Ayip Rosidi

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Ayip Rosidi
Gedéan
Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta salajengna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

[édit] Karya-karyana

  • Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1955)
  • Ketemu Dijalan (kumpulan sajak babarengan, basa Indonésia, 1956)
  • Ditengah Keluarga (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1956)
  • Pesta (kumpulan sajak, basa Indonésia, 1956)
  • Sebuah Rumah Buat Haritua (kumpulan carpon, basa Indonésia, 1957)
  • Ayang-ayang Gung
  • Bébér Layar
  • Hurip Waras!
  • Ucang-ucang Anggé
  • Babasan jeung Paribasa Sunda
  • Masyitoh
  • Si Pucuk Kalumpang
Basa séjén