Ayatrohaédi
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Ayatrohaédi (Jatiwangi, Majalengka, 5 Désémber 1939–Sukabumi, 18 Pébruari 2006), jadi mahasiswa Fakultas Sastra taun 1959 Jurusan Ilmu Purbakala jeung Sejarah Kuna Indonesia (ayeuna Arkéologi). Sanggeus lulus taun 1964, Ayatrohaédi damel di Lembaga Purbakala dan Peninggalan Nasional di Mojokerto. Kungsi ngajar di Fakultas Sastra Universitas Pajajaran Bandung salila lima taun, salajengna taun 1972 balik deui ka Fakultas Sastra UI. Taun 1978 dileler gelar doktor ti UI kalawan disertasi nu judulna Bahasa Sunda di Daerah Cirebon: Sebuah Kajian Lokabasa. Numutkeun promotorna, Prof. Dr. Amran Halim, disertasi ieu ngarupakeun disertasi munggaran ngeunaan dialéktologi di Asia Tenggara.
Ayatrohaédi pernah ngajabat salaku Ketua Jurusan Arkéologi (1983-1987), Pembantu Dékan Bidang Akademik (1999-2000), Pembantu Réktor Institut Kesenian Jakarta (IKJ) salila lima tahun (1989-1994). Ayatrohaédi ogé loba aub dina kagiatan widang kabasaan, kasusastran, kasajarahan, kabudayaan, jeung kapurbakalaan.
Ayatrohaédi mimiti nulis karya sastra (sajak, prosa) dina basa Sunda taun 1955 sarta basa Indonésia taun 1956. Nepi ka ayeuna karyana nu geus medal di antarana Hujan Munggaran (1960), Kabogoh Téré (1967), jeung Pamapag (1972). Karyana dina basa Indonesia di antarana Panji Segala Raja (1974), Pabila dan di mana (1976), Senandung Ombak (tarjamahan, 1976), Kacamata Sang Singa (tarjamahan, 1977). Karya non-fiksina kayaning Bahasa Sunda di Daerah Cirebon: Sebuah Kajian Lokabasa (disertasi 1978, medal taun 1985), Dialektologi: Sebuah Pengantar (1979, 1981), Tatabahasa Sunda (tarjamah karya D. K. Ardiwinata, 1985), Tatabahasa dan Ungkapan Bahasa Sunda (tarjamah karya J. Kats jeung R. Suriadiraja, 1986).
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |