 45 taun 1885. Ku nambahkeun Hokkaido jeung Okinawa ngahasilkeun jumlah sakabeh prefektur ayeuna aya 47.
Nepi ka kiwari, taya parentah resmi nu ngaleungitkeun propinsi. Propinsi dianggap henteu leungit sakabenhna, sababaraha hal masih dipake keur ngaran tempat, ngaran parusahaan jeung merk. Dina awal taun 2000-an, gubernur Perfektur Nagano ngusulkeun ngaran perfekturna jadi "Shinshu" (ngaran nu asalna ti Propinsi Shinano).
Propinsi diasupkeun kana kinai (kaasup ibukotana), sarta tujuh atawa dalapan do (rute atawa sirkuit). Catetan, sanajan do dina konteks ieu teu matak bingung jeung jalan lalulintas modern saperti Tokaido ti Tokyo ka Kyoto atawa Kobe. Hokkaido dina konteks ieu teu matak bingung jeung Perfektur Hokkaido, sanajan tumpang tindih sacara geografi.
[édit] Daptar propinsi
[édit] Awal abad ka dalapan
- Tempo oge: Gokishichido
- Kinai 畿内 (Daerah deukeut-kaasup ibukota)
- Yamato 大和国 (tempatna kaisar) (ditulis 倭国 nepi ka jaman Tennō Genmei, nu netepkeun ibu kota Jepang mimiti di Nara, aya di jero ieu propinsi din taun 710 CE)
- Kawachi 河内国
- Settsu 摂津国
- Yamashiro 山城国 (samemehna ditulis oge 山背国 atawa 山代国; propinsi ieu ayana di Kyoto)
- Tosando 東山道 (Jalur-gunung-wetan)
- Omi 近江国 (sacara litelatur "(Deukeut) Laut Caitawar," tempo Dano Biwako)
- Mino 美濃国
- Hida 飛騨国
- Shinano 信濃国
- Kozuke 上野国 (sacara litelatur "Keno Luhur," bagean ti Propinsi Keno)
- Musashi 武蔵国
- Shimotsuke 下野国 (sacara litelatur "Keno Handap," bagean ti Propinsi Keno)
- Mutsu 陸奥国 (disebut oge Michinoku 陸奥(みちのく), sacara literatur "Taneuh nu teu jelas")
- Dewa 出羽国
- Tokaido 東海道 (Jalur-Laut-Wetan)
- Iga 伊賀国
- Ise 伊勢国
- Shima 志摩国
- Owari 尾張国
- Mikawa 三河国
- Totomi 遠江国 (sacara litelatur "Jauh ti Laut Caitawar," tempo Dano Hamanako)
- Suruga 駿河国
- Izu 伊豆国
- Kai 甲斐国
- Sagami 相模国
- Kazusa 上総国 (sacara litelatur "Fusa Luhur," baheula bagean ti Propinsi Fusa)
- Shimo-Usa 下総国 (sacara litelatur "Fusa Handap," baheula bagean ti Propinsi Fusa)
- Hitachi 常陸国 (sacara litelatur "Panonpoe bijil," contona /hi-tachi/, maksudna tuntung wetan, tapi karakter Cina nu dipake hartina sabenerna "Salawasna-darat," contona /hita-chi/)
- Hokurikudo 北陸道 (North-Land-Route)
- Wakasa 若狭国
- Echizen 越前国 (baheula bagean ti Propinsi Koshi)
- Etchu 越中国 (baheula bagean ti Propinsi Koshi)
- Echigo 越後国 (baheula bagean ti Propinsi Koshi)
- Sado 佐渡国 (pulo panggedena di Laut Jepang, ayana kulon-kaler kota Niigata)
|
- San'indo 山陰道 (Jalur-Gunung-Tukang)
- Tamba 丹波国
- Tajima 但馬国
- Inaba 因幡国
- Hoki 伯耆国
- Izumo 出雲国
- Iwami 石見国
- Oki 隠岐国 (kumpulan sababaraha pulo di Laut Jepang kalereun Perfektur Shimane)
- San'yodo 山陽道 (Jalur Gunung Hareup)
- Harima 播磨国
- Bizen 備前国 (baheula bagean ti Propinsi Kibi)
- Bitchu 備中国 (baheula bagean ti Propinsi Kibi)
- Bingo 備後国 (baheula bagean ti Propinsi Kibi)
- Aki 安芸国
- Suo 周防国
- Nagato 長門国
- Nankaido 南海道 (Jalur-Laut-Kidul)
- Kii 紀伊国 (disebut oge Ki)
- Awaji 淡路国 (sacara literatur Jalan ka Propinsi Awa; pulo panggedena di Laut Inland Seto, ayana antara Semenanjung Kii Peninsula Honshu di wetan jeung pulo Shikoku di kulon)
- Awa 阿波国
- Sanuki 讃岐国
- Iyo 伊予国
- Tosa 土佐国
- Saikaido 西海道 (Jalur Laut Kulon)
- Chikuzen 筑前国(baheula bagean ti Propinsi Chikushi)
- Chikugo 筑後国(baheula bagean ti Propinsi Chikushi)
- Buzen 豊前国 (baheula bagean ti Propinsi Toyo)
- Bungo 豊後国 (baheula bagean ti Propinsi Toyo)
- Hizen 肥前国 (baheula bagean ti Propinsi Hi)
- Higo 肥後国 (baheula bagean ti Propinsi Hi)
- Hyuga 日向国
- Tane 多褹国 (pulo leutik kiduleun Kyushu)
- Satsuma 薩摩国
- Iki 壱岐国 (pulo di wewengkon Genkai-Nada di Laut Jepang kalereun Kyushu)
- Tsushima 対馬国 (pasangan pulo antara Jepang jeung Korea, kapisahkeun ku Selat Korea ti Selata Tsushima)
|
[édit] Awal abad kasalapan nepi ka restorasi Meiji
- Kinai (Daerah deukeut-kaasup ibukota)
- Yamashiro (tempatna kaisar)
- Yamato
- Kawachi
- Izumi (saprak taun 757, dipisahkeun ti Kawachi)
- Settsu
- Tosando (Jalur-gunung-wetan)
- Omi
- Mino
- Hida
- Shinano
- (Musashi mindahkeun ka Tokaido)
- Kozuke
- Shimotsuke
- Mutsu
- Dewa (saprak taun 713, dipisahkeun ti Echigo jeung Mutsu)
- Tokaido (Jalur-laut-wetan)
- Iga
- Shima
- Ise
- Owari
- Mikawa
- Totomi
- Suruga
- Izu
- Kai
- Sagami
- Musashi (saprak taun 771, dipindakeun ti Tosando)
- Awa (saprak taun 781, dipisahkeun ti Kazusa)
- Kazusa
- Shimo-Usa
- Hitachi
- Hokurikudo (Jalur-darat-kaler)
- Wakasa
- Echizen
- Kaga (saprak taun 757, dipisahkeun ti Echizen)
- Noto (saprak taun 823, dipisahkeun ti Etchu)
- Etchu
- Echigo
- Sado
|
- San'indo (Jalur-gunung-tukang)
- Tamba
- Tango (saprak taun 713, dipisahkeun ti Tamba)
- Tajima
- Inaba
- Hoki
- Izumo
- Iwami
- Oki
- San'yodo (Jalur-gunung-hareup)
- Harima
- Mimasaka
- Bizen
- Bitchu
- Bingo
- Aki
- Suo
- Nagato
- Nankaido (Jalur-laut-kidul)
- Kii
- Awaji
- Awa
- Sanuki
- Iyo
- Tosa
- Saikaido (Jalur-laut-kulon)
- Chikuzen
- Chikugo
- Buzen
- Bungo
- Hizen
- Higo
- Hyuga
- Osumi (saprak taun , dipisahkeun ti Hyuga)
- (Tane dihijikeun ka Hyuga)
- Satsuma
- Iki
- Tsushima
|
[édit] Sanggeus restorasi Meiji (1868)
- Kinai (Daerah deukeut-kaasup ibukota)
- Yamashiro
- Yamato
- Kawachi
- Izumi
- Settsu
- Tosando (Jalur-gunung-wetan)
- Omi
- Mino
- Hida
- Shinano
- Kozuke
- Shimotsuke
- (Mutsu dibagi lima)
- Mutsu
- Rikuchu (dipisahkeun ti Mutsu)
- Rikuzen (dipisahkeun ti Mutsu)
- Iwaki (dipisahkeun ti Mutsu)
- Iwashiro (dipisahkeun ti Mutsu)
- (Dewa dibagi dua
- Uzen (dipisahkeun ti Dewa)
- Ugo (dipisahkeun ti Dewa)
- Tokaido (Jalur-laut-wetan)
- Iga
- Shima
- Ise
- Owari
- Mikawa
- Totomi
- Suruga
- Izu
- Kai
- Sagami
- Musashi
- Awa
- Kazusa
- Shimosa
- Hitachi
- Hokurikudo (Jalur-darat-kaler)
- Wakasa
- Echizen
- Kaga
- Noto
- Etchu
- Echigo
- Sado
|
- San'indo (Jalur-gunung-tukang)
- Tamba
- Tango
- Tajima
- Inaba
- Hoki
- Izumo
- Iwami
- Oki
- San'yodo (Jalur-gunung-hareup)
- Harima
- Mimasaka
- Bizen
- Bitchu
- Bingo
- Aki
- Suo
- Nagato
- Nankaido (Jalur-laut-kidul)
- Kii
- Awaji
- Awa
- Sanuki
- Iyo
- Tosa
- Saikaido (Jalur-laut-kulon)
- Chikuzen
- Chikugo
- Buzen
- Bungo
- Hizen
- Higo
- Hyuga
- Osumi
- Satsuma
- Iki
- Tsushima
- Ryukyu (samemehna teu diitung wewengkon)
- Hokkaido (Jalur-laut-kaler)
- Oshima (samemehna teu diitung wewengkon)
- Shiribeshi (samemehna teu diitung wewengkon)
- Iburi (samemehna teu diitung wewengkon)
- Ishikari (samemehna teu diitung wewengkon)
- Teshio (samemehna teu diitung wewengkon)
- Kitami (samemehna teu diitung wewengkon)
- Hidaka (samemehna teu diitung wewengkon)
- Tokachi (samemehna teu diitung wewengkon)
- Kushiro (samemehna teu diitung wewengkon)
- Nemuro (samemehna teu diitung wewengkon)
- Chishima (samemehna teu diitung wewengkon)
|
[édit] Sababaraha periode singket
Peta propinsi Jepang baheula
- Chichibu (sababaraha taun samemeh 645, dihijikeun dina Musashi)
- Aizu (sababaraha taun samemeh 645, merged into Mutsu)
- Ho (sababaraha taun samemeh 645, dihijikeun dina Mikawa)
- Shinaga (sababaraha taun samemeh 645, dihijikeun dina Sagami)
- Izumi Gen (kira-kira taun 716 nepi ka taun 738, dipisahkeun tina Kawachi)
- Yoshino Gen (kira-kira taun 716 nepi ka taun 738, dipisahkeun tina Yamato)
- Suwa (kira-kira taun 721 nepi ka taun 738, dipisahkeun tina Shinano)
- Iwaki (kira-kira taun 718 nepi ka taun 724, dipisahkeun tina Mutsu)
- Iwase (kira-kira taun 718 nepi ka taun 724, dipisahkeun tina Mutsu)
[édit] Kiwari
Ngaran propinsi ieu dumasar kana alesan sajarah. Bisa dipake oge keur sababaraha hal nu kawentar atawa sanggeusperiode Edo. Contona sanuki udon, iyokan, atwa awa odori.
Sababaraha ngaran propinsi dipake keur ngabedakeun bagean tina perfektur ayeuna nu mibanda karakter budaya jeung geografi husus. Ilahar dipake dina tulisan saperti Hoku-Setsu (北摂) hartina wewengkon Kaleureun (北) Settsu (摂津).
[édit] Rujukan
Wikipedia Basa Inggris
[édit] Tempo oge
- Code of Taiho
- Eight Provinces (Korea)
- Traditional counties
[édit] Rujukan
Peta jentre ngeunaan propinsi dina waktu nu beda, bisa ditempo di:
Citakan:Japan Old Province